Hiji mangsa uing panggih jeung jelema anu  kasebatna elmuna
parantos luhung,  nggeus ngambah "tujuh sumur tujuh
undakan".  

Nanya ka uing, cikan lamun uing  hanyang jadi gubernur kumaha tarekahna ?



"Naha make hayang jadi Gubernur?", tanya uing.

"Kahiji, ieu amanah jeung peupeujeuh ti indung kuring,  maneh kudu
jadi Gubernur". Ceuk manehna. "Kaduana,  ceuk indung kuring, 
ti jaman  saeugeusna Aang Kunaefi jadi Gubernur nepi ka ayeuna,
Gubernur (Jabar)  euweuh nu baleg".



Kabeneran,  ieu obrolan teh dina mangsa rengse reunian sakola,
dina hiji  "temu wicara", anu di luuhan ku  Kang Dede, Kang
Setia Permana,  Prof. Dedi  aya hiji  peserta anu maju
ka hareup terus "curhat".   Yen manehanana nepi danget ieu
ngan ukur jadi  "Kolekstor Bad debt",  sababna kulantaran
boga BEUNGEUT anu siga PREMAN. Beda jeung babaturanana anu geus
jadi  profesor di Unpad, siga  Prof. Asep Kartiwa.  



"Tah euy,  eta babaturan urang anu ngomong  'takdir" 
yen boga beungeut  preman, jeung rumasa kana
beubeungeutanana,  eta teh siga heureuy  padahal 
nyaan  etateh aya benerna.

"Na kumaha kitu ? ", cuek babaturan uing teh. 



Tah upami  Akang hoyong jadi  Gubernur,  cobi  we
ngeunteung heula,  taros ka diri salira  pantes teu ? 



Soe we tingali we anu geus kajadian, ku uing pernah di ramalkeun yeng
pasangan HADE bakal meunang ti batan  pasangan lainna, 
alesanana kulantaran Beubeungeutan,  (harita pada nyeungseurikeun
) masyarakat Jabarmah teu ningal kanu VISI sereng MISI anu di emban ka
para CAGUB, tapi ku photo anu nonggerak dina gambar surat suara. 
Pan sakitu "emut ngagelenyu" eta photo pasangan HADE dina surat suara,
beda jeung pesaingna.   Rakyat mah moal nyahoeun kumaha
kanyaho jeung tarekah eta calon(anu ayeuna geus jadi Gubernur jeung
Wagub)  kanu kaayaan jeung problema Jabar



Variabel,  pikeun jadi Gubernur jaman ayeunamah  sesah
ngukurna,  aya dua paremeter anu pokok : Hiji, parahu naon anu
bakal di pake (partai anu sakitu lobana), kaduana soal biaya anu sakitu
gedena,.  Beda jeung jaman baheula.  Ngan ukur cukup ku
modal  ti instruksi Presiden  anu  kosolidasi
jeung  Mendagri.  Tah ayeunamah hese.



Tapi kuring boga saran ka anjeuna.  Ceuk kuring,  cobi
nganggo pendekatan kultural, nyaeta budaya Sunda.  Tah ieu 
mah bakal rada efektif,  lamun ngagunakeun kampanye boh make media
TV, atanapi Radio mah moal efektif, da eleh ku iklan jeung pilem
sinetron.  Tah jadi mun bisa mah deukeutan inohong-inohong Sunda,
umpanana Kang Ganjar anu ayeuna  nuju  mingpin  Paguron
Luhur.



Sakitu dongeng  ti  pribados.



Baktos

mz








      

Kirim email ke