cobi tengetan harti kecap Sunda ti basa Arab, no 27 ; wilayah ber-gunung2 no 28; wilayah/tempat pangbalikan?
barayaaaaaa.....sadaya, naon maksudna tempat pangbalikan teh? ka bali geusan ngajadi? pangbalikan saha? teu samanea eta harti! kamana loyogna, aya kecap ti Arab teh? mun teu di expose ku kg Oman, uin mo ngomentaran tah! manawi aya ahlibasa sareng sajarah Arab di ieu milist? cik uin tulungan menta katerangan....nuhun ________________________________ From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> To: kisunda <[email protected]> Sent: Thursday, December 4, 2008 12:56:27 PM Subject: [kisunda] Harti kecap "Sunda" Baraya sadaya, Ieu mah minangka "daur ulang" postingan samemehna, dumeh geus ganti jejer, ngeunaan harti atawa maksud kecap "Sunda". Sugan wae sasieureun sabeunyeureun aya padungdengan saterusna, nyurahan (ngomentaran) atawa manggihan peta lajunginglaku tina ngaguar eta sagembolan harti kecap "Sunda". Kang Hidayat Suryalaga (abah Surya), dina buku "Kasundaan Rawayan Jati" (KRJ, wedalan PT. Wahana Raksa Sunda, Bandung, 2003) parantos ngempelkeun harti-harti kecap Sunda anu dicandak tina sababaraha basa numutkeun kamus, diantarana tina kamus/Basa Sansekerta, kamus/Basa Kawi, kamus/Basa Sunda, kamus/Basa Jawa, kamus/basa Kawi-Perancis, basa/kamus Arab, jeung dumasar kajian geografis/geologis. Dina pedaran di handap ieu judul-judul buku/kamus rujukan anu aya dina buku KRJ - Abah Surya geus dicutat salengkepna. Anjeunna (abah Surya), ngadadarkeun maksud/harti kecap "Sunda" dina buku KRJ teh nyutat tina karya tulis Drs. Mamun Atmamihardja. Judul eta karya tulis Pa Ma'mun teh nyaeta "Sejarah Sunda I", wedalan penerbit Ganaco N.V, taun 1958. Dumasar tina karya pangersa R. Mamun Atmadihardja di luhur anu dipedar sareng dieuyeuban ku Abah Surya sakumaha dina buku "Kasundaan Rawayan Jati", teu kurang ti 30 harti atawa maksud kecap "SUNDA". Nyaeta, kalawan singget jeung anu diteundeung dina jero kurung panungtung ngarupakeun panujulanana atawa asal basa/kamus anu ngamuat kecap Sunda : : "Sunda" teh hartina (make basa Indonesia wae, nomor nerus): - 1. Bercahaya, 2. Dewa Wisnu-pemilik 1000 nama, 3. Satria raksasa, 4. Satria wanara, 5. Putih, 6. Sebuah gunung besar di masa lampau (kamus bhs Sansekerta; "A Sanskrit-English Dictionary", Monier Williams, "An Index to the Name in The Mahabrata", S. Sorensen, "Sanskrit in Indonesia", Gonda) - 7. Air, 8. Tumpukan, 9. Pangkat, 10. Waspada (kamus bhs Kawi: "Kawi-Javaans Woordenboek", C.F. Winter, Sr.; J.E.C. Gericke en T. Roorda; "Kawi-Balineesch - Nederlandsch Woordenboek", H.N van der Tuuk 1894) - 11. Tersusun, 12. Merangkap/Menyatu, 13. Angka dua dlm perhitungan Candrasangkala/Suryasangkala, 14. Naik, 15. Terbang (kamus bhs Jawa, "A Dictionary of The Sunda Language of Java", Jonathan Rigg) - 16. Tempat menyimpan padi atau lumbung, 17. Bagus/indah, 18. Unggul, 19. Senang, 20. Puas hati (bhs Sunda: sugema), 21. Setuju/Sesuai keinginan, 22. Laki-laki yang tampan, 23. Perempuan yang cantik, 24. Dewa Kamajaya, 