EMH KI DULUR....KG GOEZ......ANJEUN GEUS NGABUKTIKEUN....
YEN LOBA MASYARAKAT LEUTIK SUNDA MASIH NINEUNG KENEH KA SUNDA NA
YEN GEUNING AYA KENEH US ANU KEUR NEANGAN/NGUSAHAKEUN BUKTI JATIDIRINA...
SOK SANAJAN DINA HAL NGALAKONAN ANU CIGA TEU PENTING.............
TAPI KEUR SADIRIEUN 
UIN.............................................................................?
HATE MILU NGARACAK, CIMATA NGECLAK
MASIH LOBA KENEH NU NGACAK-NGACAK....
SUPAYASUNDA HANTEU KAPENDAK...................
POKONA,...... ANJEUN, ....KG GOEZ,..... GEUS PRAK





________________________________
From: agus rohaendi <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Friday, December 5, 2008 9:49:36 PM
Subject: Re: [kisunda] Re: Iket Gagah Bupati; carita sakadang iket

 
sawios ambu,
iket teh sanes mung nga iket hulu kasundaan urang2,
tapi oge nga iket nafsu reaktif nu sok ngagedur di hate kisunda, nu respon 
nyeungseurikeun sapertos kieu, tos seueur kaalaman ku simkuring. no problemo, 
santai saja.
ngangge iket sunda di masyarakat, kedah kuat hate, kedah jembar.

sakadang iket sunda, sanes sakadar papakean, tapi hiji ujian keur nu make na, 
yen sunda teh lain dina sungut wungkul, lain dina kampret silat wungkul, lain 
dina tesis wungkul, oge lain dina iket sunda wungkul, jsb,jsb, tapi dina hate 
nu jembar, teu reaktif, teu ngilu sikep nu kacetak salila ieu.
make iket sunda, kudu dibarengan ku sikep nu hade. sabab ujian diri aya di 
masyarakat langsung.
lain di nyumput dinu buni dituruban hawu. dituruban casing komputer canggih. 

perjuangan ambu dina forum ilmiah, ngahadapi sistem sejarah ku pamarentadi 
kacau2, eta aplikasi gawe nu nyata. perjuangan nu berdarah2, mugia dikiatkeun 
,dibantos ku sinergi ieu milis.
kalasunda na kang oca nu diserang ti mana2, oge ti profesor doktor juragan neng 
nina lubis nu ngagedur maksa bukti bungkeuleukan, hese pisan diyakinkeun.
oge nu sanesna, masing2 kisunda berjuang dina widang masing2,....

simkuring pang cetekna nyokot hiji komponen kasundaan, nyaeta iket.
sabab ieu nu cocok jeung kabisa simkuring dina bidang seni.

nu cetek, geuning tangtanganana, teu leutik,..... ti mulai nu ngalecehkeun 
fungsi ieu iket (aya pendapat ti salah sahiji desainer jkt)  ,filosofi iket 
sunda nu teu aya dasarna, dibandingkeun bendo atanapi iket selain sunda,... 
nyebabkeun hese pisan neangan ka ahengan dadasar ieu benda sunda. nuju terus 
dipaluruh,sugan meunang hasilna.
secara ekonomi, hese pisan ngahargaan ieu produk nu masih teu ngarti fungsi 
jeung trend na. dibandingkeun topi gaya atanapi papakean modern lainna.

tapi kuring teu putus asa, no way kudu putus asa.... heheh.

haturnuhun kana perhatosan kang halimun, tos ngarespon, eta hiji perhatosan 
masukan nu diperyogikeun,terlepas dina eusina, nu mempertanyakeun fungsi 
aplikasi ti masyarakat, mudah mudahan janten pertimbangan ti simkuring dina 
ngembangkeun ieu iket sunda.

