ulah semangat teung cep, nu sanesmah kecingan

--- On Sat, 6/12/08, agus <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: agus <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [kisunda] Re: SUNDA = NGIMPI (KIRATA)-NGA-HYANG? panutup... tapi pamuka
To: [email protected]
Received: Saturday, 6 December, 2008, 2:51 AM






saha nu ngarusak sunda?
DIRI !
nu beunang kaputus asaan
nu beunang kukulutus ka sajarah nu moal balik deui
nu beunang neangan hideungna batur nutupan nu sorangan
nu beunang sieun era ku dadasar asal
nu beunang dipecah ku hal euweuh harti

eta lima2 na nu diluhur dialaman kukuring,...
hiji dua geus bisa dileungitkeun, ... sesana keur diajar saeutik2
dileungitkeun, ... diajar diajar diajar....

hayu sunda, diajar babarengan,. ...
ku hiji kaayaan suasana.... enjoying sunda semesta!

cag rampes!

=roch=

--- In [EMAIL PROTECTED] .com, Roza Rahmadjasa Mintaredja
<roza.kalasunda@ ...> wrote:
>
> PANGGUNG SA-SEMAYA? PANGGUNG 1000 JANGJI?
> 
> iraha datangna wayah eta mangsa,... iraha....... ......... .....?
> maaangga emutan (mun ceuk si Ambu mah)........ ......... ...
> cag!
> rampes...... .rampa salira
> .....oca tea......
> 
> 
> 
> 
> ____________ _________ _________ __
> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ ...>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Saturday, December 6, 2008 8:42:05 AM
> Subject: Re: [kisunda] SUNDA = NGIMPI (KIRATA)-NGA- HYANG? KA-TUJUH
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> ____________ _________ _________ __
> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ ...>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Saturday, December 6, 2008 8:32:37 AM
> Subject: Re: [kisunda] SUNDA = NGIMPI (KIRATA)-NGA- HYANG? KA-TUJUH
> 
> 
> 1000 JANGJI ???
> 
> Budak Angon ngalungkeun sayang tawon,......
> sabab inyana geus sebel jasa!
> neuleu monyet-monyet rarajaan
> bari ngekesek somah anu mudu
> manjakan bari nyuguhan.... .!
> tah...ku ETA, budak angon anu eta,
> loba Urang Sunda jadi panasaran...
> laju nyarukcruk ngilu ngorehan,
> pada-pada harayang nyaho,
> Saaaaaaha sa-enyana...
> anu ku Pantun di-sebut2 PARABU SILIWANGI??? 
> 
> 
> 
> 
> 
> ____________ _________ _________ __
> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ ...>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Saturday, December 6, 2008 8:24:17 AM
> Subject: Re: [kisunda] SUNDA = NGIMPI (KIRATA)-NGA- HYANG? KA-GENEP
> 
> 
> moal hilang ku panglarang.. ..
> 
> Lantaran saban jaman....
> wangi deui....wangi deui...
> tina PakuJajar Beukah kembang
> eujeung baris tetep bae langgeng....
> di aweuh keun ku celuk Pantun....
> 
> Salila Urang Sunda
> barisa keneh nyaratu kejo
> memang ngaran Gusti bakal diparopohokeun. ..
> 
> tapi engke bakal datang jaman,
> Urang Sunda
> harayang disarebut Bangsa Sunda
> jeung harayang diaraku rawayan(turunan) Pajajaran
> gara-gara keuna panggung Sa-semaya(sasemaya= 1000 jangji) !!!
> 
> 
> 
> 
> ____________ _________ _________ __
> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ ...>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Saturday, December 6, 2008 8:07:51 AM
> Subject: Re: [kisunda] SUNDA = NGIMPI (KIRATA)-NGA- HYANG? KALIMA
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> ____________ _________ _________ __
> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ ...>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Saturday, December 6, 2008 7:59:18 AM
> Subject: Re: [kisunda] SUNDA = NGIMPI (KIRATA)-NGA- HYANG? KALIMA
> 
> 
> Ari ngaran Gusti mah,
> apanan SILI-WANGI.. .....
> lain wawangi anu ka silih(kaganti) ...
> tapi SILI dina harti basa urang,
> basa Urang Pajajaran... .