25. Indah/molek (kamus/bhs Sunda--'teu disebatkeun karangan saha) - 26. Sangat indah dan subur (kamus bhs Kawi-Perancis, informasi dari Dr. Viviane Sukanda Tessier, dalam diskusi kebudayaan di Lembang, taun 1990 - 27. Wilayah yang bergunung-gunung, 28. Wilayah tempat orang kembali lagi (dari penafsiran oleh HR Hidayat Suryalaga terhadap susunan kata "Sunda" dalam bhs Arab---pamadegan Abah Surya ku anjeun) - 29. Nama untuk wilayah barat-laut dari India Timur yang dikelilingi Gunung Sunda (Circum Sunda Mountain System) sepanjang 7.000 km, mulai dari kepulauan Filipina, Formosa sampai lembah Brahmaputera di India; 30. dalam "Sunda Besar" atau "The Groote Sunda Islands" adalah himpunan pulau-pulau besar di wilayah Indonesia, yaitu: Sumatera, Jawa, Madura dan Kalimantan; 31. dalam "Sunda Kecil" atau "The Lesser/The Kleine Sunda Islands" meliputi Bali, Nusatenggara atau NTT dan NTB dan Timor (geolog kaliber dunia R.W van Bemmelen, 1949). Kusakitu jembarna harti kecap "Sunda", abah Surya kungsi ngusulkeun sangkan udagan/maksud eta kecap teh jadi program Pamarentah (provinsi, tangtu wae) Jawa Barat/Tatar Sunda. Nya meureun lamun ku basa ayeuna mah jadi sarupa Visi-Misi jeung umbul-umbul keur eusining Rencana Strategis sejenna di Tatar Sunda/Jawa Barat. Wilujeng. manar On Wed, Dec 3, 2008 at 4:54 PM, richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > pangemut pangdeudeul ti abdi manawi aya bahan katampi > kecap Sunda teh arang pisan referensina... LBSS (penerbit Tarate - Bandung > 1984) ge teu patos lengkap.... > > anu jelas mah kdah milari karangan2 baheula (hanjakal nu abdi palid ku > banjir 3 kali) > ngan aya keeh dina emutan rehna Sunda teh tina Suddha hartosna sampurna - > herang > ngagenclang - putih - bersih - cemerlang - gemerlap > > ku kabiasaan letah urang Sunda sok wae disisipan sengau (conto: Vimba > > bingba) > nya Suddha > sudha - suda > janten SUNDA > > cobi bandingkeun tina kamus Sanskerta > da di hanteu2 oge pangaruh basa > Sanskerta teh kentel pisan di urang teh... teu tiasa dibangbalerkeun. > > Nyanggakeun > AMBU > > ________________________________ > From: ednugraha <[EMAIL PROTECTED]> > To: [email protected] > Sent: Wednesday, December 3, 2008 9:51:50 AM > Subject: [kisunda] Re: kalam kasundaan (III) > > aos geura kang kumi nu abdi sing tenget....eta hartos sunda teh aya > dina buku kamus LBSS miwah buku sajarah (referensina di cutat didinya > supados tiasa di re-check. > > --- In [EMAIL PROTECTED] .com, "Kumincir Wikidisastra" <[EMAIL PROTECTED] .> > wrote: >> >> Manawi aya nu tiasa nuduhkeun ka kuring, dina kamus Sunda anu mana > kuring >> kudu neangan harti kecap 'sunda'? >> >> On Sun, Nov 30, 2008 at 7:47 PM, ilen kardani wrote: >> >> > Patri sakitu oge Abah Djati, diajar kasundaan mah kudu ku cara > Sunda, >> > ulah nanyakeun kanu sejen. Siga ngahartikeun Sunda ku bahasa India > atawa >> > Latin,,,,,,puguh we teu keuna. >> > >> >> -- >> sikandar >> kumincir.blogspot. com >> > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links