sateuacan nutup ieu serat, aya 2 carita,...
waktos sababaraha bulan kapengker, kang oca masihan iket dina acara launching 
kang yudi crisnandi sbg capres ti sunda, .... eta iket nempel dina mastaka kang 
yudi, aya pangaruh sae secara penampilan, asa identitas sunda na leuwih 
katingali .
eta hiji percobaan analisa simkuring ngeunaan ieu fungsi iket.

kuring rada panasaran,... kumaha ieu iket ditingali ku pihak sanesna,...

saminggu kamari, kuring leumpang di daerah jl.dipati ukur ,rada peutingan, 
skitar jam 11.
aya 3 an keur megat angkot, ningali dina papakeanana, cigana nu keur balik ti 
acara kasundaan, da nu dua urang ngangge kahandapna calana pangsi hideung., aya 
lambang maung dina kaosna, ciga lambang perguruan silat.
nu duaan, (skitar umur 40an) naek angkot, tinggal si bapa nu langkung sepuh 
skitar 50an umurna, teu bareng naek angkot, cigana jurusana beda, ternyata 
sajurusan jeung abdi, make angkot ka terminal kbon kalapa..
ahirna kuring saangkot jeung anjeuna,. 
pas di daerah ngaliwatan jl.merdeka,.. rea nu turun, jadina ngan kuring jeung 
si bapa nu aya di eta angkot (jeung pastina aya saurang deui,nyaeta supir 
dihareup, heheh)... 
teuing timana,kuring reflek boga pipikiran "ah,hayang mere iket sunda ka 
sibapa"... kabeneran kuring mawa 3 iket dina tas,... trus kuring ngaluarkeun 
tiluanana, ningalikeun ka si bapa,... "pak, punten, pang ningalikeun, nu pang 
saena ieu motif iket, anu mana yeuh pa,...."
sibapa rada kaget, trus tuluy seuri sabari nunjuk salah sahiji iket, (nu warna 
coklat),... "ieu  cep, sae warna na,.." cenah ceuk si bapa, bari tetep senyum 
ngagelenyu,...
ku kuring langsung di pasihkeun eta iket pilhan si bapa, nu langsung ningali 
kana bagian kujang kuningan nu aya dihareup eta iket,... 
"sae ieu kujang na, sae aden,... " cenah bari angguk2an,... 
kanggo bapa ieu iket, masihan, haratis pa, ginding pami bapa ngangge ieu iket" 
ceuk simkuring, sibapa kalahkah kerung, bari gogodeg, ntong aden, sae ieu mah, 
sae,... 
"leres pa, abdi gaduh seueur, ieu kanggo bapa,... 
"nuhun atuh ieu sae,... " bari terus melong ka simkuring beungeutna bengong,... 
, ujug2 matana baseuh, ceurik ditahan cgana,... 
simkuring kabeneran turun di daerah jl.lengkong... "pa, punten abdi turun 
didieu, ngangge angkot nu ka buah batu,..."
si bapa, nyekelan leungen kuring,... 
"nuhun aden, nuhun,..."  sabari iketna disimpen dina jero pangsina, 
kuring turun, .. ninggalkeun si bapa nu teuing, pikiranana masih bingung 
cigana,....

eta pangalaman nu sederhana ,mung tiasa janten patokan ... yen sunda aya dina 
hate masyarakat. lain ngan aya dihate urang2 nu bisa maen komputer.

pami berkenan, hoyong abdi ngirim hiji iket ka kang halimun,...
supados akang tiasa neuteup, tiasa nyobian ngangge, kanggo ditingali dina 
eunteung,...
....
mangga alamatna abdi nyungkeun, supados tiasa dikirim ka alamat kang halimun,...
,haratis kang,... anggap weh eta iket ngawakilan salam silaturahmi ti simkuring.

asah asih asuh saiket dina wawangi diri.

cag rampes.

