Aya tukang ngala kai di leuweung nu kahirupanana kacida miskinna. Hiji
waktu, basa manehna keur nutuhan dahan kai nu ngaroyom ka walungan, kampakna
locot, ngacleng ka walungan. Si Tukang kai teh ceurik bari ngadoa ka dewa.
Doana kadanguan ku Dewa, Dewa turun ti langit teras naros : " Hey...kunaon
maneh ceurik?"

Si Tukang Kai teh ngajawab yen kampakna tikecemplung ka walungan, padahal
manehna perlu pisan eta kampak keur balangsiar.

Dewa langsung teuleum ka walungan, terus mucunghul bari mamawa kampak nu
dijieun ku emas, "Ieu kampak anjeun teh?"

Tukang Kai ngajawab : "Sanes!"

Dewa ngagejuburkeun deui ka walungan, terus teuleum deui, teu kungsi lila
mucunghul deui dina leungeunna mamawa kampak nu bahanna perak, terus nanya
ka tukang kai : " Sugan nu ieu kampak anjeun teh?"

Sakali deui, tukang kai ngajawab : "Sanes"

Gejebur deui, dewa teuleum deui, basa mucunghul deui mawa kampak tina beusi,
anu memang kaboga si Tukang Kai, " Ieu meureun kampak maneh teh?"

Tukang kai ngajawab: " Sumuhun, leres Gusti"

Dewa kacida gumbirana, aya jelema  kacida jujurna, eta tilu kampak teh 
kabehanana
dibikeun supaya disimpen ku tukang kai. Tukang kai balik ka imahna bari
jeung kacida bungahna.

Hiji waktu tukang kai teh leumpang jeung pamajikanana di sisi walungan.
Dasar sue, pamajikanana tikosewad, tepi ka tigebrus ka walungan. Si Tukang
Kai ceurik deui bari ngadoa ka dewa. Doana kadangueun ku Dewa, dewa turun
ti langit teras naros : "Kunaon deui maneh ceurik?"

Si Tukang Kai ngajawab pamajikanana tikecemplung ka walungan, gancangan dewa
neuleuman walungan, terus mucunghul bari mawa .............Deasy Ratnasari,
terus naros: " Ieu pamajikan maneh teh?"

Na ari pok teh:" Sumuhun leres, eta pamajikan abdi teh!"

Dewa teh kacida ambekna, teras nyarios : " Maneh bohong!, teu jujur!"

Si Tukang Kai teh ngajawab bari ampun-ampunan : " Aduh gusti abdi
nyuhungkeun dihapunten, sanes.....sanes....kitu maksad teh, ieu mah salah
faham. Kieu geura Gusti, upami abdi ngajawab eta sanes pamajikan abdi, 
meureun engke
Gusti teuleum deui, nyandak ............Meriam Bellina. Upama ku abdi 
dijawab
deui, eta mah sanes pamajikan abdi,  Gusti teuleum deui nyandak pamajikan
abdi nu saleresna. Engkena  ku Gusti nu
tiluan sadayana dipasihkeun ka abdi. Gusti anu Agung, pan terang nyalira 
abdi teh jalmi
teu gaduh,  teu mampu gaduh pamajikan satilu-tilu, kumargi kitu abdi
gancangan we ngajawab leres, waktos Gusti nyandak Deasy Ratnasari teh!

[Terjemahan tina milis tatangga, dirobah saeutik]


Baktos,
WALUYA 


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke