sakujur bandung, halimun peuray, kapuput, mepedut
na mumunggang sataranjang, ciibun nyaab, mangkukna
tina tungtung perang jukut gunung, remis, geus pamit, kamari
enung, iraha deui atuh
urang
bisa ka mumunggang
nyawang bandung halimunan?
On Thu, Dec 11, 2008 at 7:57 PM, ilen kardani <
[email protected]> wrote:
> Jangji Asih
>
> Dina mumunggang geulis
> Carita urang munggaran
> Nyawang Bandung nu alum keur halimunan
> Ngagalindeung gening
> Kamelang urang duaan
> Jangji asih, subaya silih belaan
>
> Ukur impian keur urang duaan
> Bandung siga ngagupayan
>
> Leubah mumunggang geuning
> Harita diri nyorangan
> Ngalongkewang nugencang ambon sorangan
> Moal mungpang geulis
> Mun kapaksa pileuleuyan
> Teu kasawang nogencang nalamunan
>
> Ukur impian nu tanpa wekasan
> Pileuleuyan panungtunan
>
> Dina mumunggang geulis
> Ayeuna diri nyorangan
> Urang Bandung kacipta keur ngagupayan
> Angin gunung geuning
> Ngaharewos lalaunan
> Ngabejaan, urang Bandung pangantenan
>
> Ukur impian keur urang duaan
> Jangji Asih nalamunan
>
> __.
> _,___
>
--
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~