> harti SILI dina basa urang
> , nyaeta....LANGGENG. ...
> ari WANGI....... ...
> mudu diharti-eun ku basa urang,
> ualh di harti-eun ku sejen basa,......
> najan saruwa dina Sundana....
> sabab WANGI basa Pajajaran,
> hartina teh, ka-SUCI-an anu sa-JATI !
> ulah salempang... ngaran Gusti moal leungit,
> sabab,
> najan dilebur kunu harasud,
> moal ngaran Gusti baris leungit,
> moal musna ku supata
> moal hilang ku panglarang!
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> ____________ _________ _________ __
> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ ...>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Saturday, December 6, 2008 7:03:03 AM
> Subject: Re: [kisunda] SUNDA = NGIMPI (KIRATA)-NGA- HYANG? KADUA
> 
> 
> LENGSER!
> Saha anu jaga deuk jadi saksi?
> pi-eun mere nyaho sa-heueuhna?
> Lain Pajajaran anu nangtang perang,
> Lain mungpang boro bedegong,
> lain hanteu purun ganti sembaheun,
> lain ngalawan sembaheun anyar
> tapi...sabenerna ...saheueuhna. ..,
> Pajajaran teh, mana deuk keuna dipaksa!
> lain sembaheun anyara anu teu diaku
> Tapi Pajajaran teu sudi ganti sembaheun!
> ngagung ngagung nu ka urang mawa eta sembaheun
> Lengser!
> Amun aing mudu ngawaro sia,
> teu beda, aing teh siki,
> dipelak jero pirunan hurung
> tilok(piraku) eundeuk bisa jadi pepetetan.
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> ____________ _________ _________ __
> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ ...>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Saturday, December 6, 2008 6:00:39 AM
> Subject: Re: [kisunda] SUNDA = NGIMPI (KIRATA)-NGA- HYANG? kahiji
> 
> 
> pamadegan ngeunaan ngahyangna raja Pajajaran, memang aya dua versi
anu karandapan ku uin...
> kahiji:- kecing, teu tanggung jawab, teu wani nyanghareupan
masalah...embung perang deui.
> kadua:- saanggeus ngalakonan perang bela diri salila limawelas kali
hanteu eleh , di jero sapuluh taun,
> barang rek perang bela diri deui...dicaram ku Lengser(panasehat
raja), anggeus...anggeus tong sok ngeukeuweuk kahayang sorangan,
mentang2 boga kawenangan salaku raja. Tempo ku dia!... tangtara
tinggal sa-eutik!
> Kiwari musuh keur jaya
> lain lawaneun diwayah kieu
> mening oge ngelehan heula
> lain ngelehan urang ku musuh
> tapi........ ...
> ngelehan ge, urang, ku WAKTU...
> lain wayah kiwari urang ngabales....
> APAN ENGKE, DIJAMAN ANU BAKAL KASORANG...
> bakal nangtung jelema jangkung....
> tutunjuk di alun-alun... .....!
> tah eta,
> eeeeta anu engke bakal mangnaklukkeun musuh....... .....
> 
> (cuplikan ti pantun Bogor, NgaHyangna Pajajaran)
> 
> 
> 
> 
> 
> ____________ _________ _________ __
> From: mj <[EMAIL PROTECTED] ..>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Friday, December 5, 2008 1:41:28 PM
> Subject: Re: [kisunda] SUNDA = NGIMPI (KIRATA)
> 
> heuheu. nya rek kumaha ngarti atawa wani da rajana oge apan ngahiyang.
> si raja tega. tambelar. rahayat katalangsara.
> pareumeun obor tea. ongkoh da oborna boa-boa teu kungsi boga.
> cilaka!
> 
> tapi meureun geus jalan hirup urang sunda kitu. teu boga. euweuh.
> jatining suwung.
> siga tapak meri dina leuwi, tapak sirem dina batu, tapak soang dina
bantaran.
> 
> 
> 
> On 12/5/08, Halimun An <halimun_an@ ...> wrote:
> > enya kang dud, eta mah bahasa kliseu kolot.. hehehehe
> > jiganamah emang teu barisaeun, ngan jaga image we pura2 bisa
> > hahahaha duh uing di bobodo deui wae
> >
> > -
> -- 
> geocities.com/ mangjamal
> mangjamal.multiply. com
> 
> ------------ --------- --------- ------
> 
> Yahoo! Groups Links
>

 














      Start your day with Yahoo!7 and win a Sony Bravia TV. Enter now 
http://au.docs.yahoo.com/homepageset/?p1=other&p2=au&p3=tagline

Kirim email ke