Sampurasun.

Kang Abas, kumaha pami abdi gaduh pengemut kieu:

Sadaya Jalmi teh nuju di Surga da upami dirarasa mah ku ngarenghap jeung
ngiceup  oge tos nikmatna kacida komo sareng nikmat2 nusanesna nu teu
kaetang ageungna.mung seuseueurna teu sadar kana nikmatna jadi weh hirupna
di naraka nyaeta nu teu sukuran kunikmatNa, nu jail tur dengki, nu teu welas
jeung asih, sirik ka batur..jeung sajabana-sajabana.

Kumaha pangemut kanga bas.tah?

 

Cag. Rempas,

 

Rudi

 

 

 

 

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of
Abbas Amin
Sent: 03 December 2008 07:38
To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] geus kapanggih acan?

 


Sadaya oge paizin ti Gusti Rabbul Izzati; saha nu hoyong patepang, upami
diizinan mah tangtos patepang.Syaratna kedah Ahli Surga heula.

Naon tuh ari surga teh ?

Hiji tempat sareng masa, nu teu aya rasa nyeri, hanjakal, cape, kuciwa
sareng 

tagiwur sste. Nu aya mung nerekah sareng nikmat.

 

Bal tu_siruunal hayaatad dunya; wal Akhirati khairuw wa abqaa sslj

Eta dina serat sabbihis disebatkeun : naon atuh maraneh manusa resep pisan

dunya; padahal akhirat leuwih hade jeung leuwih LILA !

Naon eta maksadna ? Engke hirup di surga teh SARUA wee jeung di dunya;

ngan leuwih alus jeung leuwih lana !

 

Naon cenah bedana !?

Problema HIRUP ! Pan urang tisusut tidungdung di ieu dunya teh pikeun

nyanghareupan problema tea ! Moal aya ari di sawarga mah.

 

Naon sababna ? kapan UJIAN mah keur di dunya tea. Da Atos.

 

Masalahna, bisa henteu urang kaasup ahlul jannah ? Ahli sawarga tea

Wallah_alam. Ngan Gusti parantos masihan JALANNA.

Nun Gusti mudah2an lalampahan abdi teh salaras sareng kapalay Anjeun.

= ihdinashshiraatal mustaqiiim



--- On Wed, 12/3/08, Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Maman <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] geus kapanggih acan?
To: [email protected]
Date: Wednesday, December 3, 2008, 2:23 AM


Aya oge dongeng anu langkung tebih,  nyaeta  kumaha carana urang tiasa
terang atanapi
pendak sareng Nabi Adam, upami jaga di Yaumil Akhir urang-2 dibangkitkeun
deui di padang Mashar ?

Aya nu nyarioskeun kieu :  "Pilari we,  sing saha-saha jalmi anu teu gaduh
bujal,  tah eta Nabi Adam.

--- On Wed, 12/3/08, Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com>
wrote:

From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com>
Subject: Re: [kisunda] geus kapanggih acan?
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Wednesday, December 3, 2008, 7:47 AM

 

padahal, harewosna sireum2 sabari sasalaman teh:
" tong bebeja ka kg Enoh nya?,.... nu uin mah teu diteukteuk"
ti sapada harita...... .. sireum, anakna beuki roay........ ..

  _____  

From: Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED] fr>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com; kisunda <[EMAIL PROTECTED] .com>
Sent: Wednesday, December 3, 2008 6:10:02 AM
Subject: [kisunda] geus kapanggih acan?

Sigana mah ieu dongeng teh dimimitian dina mangsa jaman Nabi Enoh.
Kacaturkeun alam dunya ngalaman banjir anu kacida badagna. Kukituna kabeh
mahluk hirup kaabus sasatoan, diangkut-ditaekeun kana kapal (bahtera).
Kusabab banjir teu bisa diteguh piirahaeun bakal ngurangan, aya kahariwang
lamun dina kapal teh para panumpang baroga anak. Tangtuna kapal bakal
katambahan penumpang, anu antukna bisa tilelep. Kukituna dijieun hiji
kaputusan yen pikeun kasalametan, sakabeh "alat kelamin" kudu diteukteuk
terus dikumpulkeun. Dina mangsana saat, kaum lalaki mah kaabus saatoanana
anu pangheulana diteangan teh "gagaduhanana" tea. Kusabab leutik, bobogaan
sireum mah sigana kacecer jeung katincakan. Cenah mah nepi kaleungitna
pisan. Kusabab kitu, nepi ka ayeuna pisan lamun sireum patepung jeung sireum
sok siga sasalaman, padahal mah silih harewos :"nu maneh geus kapanggih acan
............ ......... ." 

  

 

 

Kirim email ke