UA DUG, sae pisan elmu "nyumput buni dinu caang", saleresna eta elmu metafisik dina raraga jeung waruga penca nu kaalaman simkuring. Ngaleungit lain ceunah di kota New York nu pinuh jelema; ceuk murid kamana teu katingali jentul kuring; apan panon nu ningali di sulap teu bisa "ngadeuleu"; dina elmu buhun mah "DEULEU AING DEULEU SIA, DEUNGDEULEU'EUN; POEK AING POEK SIA PONGPOEKEUN".ieu elmu alus keur gelut, tingggal nyentangan musuh 2 dihareupeun urang da teu ka deuleu. Ku nagara2 adi kuasa mah ieu elmu jadi IPTEK nu gunana loba pisan.
Dina elmu sipil jeung arsitek nyumput dinu caang teu leupas dina ngolah IPTEK, ke ku uing dibere contona dina ngieun gua jeung kota dihadapeun taneuh jeung cai /dasar laut. Carana sabaraha ton tekanan cai jeung taneuh dina elmu teori gravitasi, jeung naon wae nu rek ngabukbrak ka cai jeung ka taneuh. Manusa jeung jijieueunana hasil produkna di handapan taneuh jeung cai , bisa heunteu nyalindung . angggap wae NGIEUN KUBURAN / nyumput dinu caang Gumantung sabaraha kandelna eta beton jeung reaksi campuran jat kimia nu ngabungkus beusi2 ku beton. Oge jeung kabutuhan naon? Cara ngieun guha / torowongan kudu make teknology canggih , alat2 raksasa nu bisa ngorowot ka jero taneuh; lamun dina ilmu ngebor mah disebut "drill" , nu bahanana pang teurasna sadunya naon wae nu aya di dunya arek gunung batu naon wae bisa di korowot keur ngieun LIANG NU POEK, DA JELEMAMAH RESEP NGALALIANG DINU POEK. Di nagara Scandanavia atos ka bukti "nyumput buni dinu caang " kota dihapeun taneuh oge cai. Eukeur tujuan ngahadang perang nuklir ti Pakistan-Iran-India-Cina-Korea-USA. Eta nuklir lamun lumpatna ka pamimpin nu leupas kontrol emosi kakuasaan, tiap kota nu jadi sasarana bakal "nyumput dinu caang" blassss poek heula kabeh kota jeung manusa nepi ka jero taneuh eta nuklir ngaratakeun taneuh. Balik deui ka elmu buhun "mulih ka jati mulang ka asal" lamun ka nuklir manusa-sato-tatangkalan-dunya jeung sa eusina = jadi debu, gas . seuneu, bayu ; bilih teu percanten taros ka ahli astromi nu gaduh toropong bentang raksasa apan bentang2 teh nu di luhur sami debu-gas nu muter da aya nu hirup. cag KY ________________________________ From: ua duq <[email protected]> To: Urangsunda <[email protected]>; kisunda <[email protected]>; barayasunda <[email protected]>yu Sent: Friday, December 12, 2008 4:46:18 AM Subject: [kisunda] wadusa(q)l!:'nyumput buni dinu caang' "nyumput buni dinu caang"In capruk on December 12, 2008 at 4:42 pm lamun urang panggih jeung urang sunda, coba tanya kieu: naha nya ari urang sunda, cenah badag, kasebutna ge seler nu boga massa kadua panglobana sanggeus jawa, tapi mun ditilik disidik sidik, diregepan dina konstelasi rasi nu ngaranna indonesa, ieu seler euweuh pisan aweuhanna. teu heos-heos acan. malah ulah seug dibandingkeun jeung seler jawa, ku seler nu boga bobotoh jauh leuwih saeutik ge eleh jauh?tah karesepna, urang sunda mah ngajawabna teh make paribasa. nu cenah elmu warisan ti karuhun. kieu waleranna teh geura, regepkeun ku sadayana: (sesana bisa ditoong di: http://uaduq. wordpress. com/2008/ 12/12/nyumput- buni-dinu- caang/ ) -- d-: dudi herlianto :-q ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
