Sampurasun .... nun kawargian Milist Kisunda @ yahoo.com

WILUJENG MAPAG IDHUL ADHA ... nya

dintenan urang sami nyimpaykeun kaheman
mageuhkeun tali paranti ka hiliwir seuseungitna Kisunda
nu janten rungkun urang sasarea
anu salami ieu teu weleh nyacapkeun tur ngaraketkeun
duduluran

WILUJENG IDHUL ADHA
bobot pangayon sapihanean
hampura ingsun ka nu sapada ageman
sanes ukur puraga tamba kadenda
saestu ning saclak putih saclik herang
maseuk na getih Kisunda

Urang sami ngurebkeun hanjelu
ku silih simbeuh kahadean salawasna
enggoning
nunggalkeun, nyangreudkeun tatapakan
kana rundayan anu sapamaheut
kana rasa anu sapancuran
kana lengkah anu sapamuncangan

WILUJENG IDHUL ADHA .... Kisunda,
mancek dina tirtha nu herang
mo mulah waya pagetrik ku carek sasemplak
mo mulah waya paigel  handeueul
mo mulah waya ngeundeurkeun katingtriman iyeu

Salawasna kagentringkeun wirahma kidung hate
dibarung ku sora anu kagenclang tur wening

Wilujeng Idhul Adha, kaulanun balareya 

Tabe pun
Ambu Wirumanggay 



Kirim email ke