Lamun urang nitenan ayat Qur'an ngeunaan sawarga, khusus di na sabbihis nu aya payalina jeung sawarga; nya eta khairun wa abqa tea........ ku implengan mah sigana urang teh poho ka na sagala rupa nu geus kalakon ku urang di dunya; urang bakal jadi diri pribadi anu sarua tapi geus teu inget naon nu karandapan waktu di dunya. Jadi sarua waktu urang brol jadi orok, oge teu inget naon2; teu inget yen asal urang teh ti GUSTI. Terus we ngajalanan hirup nepi ka jadi budak leutik --->>> jadi pamuda ---->>> jst. Tah jigana di sawarga urang teh FITRY deui ; teu inget waktu di dunya; urang mah ngan ukur ngajalankeun kasenangn we. HARDOLIN. Biasa boga tatangga, boga kikimdeuwan.....jste. Pokona naon wae nu biasa kaalaman di dunya, bakal datang deui, kalawan di na kaayaan nu leuwih alus. Keur nu ahli Sajarah, tah sagala kaayaan sajarah bakal tembong nembrak, jadi urang nyaho lalakon nu sabenerna. Kitu deui panaliti Ilmiah sejenna. Kitu kira kira di sawarga teh. Bosen cenah, ari kitu mah. Lain ge sawarga atuh ari bosen mah. Jigana kabiasaan mah moal leungit tah. Urang teu inget lalakon keur di dunya; tapi ari kabiasaan mah, misalna biasa naliti nalungtik, bakal terus tah. WallaHu-alam. Abbas Amin