=roche=
budak baong forever




--- On Fri, 12/5/08, richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Re: Iket Gagah Bupati
To: [email protected]
Date: Friday, December 5, 2008, 3:08 PM


meni sonagar kana jail teh, 
ngoconan wae pastina ge di pengker teh keur nyeukeukeuk ngehkey sorangan tateh




________________________________
From: Halimun An <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Friday, December 5, 2008 1:11:46 PM
Subject: Re: [kisunda] Re: Iket Gagah Bupati


nanaonan akang kalah ngurus iket, dianggo moal..
di jakarta mun kakantor di iket komo bari nyoren kujang mah..
walaaah, abong teu di kerewed ku pamong praja DKI mah..
 
janten kanggo naon ngurus iket atuh, kacape-cape

--- On Fri, 5/12/08, agus <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

From: agus <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: [kisunda] Re: Iket Gagah Bupati
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Received: Friday, 5 December, 2008, 1:46 AM


sampurasun,

progress reporttt
perkawis iket, nuju dipaluruh di siar naon2 nu jadi katerangan
ngeunaan iket sunda.

bentuk jeung teknis iket lumayan parantos aya data, teu acan maksimal
mung lumayan aya nu tiasa di bahankeun keur kana penyusunan buku ttg iket.

anu masih mistery nyaeta ngeunaan sejarah iket.
poek keneh,

bongan raja2 sunda jalmina handap asor, tara daek di foto, teu narsis
ciga kaum feodal, nu sok resep putrat potret, heheh

sajarah penting, mung tong dijadikeun hambatan urang untuk berkarya,...
leres, juragan oca?
jangan sampai sejarah menjebak kita untuk menjadi diam, ngutruk ,
ngimpi wae,..... teu gerak2...
sejarah cukupkeun ngajadi mmotivasi keur jadi maju.
mun can lengkap, eta sajarah, urang lengkapan ku karya urang sunda
jaman kiwari.

aya info, cenah sajarah mahkota jeung iket aya di sumedang..
kedah kaditu atuh team investigasi na nya,....
hayu kisunda, ulin yuuuuuuu

