Ngiring mairan ah.
Tilu dinten teu muka karopak milis Kisunda, JEBUL 200 'postingan'. Reueus.
Kutan Kang Waluya alumnus Fisika, sae.sae.
Balik ka nu topik, "evolusi". Numutkeun pemendak sim kuring mah,
evolusi fisik parantos riren. Euereun. Margi upami ayeuna
teras berevolusi, rupina tiasa kacau ieu alam
karamean. Nu aya atanapi anu nuju berjalan mah
dina danget ieu, evolusi spiritual, sanes fisik. Evolusi
spiritual ieu tiasa oge disebat revolusi,
gancang pisan perobihanana
tiasa disebat ampir-ampir nyaruan "kabisa" Gusti Allah anu nyiptakeun
urang-urang.
Misteri proses ngawujudna jelema jadi "makhluk anu
paling sampurna, nyanggakeun wae ka Kersana Nu Maha Kawasa,
upamina wae bade nalungtik teu aya laranganana, pikeun
pangarti jeung elmu pangawereuh. Sidik dina katerangan yen manusamah asalna
dijieun tina taneuh. (umpamana).
Naha evolusi pisik disebutkeun geus eureun? Emutan we atuh
upami sapi atanapi domba atanapi sakadang Onta lami-lami
janten pinter, mana daek maranehanana jadi kurban. Tangtuna bakal
lalumpatan jeung ngayakeun pemberontakan masal. Ngacir jeung
tibatan di paehan meningan perang jeung anu namina makeluk manusa.
ha..ha..ha..
Aya dua elmu anu muncul ka permukaan, hiji elmu
anu kaitanana jeung fisik jeung hiji deui elmu "non
fisik". Elmu non fisik, saeunyanamah ampir sarua wae
fungsi jeung kagunaanana, misalna, nelpon jaman ayeuna make
HaPe, baheula oga aya nyaeta make nelpon HaTe.
he..he..he..
Ceuk elmu fisika, jaman ayeuna jaman quantum, quark. Tapi tetep
muter-muter dinu fisik, ceuk titingalian mah anu nonggerak,
ngajegir cicing umpana, padahal hakekatnamah henteu
kitu, tapi mangrupakan kumpulan partikel-partikel anu
kabeungkeut ku iketan-iketan sub atomik anu salalawasna muter
(tawaf).
Sakitu heula anu kapihatur, punten upami ngacaprukna kirang merenah.
Baktos
mz
---
Khususon ka kang Halimunan, anu katiwisna ku abdi sami sareng
Nonggerak, atanpai Ki Agus Pakusarakan, upami bade mairan,
ulah pinuh ku kakeuheul sareng geuleuh.
he..he..he.. apan kedah ikhlas urang teh.
-> saenamah ngabahas kulit sapi sareng domba, apan nuju panen he..he..he..
--- On Tue, 12/9/08, richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]>
hatur nuhun, Kang!
duka abdi hilap duka pasuliwer panginten
tapi anjeuna kantos ngangken kitu
From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com>
Bah Willy mah sanes ti jurusan geodesi tapi ti jurusan Fisika.
From: Halimun An <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Tuesday, December 9, 2008 4:30:25 AM
Subject: Re: [kisunda] Teori Evolusi Bah Waluya
ur profesina sering ngambah ka mana2
lampar tur leubeut pangaweruhna. Utamina deuih rajin maca dan pengamat fenomena
sosial nu titen, surti tur nastiti
Start your day with Yahoo!7 and win a Sony Bravia TV. Enter now.