leres kg Gib,...... kiiitu,.... katingalna mah,...??? anu di-urus teh......hukum sare'at beee, lolobana mah, uin ti bubudak nk kolot upami ngadangu hotbah jum'ah.... asa eta-eta keneh, meni asa ngebul bakat ku bete... paling , hiji dua , anu ngabahas widang sejen teh, arang langka...... hampuraa...da fakta pernah kacaritakeun santri budug teh, enya... waktu uin di cigombong...eta kulah/balong di masjid meni hejo... angger we dipake wudu.... eta masalah cai teh nun....
________________________________ From: leled_samak <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Sunday, December 7, 2008 10:46:35 PM Subject: [kisunda] tumanya….: urusan cai… tumanya….: urusan cai… Kiwari, Bandung jeung sabudereunana keuna ku bancang pakewuh alatan banjir… naon anu jadi sabab aya kajadian banjir di Bandung ..? ahh… budak leutik ge nyahoeun, nya tangtu cai anu jadi sababna mah. Ngan nya kitu, naha kunaon eta cai tepi ka bisa ngeueum Bandung anu sakitu legana…? Sedengkeun sababaraha bulan anu geus kaliwat, dina usum katiga, Bandung kakurangan jeung sangsara ku cai anu bersih. Jadina teh… sangsara ku lobana, susah ku sabab kakurangan…. Ngan nya kitu… sok jadi matak tugenah… da geuning taya pisan usaha jeung tarekah ti masyarakatna, geus puguh ning ti pamarentah mah, da memang geus lain arep-arepkeuneun ari pamarentah mah…. Anu sok matak hookeun mah…. Enya kuring anu hookeun teh, da ari batur mah nya teuing ku karepna wae… eta kuring sok hookeun ku polah inohong ti rengrengan organisasi kaagamaan (Islam) sigana teh hare-hare wae… sigana, ceuk pikirna banjir jeung kakurangan cai mah lain urusan agama, lain pikiraneun maranehna…. Padahal, pan banjir jeung kakurangan cai teh teu kurang nyangsarakeun model tunggara alatan teu boga duit, intina mah sarua matak katalangsara…. malah jadi alatan ngancam kasalametan balarea… Sedengkeun anu ngarana katalangsara pan mangrupa hiji sabab anu bisa nimbulkeun kakufuran…?? Mun banjir jeung kakurangan cai diantarana alatan leuweung anu gundul bulistir teu kaurus jeung teu diurus…. kira-kira eta kaasup masalah ka-agama-an lain..??
