Assalamu'alaikum Wargi Sunda sadaya,
 
Punten ieu mah sanes nyanyahoanan................
Tapi ti na seratan2 nu ayeuna aya di Ki Sunda, sim kuring bade urun ide, tebih
ari ka na sae mah, mung nyobi nganalisa, tidituna mah manawi wee aya mang-
paatna, atuh henteu cenah, teu naon2, mudah2an we janten brainstorming ka nu
sanesna. Mudah2an Amiiin.
 
Ku ayana Milist Kisunda, seueur nu katarik hoyong ngiring ilubiung, ngareuah 
reuah
ieu milist. Dina hal eta mah urang kudu ngucapkeun Alhamdulillah yen masih aya 
US
nu paduli ka Sunda, masing ngan ukur milist oge.
 
Tah mimiti urang kawitan tina motivasi baraya Sunda milu di na ieu milis; da 
eta teh
penting, pikeun nganyahokeun sikep jalmi Sunda sacara nya salobana anggota we.
 
Tah mun tea mah didata, statistikna motivasi teh kieu meureun ( meureun ieu ge 
) :
 
1. Ngarasa aya getih Sunda, hayang ngobrol ku basa Sunda
2. Resep wee papanggih jeung baraya Sunda ti suklakna ti siklukna
3. Bari mulungan susuganan nambahan elmu
4. Bari hayang nyaho ka diri
5. Aya ge nu nempo aya milist kisunda, bari daria hayang ngahijikeun US di na
hal nu leuwih luhur, nya eta ngahontal CITA2 Sunda Digjaya tea.
 
Kira2 gurat badagna mah nu lima ieu meureun. Persentase nu Nomer 5 teh, kacida
leutikna, tapi boga cita2. Alus ari cita2na mah, tapi da moal bisa ku gurung 
gusuh,
ari ieu siga pisan sim salabim US ngahij, sapikir sarasa tea. Nya atuh, bakal 
nyamos,
bakal gagal, teu nempo ka na SIKON; akhirna naon ?
 
Meupeus keuyang, sagala disalahkeun.
Cek basa Psycholgyna mah meureun : gambaran kekecewaan yang sangat besar.
 
Ari ti ditu na mah atoh aya milist US, dimana aya kamungkinan bisa nyalurkeun 
IDENA nu geus mang taun2 aya di na pipikiranana.
 
Keur SUNDA, saenyana mah ALUS boga cita2 kitu teh, tapi masalah nu kieu mah
da moal bisa ku ngan UKUR Milist atuh, leuwih lega ambahanana; jeunna deui loba
pisan faktor nu pakuat pakait, nepi ka situasina bisa disebutkeun "Mustahil" 
pisan,
atawa pamohalan di zaman ayeuna US hayang JAYA ! 
 
Di na waktu ayeuna mah eta IDE teh pamohalan; ayeuna mah kudu KOMPROMI we,
ngarah urang sakabeh bisa ngahenang ngahening, teu ngabarubahkeun sarerea.
 
Tah ayeuna nu mana cenah, nu boga cita2 luhur teh , tapi rada pamohalan ? 
 
Eta tah, nu sok mere weweling ka urang sakabeh, mapatahan bari mere sumanget,
supaya US mikirkeun masalah SUNDA Digjaya tea !
 
Tapi beuki dieu beuki kaciri, ipis pisan nu sumanget ka na hal ieu !
Naon sababna ? Da memang sikonna ayeuna mah kudu Kompromi.
Urang kudu nempo kanyataan, tah jalankeun hirup urang salaras jeung eta.
Mun teu kitu, urang bakal cilaka ku polah sorangan.
Keun we urang sorangan mah, eta lamun geus mamawa batur ! Ampun Gusti !
 
Model Ki Amrozy ngabom teu puguh alesanana. Kapan kabeh Urang Islam kababawa ?!
Goreng we Islam teh.
 
Tah nu boga cita2, enya ge alus, tah meureun ayeuna mah geus nempo kanyataan
nya ? Sok atuh ayeuna mah maning diskusi weee; tutup heula we cita2 teh saayeuna
mah. Duka dugi ka iraha tah ? Supaya ulah handeueul gede !
 
Sok mangga......... geura midang deui ..................
 
Wassalam,
Abbas Amin
 
 


      

Kirim email ke