AA: Teu sawios da upami tos aya pituduh ti MantenNa mah; tangtos kang Engkus 
ngartos.

Masalah Al Mushaf ( Qur'an Versi ) ; lalakonna kieu ( nu abdi terang ) :
Waktos jumeneng KN ( Kangjeng Nabi ); ku margi ningal seueur Ahli
Apal Al Qur'an seueur nu maraot, seueurna ditandasa ku Kaum Anti Islam; tah ti 
semet harita KN miwarang ngempelkeun sadaya Dukunentasi Al Qur'an. 
Eta teh sanes padamelan sataun dua taun; lami komo atuh sueur halangan,
perang ssjbn. Tapi akhirna mah nya Mushaf nu ayeuna ku urang dibaca Al Qur'an
Versi Usman. Da ari gol. Syi'ah mah kagungan Mushaf Versi Imam Ali paninten..
Lebetna sami; tapi susunanana beda.
 
Upami tea mah aya REKAYASA; pabginten seueur perbedaan antara hiji Qur'an 
sareng nu sanesna. Pan ieu mah henteu. Sami weee sadayana oge.
 
Piraku sugan Sarjana2 Qur'an zaman harita jarahat kabeh ? nepi ka nyieun Qur'an 
palsu ? Naon gunana keur maranehanana , upama direka yasa teh ?
 
Jeung meureun eta pari ahli teh diskusi heula antara maranehna bisi aya nu 
salah ?
Tah lamun urang cangcaya , bari teu puguh alesanana, ta mah sarua jeung 
jijieunan
tea. Masing enya ge mungkin wae, tapi probabilitana teh leutik pisan. 
 
Tapi ku nu teu resepeun Islam mah, hal ieu teh digedekeun pisan. 
Komo atuh Atheis mah.
Punten ieu mah, fakta di lapangan. 
Upami kang Ruswana cangcaya ka na hal ieu,nya teu naon2; da abdi mah yakin 
pisan. 
Sabab rek percaya ka na naon deui, salian Al Mushaf nu eta ! Atuh cenah di na 
dipalsukeunana oge; da asa can aya hiji ayat oge nu Nyarekan Ka Allah bari 
muji2 Syaithan !!!!
Ieu hiji ciri yen Qur'an Mushaf Usman, bisa dicekel bebeneranana. 
Jeungna deui moal ditunjuk ku KN lamun teu bisa dipercaya mah jelemana.

--- On Sun, 12/7/08, engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Re: kalam kasundaan (III)
To: [email protected]
Date: Sunday, December 7, 2008, 4:24 AM











Hatur nuhun kang Abbas. mung masih keneh teu acan kahatos (teu acan kaelmu), nu 
dipaher teh jawaban hakikina kang, nu dugi ka bray dina rasa teh .......ooh... 
enya kaharti mun kitu mah.....kitu tah kang. Upami waleranana tetep 
dilumpatkeun kanawaleran "aya parentah", mungkin nu aya di Quran sareng hadist 
nya kang, sedengkeun Qur'an sareng hadist teh cenah dituliskeunana saatosna 
Nabi Muhammad ngantunkeun, Saha nu ngajamin yen eta eusina teu dikirangan 
atanapi dilangkungan, margi cenah begitu Nabi ngantunkeun numutkeun nu kantos 
kabaca ku simkuring, aya rebutan pangaruh (kapamingpinan) atawis Abubakar-Umar- 
Usman-Ali, tug dugi ka peristiwa Hasan-Husein tea. Tetep kang teu acan 
kacaangan simkuring teh. Kumaha  tah kang?
 
pun tabepun,
 
Engkus


--- Pada Ming, 7/12/08, Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com> menulis:

Dari: Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com>
Topik: Re: [kisunda] Re: kalam kasundaan (III)
Kepada: [EMAIL PROTECTED] .com
Tanggal: Minggu, 7 Desember, 2008, 4:49 AM









AA: Mangga Linggih Kang engkus, mani sono tos lami teu ningal seratanana.
Sim Kuring bade nyobian ngawaleran kana patarosan Kang Ruswana, tapi ieu mah
saeutik we panginten, da kanyaho sim kuring mung sakitu; panginten engke 
dieceskeun langkung hentre ku Kang Man Ar. Panginten biasa saatos seratan 
salira.

