Salam ka sadaya wargi nu karempel di ieu milis,
Ngawitan ku Nyebat Jenengan AnjeunNa anu Nyiptakeun sagala,
Sagala Puja sareng Puji estu Kanggo AnjeunNa Dat Anu Langkung Agung.
 
Para wargi sadayana nu karempel di ieu milis, 
Punten pisan sanes sim kuring nyanyahoanan, atawa guminter, da mung Gusti Anu
Maha Uninga sagala mah. Sim kuring mah ngan saukur boga niyat, ari tidituna mah 
milu ilubiung pikeun kasaean urang sadaya, eta ge manawi bahan katampi, da ari
kanggo maslahat henteuna mah, duka teh teuing. Mudah2an we atuh.
 
Sim kuring bade urun saeutik kanyaho, ti na bab TAFSIR surat Al Baqarah ayat2 nu
ngawitan, mungkin seueur nu langkung tiasa ti batan sim kuring, misalna kang 
Manar ,
Kng Maman, ssd. Teu sawios, upami wae bade masihan saran sareng kritik oge, 
nuhun pisan ditampi. Bok bilih aya nu kirang panuju ka na tafsir VERSI Abbas 
Amin, sim kuring nyuhunkeun dihapunten pisan, mung sakitu kabisa abdi.
 
Mangga ayeuna urang kawitan, bari neneda ka Gusti Nu Maha Suci, mudah2an ieu
tulisan teh sing aya atuh mangpaatna, saeutik wae mah.
 
Alif Laaaam Mim. dzaalikal kitaabu laaroibafiih, huda lil Muttaqiin.
Alladziina yu-minuuna bil ghaibi, wayukiimuunashshalaati wa mimmaa
rozaqnaahum yun fikuun.
Ulaaika alaa hudammirRabbihim, wa ulaaaika humul muflihuun
Innalladziina kafruu sawaaun alaihim aanzartahum am lam turzirhum laa yu-minuun
khatamallaahu alaa kuluubihim wa alaa samihim ghisyaawatuw walahum azaabun 
aziim 
waminannasi man yakulu sst
 
Alif lam mim........ Mung Gusti nu Uninga hartosna. Tapi urang oge kudu nyoba
narjamahkeun .
Numutkeun kabiasaan aya kecap Alam nu hartosna Nyaraho maraneh ?
Tah ku sim kuring oge ditarjamahkeun ku harti eta, lantaran paling logis , mun
aya pananya kitu ti Gusti teras dijelaskeun ku Anjeunna ka urang ku parantaraan
Rasul. Kapan saparantos Alif lam Mim , langsung dzaalikal kitaabu ...jst
 
"Tah ieu Ucapan Kami teh .....= dzaalikal kitaabu......
montong cangcaya = laa roibafiih
pituduh keur jalma Muttaqiin = huda lil muttaqiin
 
Naha cenah jol jol dzaalikal kitaabu jst ? pastina ge eta kalimah teh nyambung
ti nu sejen, da saha atuh nu menta ?
 
Tah ieu Ayat2 awal Al Baqarah teh response langsung ti na 
"Ihdinashshiraatal mustaqiim" dina surat Al Faatihah.
 
Tah ieu yeuh Qur'an sagemblengna mun hayang di jalan nu TEPAT mah.
Qur-an = kalimah kalimah Gusti ka Rasul
Nu matak Fatihah disebut Ummul Kitab. lantaran ti Fatihah tea, 
jawabanana teh AlQur-an.
 
Naon margana aya kecap dzaalikal kitaabu laaroiba fiihi huda lil muttaqqiin ?
 
Eta hartosna diantara manusa, aya nu NEANGAN Gusti, bari ngalakukeun 
kamanusaan, tapi maranehna teu nyaho lumaha kuduna nyaketan Gusti teh ?
Tah ka jelema nu kieu ditujukeunana eta Wahyu teh. Da ari ka nu teu percaya
mah nanaonan teu puguh2. Jadi ku Asihna Gusti ka nu hoyong wanoh ka MantenNa
nya diwahyukeun Kalimah Gusti parantaraan Rasul.
 
Pangheulana diajarkeun nya eta ngabedakeun manusa ka na tilu rupa :
Hiji jalma Muttaqiin, dimana Qur-an keur maranehna suapaya tetep lempeng.
Nu Kadua : Jalma kafir, nu teu percaya ka Gusti , kitab, kiamat jsjb
Nu Ktilu : Jalma munafiquun, alias beungeut nyanghareup ati mungkir
 
Ciri2na disebatkeun ku Gusti.
 
Rasul usul ku hoyong masihan pituduh ka dulur, enya ge kafir teu nyembah ka 
Gusti
Gusti ngidinan, ngan ulah dipaksa cenah, pek we ari bisa mah.
Waktu ku Rasul dijalankeun, memang nyata pisan ieu tilu rupa manusa teh
mucunghul; lolobana nu katilu nyaeta munafiquun.
 
Jadi Gusti ngaluarkeun kalimahNa ku lantaran dipenta ku manusa Muttaqiin.
 
Naon cenah Muttaqiin teh ? 
Percaya ka Nughaib ( Gusti, Malaikat ), jeung nyembah ka Gusti, terus 
amal shalih nu sejenna keur manusa jeung lingkunganana.
Marnehna oge percaya ka na "Kalimah" Gusti nu dibikeunka manusa pilihan
nu sejenna. Percaya oge ka na poe Akhir.
 
 Bilih panjang teuing, sakieu wae heula ti sim kuring, kirang lankungna mugi
agung cukup lumur, mugia kersa ngahampura.
 
salam,
Abbas Amin 
 
 
 
 
 


      

Kirim email ke