rampes

=roche=

--- In [EMAIL PROTECTED] .com, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
>
> Siiiip atuh reueus aya tim iket nu solid. Wilujeng kang Oca kang Agoez.
> Â ~ JP ~ 
> 
> 
> 
> 
> ____________ _________ _________ __
> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ ...>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Wednesday, November 26, 2008 12:10:45
> Subject: Re: [kisunda] Iket Gagah Bupati
> 
> 
> hiiih ki dulur...ari ieu mah cita uin ti baheula..ngan hampura
be...sakadada sakaduga tea..dibarung ku resep mah hararampang dah!
untung pendak kg Goez anu tanggap.
> he33x!
> ....oca tea...
> 
> --- On Wed, 11/26/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> 
> From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>
> Subject: Re: [kisunda] Iket Gagah Bupati
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Date: Wednesday, November 26, 2008, 10:14 AM
> 
> 
> Ehm hatur nuhuuuun Kang Oca. Ieu iket sukapura teh tetep weuteuh
tacan kantos diangge da teu apal kumaha masangna. Pami maksakeun da
paling moal tebih ti model pamaen calung atanapi kenek Cibalanarik -
Tasik he..he....
> 
> Saleresna sim kuring rek rada ati-ati rek make iket teh, ke bilih
caliweura maksudna rek nyunda tapi teu ngarti dasar filosofisna. . ..pan
tiasa iiisiiiin ku seler sanes. Nya mirip masang dasi nu aya "time &
manner" na.
> 
> Perkawis produksi batik/iket laah prihatiiiin pisan. Di
sukapura/pasir kolot teu leupas tina masalah modal & pamasaran.
Regenerasi? Teuuuuu aya....barudak ngora teu aya nu daek ancrub, da
hese cenah ngabatik tulis teh. Memang buktosna benten pisan nu
sararepuh mah  apik padamelanana ari nu ngora mah "belepotan"! ! Cape
gawe teu kapeunteun jadi lalumpat kana batik cap.
> 
> Kang Oca kukituna sim kuring mah ngadukung pisan kumaha tah carana
ngadamel buku modeling iket sunda, urang sunda kiwari perlu pisan
terang "time & manner" ngangge iket. Punten pisan Kang Oca sim kuring
seueur pisan nyuhunkeun (nuntut).
> 
> Neda dihapunten,
> baktos,
> tirta
> 
> 
> ~ experientia docet sapientiam ~ 
> 
> 
> 
> 
> ____________ _________ _________ __
> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Wednesday, November 26, 2008 7:19:52
> Subject: Re: [kisunda] Iket Gagah Bupati
> 
> 
> kgJP, ki dulur, lan baraya sadaya...
> mun ditempo dina tipena eta geus mimiti menuju iket citak/udeng atw
bendo tea...prinsip dasarna na mah ngan dina awal beulitan gan....
> aya anu beulitan tihareup katukang. si tungtung segi tilu teh(
katingal aya buntut, dipayun?)..aya ogen anu ti tukang kahareup....
> tapi tetep ditalian/di- iket ditukang....
> Bahan iket, rata2 ukuranan 90 x 90 cm , 100 x 100 cm, 100 x 100 cm
dk 120 gumantung bahan masing2 dina taropong(ATBM) baheulana mah
meureun...
> Ari warna/motip anu rada coklat poek paling loba di pake, tapi
sabenerna mah warna motip Batik Sunda baheula , warna cerah ... eta
bedana jeung motip Jawa teh...
> Matakna bahan iket kiwari kabeh mareulian ti Solo/Jogya.. .di pasar
Klewer atw di Malioboro ogen sok aya anu jualan, ti warna hideung nk
warna coklat kolot.
> Di Sunda sangat menyedihkan, arang langka pisan anu nyieun bahan
iket teh
> Geus dimitembeyan dijieun di Cigugur - Kuningan wargana  RKK.
> anu di jieun ku kg Goez/uin ogen, pengembangan ti iket citak Cigugur, 
> 
> ari beda na jeung iket Bali?...justru Bali mah ditalianana di hareup...
> cenah mun anu ditalian di tukang, pertanda frustasi..?? ?
> eta ceuk Ida Pedanda Nabe Gede Made Gunung , Blah Batuh, Gianyar,
PDD no hiji di Bali, oge ketua Umum Hindu sa Nusantara.
> uin nampi warta ti Ibu Levana Taufan Sukarno, anu hijrah ka Bali,
tos sapuluh taun, caket bumi eta PDD.
> infotainmentna ? Anjeunna(LTS)Â  ngagem SW oge, sok sanajan hirup
kumbuh di Bali teh...
> si Ambu kantos kontak cenah mangkukna... ..
> sementawis waleran uin mah kitu heula bae lur, sugan bisa ditulis
cara ngiketna..
> ku uin nuju di emutan sapertos diluhur. kacipta tukang gambar sina
"nulis" gambar ..
> hampura uin...sabisa- bisa....
> he33x!
> ...oca tea...
> 
> 
> --- On Tue, 11/25/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> 
> From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>
> Subject: [kisunda] Iket Gagah Bupati
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Date: Tuesday, November 25, 2008, 11:54 PM
> 
> 
> Kang Oca, kang Agus kumaha tah carana ngadamel iket gagah sapertos
bupati sukapura ieu?
> 
> 
> 
> Â ~ Jalak Pakuan ~ 
> 
> ____________ _________ _________ __
> New Email names for you! 
> Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and
@rocketmail.
> Hurry before someone else does! 
> 
> ____________ _________ _________ __
> Get your new Email address! 
> Grab the Email name you've always wanted before someone else does! 
> 
> 
> 
> Get your preferred Email name!
> Now you can @ymail.com and @rocketmail. com. 
> http://mail. promotions. yahoo.com/ newdomains/ aa/
>

 

________________________________
 Start your day with Yahoo!7 and win a Sony Bravia TV. Enter now.
 
 


      

Kirim email ke