--- On Sat, 12/6/08, engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> wrote:

From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com>
Subject: Re: [kisunda] Re: kalam kasundaan (III)
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Saturday, December 6, 2008, 8:44 PM









Sampurasun,
Wilujeng tepang deui kang Abbas, oge ka kang Halimun bagea kidulur.
Bawirasa simkuring, sapertos nu tos didugikeun tipayun, yen paguneman teh aya 
saena, asal didadasaran ku tujuan silih-asah-silih asih-silih asuh. Sok sanajan 
aya ahli nu nyebutkeun yen agama teh (agama naon bae) ibarat "minuman keras" nu 
bisa ngabalukarkeun nu nyanduna bisa mabok, gancang ambek, bisa maehan jeung 
teu make deui rasa nu sajatina, tapi simkuring mah masih percaya dasar 
kasundaan bisa ngahalangan sangkan teu mabok sok sanajan nyandu ge.
AA: Nuhun pisan kang Ruswana, eta hartosna Kang Ruswana nampi ka na Pluraisme 
tea; saling ngahargaan ka na cecekelan sewang2an.
 
Tiheula simkuring nyebutkeun yen nyangkut perkara agama sok kadang 
pasangka-sangka, kunaon? ku lantaran teu apal. Tah jadi paguneman teh aya 
gunana sangkan jelas moal pasangka-sangka tea, ku kituna pedar ku cara 
ka-elmu-an, nu bisa diterangkeun kalayan kaharti, sabab mun can kaharti eta 
hartina can jadi elmu. Lamun dilumpatkeun kana jawaban "kitu ceuk kitab sucina" 
mah, nya putus paguneman teh kalayan masih aya kapanasaran keur nu nanyakeun. 
AA: Upami saur kang dud sareng Kang Kumincir mah panginten ngabuntut bangkong 
tea.
 
Tah dina perkara munggah haji, simkuring ge aya nu teu kaharti, nya wajar mun 
nanyakeun teh ka ahlina (ka nu apaleun).
AA: Sim kuring tobat sanes ahlina, mung hoyong ngiring we
ngareuah reuah ieu milis, manawi aya mangpaatna.
 
Kieu kang (1)  ceuk ajaran Islam (mun teu salah) sarua jeung ceuk ageman Sunda 
yen Gusti teh (Allah mun ceuk akang mah) "Maha Esa (Maha Tunggal) jeung teu 
arah - teu enggon", 
AA: Naon wae disebat keukeuh deskripsina Nu Ciptakeun sagala. sste.
 
tapi naha ari nu rek marunggah haji teh sok disarebut (jeung mungkin jadi 
kayakinan sabagian gede ummat), rek jadi Tamu Allah, kalayan eta kabah teh 
disebutna Rumah Allah, malahan unggal Masigit nu sakitu reana, oge sok 
disarebut "Rumah Allah" ?. 
AA: Eta ge ngan kaykinan kaayeunakeun weee; da kapungkur mah tara aya nu nyebat 
tamu Allah. Ari Masjid mah memang disebat rumah Allah cenah. Maksadna teh 
panginten Hiji wangunan nu khusus keur ibadah
ka Allah; sanes tempat para ngobrol teu pararuguh.
 
 
(2) Disebut nyembah Allah teh ku sareat mah nya nyembah kabah tea, sedengkeun 
Gusti Allah mah murba teu arah teu enggon, teu tiasa dipapandekeun jeung naon 
bae kajadian anyar, da Gusti mah Asal Sagala Asal.
AA: Ieu mah lantaran aya parentah tea, ti Mantenna . Kapan Parentah
Na mah Nomer Hiji; kadua Syirk panginten. Ari Ka'bah eta mah perlambang 
penyatuan. Da upami teu kitu mah panginten silih sundul
tea mun shalat berjamaah teh. Da saleresna mah satiap aya Parentah
pasti aya hikmahna; ngan kadang kala urang can ngarti.
 
(3) Ari mekah teh sok disarebut Tanah Suci. Naha sakaterang akang numutkeun 
ajaran nu dicepeng ku akang, Tanah Suci teh mung Mekah wungkul (nu lian mah teu 
saruci) ?
AA: Waktos sim kuring ka Mekkah, sim kuing wani ngomong hareupeun
jalma rea, yen sanyatana Taneuh mah di mana2 oge sarua MILIK Gusti;
ngan ieu aya PARENTAQH kudu ka Mekkah. Tah lan masalah suci atawa henteu; urang 
mah ngan saukur ngajalankeun parentah tea.
Ngan meureun sahanteuna, taneuh nu dujadikeun HIJI Batu pang ajaibna sadunya ( 
Hajar Aswad ); meureun aya rada onjoyna saeutik, ti batan taneuh nu sejen. 
Sahenteuna meureun eta teh puseur dunya , MEUREUN eta ge.
 
 
Lamun tea mah eta ungkapan teh bener, kumaha elmuna?, upama tea mah lain kitu 
harti nu sabenerna, naha atuh ku para ahlina bet diarantep atuh matak kasasar 
(salah paham)?
AA: Moal ari kasasar mah, lantaran Parentah ti MantenNa tea.
 
