Tujuan Hiji iskusi sacara Umm :
 
1. Kanggo ngahontal solusi pangsaena
Upami henteu,
2. Wanoh langkung sae ka sadaya nu ngiring diskusi, di na hal adat, kabiasaan,
pantanganana sste.
 
3. Wanoh ka na pikir sareng rasa, boh ka dirina jeung ka nu sejen
 
4. Nambah kajembaran elmu
 
5. Nambah seukeut analisa pribadi, ka na elmu naon wae
 
6. Ngalaksanakeun cara nu didiskuskeun langkung sae
 
Tah panginten eta sacara Umum mah, manawi bahan katampi, mugi aya nu nambihan.
 
Upami aya nu dugi ka adug songkol mempertahankeun hiji pamadegan, bari teu
ngarampa hate batur; panginten tos kaluar ti na TUJUAN diskusi; eta kedah 
dipahing pisan. Kantenan atuh bari jeung ngewa mah ka mitra diskusi nu sanesna.
Aya hiji cara anu ngajaga teu pasea, nya eta KOMPROMI ! Mun ieu oge GAGAL;
nya atuh kakuatan manusa mah aya watesna tea; eta mah nyanggakeun; teu langkung
nu nuju ngajalanan diskusi.
 
Punten sanes nyanyahoanan, ieu mah ngingetan bisi katalanjuran.
 
Salam,
Abbas Amin


      

Kirim email ke