tah kieu pan ngeunah yeuh...
mun uing ngacapruk nya tinggal jawab ngacaprukna beulah mana
kang, lain uing nyebut agama teu meunang ditalar ku logika...
tapi ulah sagala di talar ku logika... moal kaudag... maksud uing kitu
hehehehehe
kaduana manusa disebut sampurna mun akalna dipake, teu dipake mah leuwih teu
sampurna batan sato to to to to hahahahaha
aya nu salah pisan di juragan maman,
hiji nyebut uing k nonggerak
kadua nyebut uing urang garut
uing halimun
uing urang sunda, teu ngabeda-beda ti garut, ti tasik, cirebon, banten, galuh
jsb
jelas juragan UING URANG SUNDA... tapi teu resep ka sunda hehehehehe
ulang ambek..... keun we kuma uing teu resep ge.... kunaon ?
SABAB SUNDA ELEHAN, jiga PSSI... elehan,
teu dilalajoanan da katempo euh euh euh ...
kang yana jeung kang ilen mah ngeunah, teu ningali urang sunda elehan
--- On Thu, 18/12/08, Maman wrote:
Tah geuningan rumaos ngacapruk. Alhamdulillah. Mung nyaeta numutkeun emutan
pribadosmah, agama (islam) teh pikeun jelema anu daek malikir, teu sakadar
¨samina wa athoina¨.
uing hayang nanya, geus saluhur kumaha logika jelema teh, na bet wani2 ngabaca
agama ukur ditalar ku logika ?
Naha Nabi Muhammad lahir di arab ? Margi di arab jaman harita jelemana geus
loba nu aredan ngalewatan batas-batas kamanusaan, jahil kabina-bina, umpanana
ngurebkeun orok hirup-hirup.Naha agama perlu oge dinalar ku logika? Kusabab
jalma mah lain sato, boga akal jeung pamilih.
Bener ari deet na mah pikiran jelema teh, ngan sadeet deetna jelema dina
berpikir, lain hartina NGABOBODO MANEH, da jelema mah boga sifat makhluk anu
paling sampurna, naha disebut makhluk anu paling sampurna? Sabab jelema ku
elmuNa anu dipasikeun ti Anjeuna bisa nganyahokeun saha Anjeuna. Allah SWT.Naha
papatong jangjangan? Kumargi eta parantos Qudrat sareng Iradatna, mung
palebah dieu urang tiasa ningali Keagunngan Tuhan.
Daek paeh ngabela agama, atanapi ¨ngabela"Alloh ? Parantos wawuh teu acan
sareng anu dibelana ? Tungtung-tungtungna lain ngabela Alloh, da memang
Alloh mah syareatna teu perlu dibela. Anu osok kaliru mah nya ¨ngabela¨
salah sasaran tea, hayang negakeun (istitusi/birokrasi ) Agama (islam)
tibatan mere conto nyata amar maŕuf nahi mungkar, ojol-ojol ngaboman
jelma-jelema anu ¨teu puah teu dosa¨ .Budaya teh hartina anu dimaksud ku
kuring mah, buah akal budi haisl pamikiran manusa, bisa oge adat jeung
istiadat anu turun tumurun ti jaman baheula, nepi ka kiwari. Dina raraga
NGIGELAN jaman jeung nyesuaikeun perkembangan Alam (anu keur menuju kanu
karusakan).
Heuras ? Atanapi negtreug? ha..ha..ha..
punten, numutkeun pemendak abdi, ieu teh ciri khas urang garut
(ASGAR)....Ampun paralun anu disuhun, PUNTEN KA URANG GARUT(nu sanesna) .
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[email protected]
mailto:[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/