Tah sakitu bae heula kang, punten sadayana kidulur sunda ulah dugi 
kasigeung, sabab simkuring hormat ka dulur-dulur muslim (ari bener mah luyu 
jeung prakna dina migawe jalan kasalametan) malahan lanceuk kuring sorangan oge 
muslim nu taat ceuk ukuran umum mah (beda jeung kuring nu keur nyukcruk ageman 
indung), jeung loba sobat kuring nu oge muslim, tapi nya silih ajenan bae teu 
aya pacengkadan, ngan dina perkara ieu, boh lanceuk kuring pon kitu deui 
sobat-sobat kuring tacan aya nu bisa mere jawaban nu nyugemakeun, ieu 
perkara elmu nu dasarna netral, da ari elmu mah kudu bisa nganteur ka nu 
keueung, menerkeun nu salah, nyaangan nu poekeun. 
AA: Sami sami, sim kuring oge ngaharep ka dulur2 sadayana, sing caang
mamanahan, ulah sautak saeutik kasigeung; hayu urang diskusi babarengan.
 
 
Tah simkuring, mungkin aya oge dulur lian nu hayang kacaangan dina lebah 
pamahaman ieu, bawirasa simkuring katerangan elmu ieu tiasa nyirnakeun sagala 
sak wasangka nu timbul dina paguneman.
AA: Insya Allah, Amiiiin.
 
pun tabe pun.
 
Engkus. 
 
Wassalam,
Abbas Amin

--- Pada Sab, 6/12/08, Halimun An <[EMAIL PROTECTED] com> menulis:

Dari: Halimun An <[EMAIL PROTECTED] com>
Topik: Re: [kisunda] Re: kalam kasundaan (III)
Kepada: [EMAIL PROTECTED] .com
Tanggal: Sabtu, 6 Desember, 2008, 2:33 PM









tah karupingkeun hey umat islam,
ulah ngalungkeun ide nu jiga alus tapi nyalahkeun agama
kacida kacida kacida.. teu mikirna teh
hidup kang abas... hidup presib (eh na bet ka persib >)

--- On Fri, 5/12/08, Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com> wrote:

From: Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com>
Subject: Re: [kisunda] Re: kalam kasundaan (III)
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Received: Friday, 5 December, 2008, 10:29 PM









AA: Kalolobanana nu satuju ka na naeh Haji teh nya eta jalma Agnostik tea, bari 
teu ngarampa kayakinan batur, Hese atuh da ari geus tepi ka na kayakinan mah. 
Ngan bae, loba pisan nu ka Mekah, bari teu jeung elmuna. Padahal mah Wajib 
keneh nyiar Elmu ti batan Naek Haji.
Ngan meureun alesanana, aduh uing geus kolot, can naehk haji, padahal leuwih 
wajib nyiar Elmu; ah keun we sieun kaburu paeh, ayeuna mah RUKUN heula we; soal 
Elmu keun we, sugan we Nu Maha Kawasa ngahampura. Sigana kitu alesanana teh.
 
Nulungan nu sangsara WAJIB, Naek Haji Wajib !
Ngan ari nulungan nu susah mah Fardu Kifayah, sedengkeun Haji mah kapan Fardu 
Ain tea. Ngan nu sababaraha kali ka Mekah, tah meureun nu kieu mah wajar mun 
dikritik saperti ku Ki Rudy oge.
 
Abbas Amin


--- On Fri, 12/5/08, Kumincir Wikidisastra <[EMAIL PROTECTED] .or.id> wrote:

From: Kumincir Wikidisastra <[EMAIL PROTECTED] .or.id>
Subject: Re: [kisunda] Re: kalam kasundaan (III)
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Friday, December 5, 2008, 7:46 AM




iyey... sing sehat atuh ari gunem catur teh... Mun enya karasa disindiran, 
mangga atuh pedar kumaha jujutanana para muslim bet keukeuh kumeukeuh nepi ka 
bebeakan bakat ku hayang ngalaksanakeun rukun nu kalima eta. Der ah....


On Fri, Dec 5, 2008 at 1:32 PM, Halimun An wrote:










bener kang iman... carekan we

--- On Fri, 5/12/08, Kang Iman wrote:





Rek nyindiran nu ka haji euy !!!




Start your day with Yahoo!7 and win a Sony Bravia TV. Enter now. 



Berbagi video sambil chatting dengan teman di Messenger.
Sekarang bisa dengan Yahoo! Messenger baru. 




Apakah wajar artis ikut Pemilu? 
Temukan jawabannya di Yahoo! Answers! 
 














      

Kirim email ke