teraskeun Kang ... lalakona

2008/12/19 Herman Adriansyah <[email protected]>

>    SERAT MAHA PURWA
>
> Murwa
>
> Serat Mahapurwa nyarioskeun lalakon Sang Hyang Adama, Sang Hyang Sita, Sang
> Hyang Nurcahya, Sang Hyang Nurasa, Sang Hyang Wenang, Sang Hyang Tunggal,
> sareng Sang Hyang Manikmaya. Wawaton seratan iyeu ngarujuk kana Serat
> Paramayoga garapan Pujangga Ranggawarsita di Surakarta anu ngarujuk Serat
> Jitapsara garapan Begawan Palasara di Astina sareng ngarujuk Pustaka Darya
> garapan Sang Hyang Nurcahya di Lokadewa.
>
> Lalakon Sang Hyang Adama
>
> Kocap kacarita Sang Hyang Adama saparantosna diturunkeun ka alam dunya
> sareng dihampura dosana, ngadeg raja di Kusniamalabari, ngaratuan sato
> kewan. Daharna tina pamuja. Sang Hyang Adama nyiptaken taun surya sareng
> taun candra, teras nyipta Tanajultarki kangge miwitan pepelakan na taun 129
> SA atawa taun 133 CA. Teu lami bojona Sang Hyang Adama nyaeta Dewi Hawa
> babaran kembar dampit putra-putri. Kembar dampit kahiji rupana awon, kadua
> sae, katilu awon, kaopat sae, kalima awon, kitu saterasna dugi opat puluh
> dua kali, nanging anu kagenep sareng ka opat puluh hiji teu dampit.
>
> Saparantosna gaduh putra lima dampit, Sang Hyang Adama bade ngajodokeun
> putra-putrina. Putra anu gagah dijodokeun sareng putri anu awon. Putri anu
> geulis dijodokeun sareng putra anu awon. Jadi teu dijodokeun saluyu sareng
> dampitanna.
>
> Ari pangersana Dewi Hawa, putra-putrina dijodokeun saluyu sareng
> dampitanna, anu gagah dijodokeun sareng anu geulis, anu awon sareng anu
> awon. Jojodoan iyeu jadi pasulaya antara Sang Hyang Adama sareng Dewi Hawa.
> Pasulayana ngantos rebutan kawasa ngaluarkeun rahsa anu diwadahan ku
> cupumanik sareng dipujakeun ka Gustina.
>
> Saparantosna dugi kana wancina, cupumanik dibuka. Rahsa pamuja dina
> cupumanik Sang Hyang Adama janten babayi nanging ngan raragana wungkul;
> sedengkeun rahsa pamuja dina cupumanik Dewi Hawa ngawujud getih. Dewi Hawa
> ngarasa nalangsa ku kaayaan eta.
>
> Jabang bayi anu aya dina cupumanik Sang Hyang Adama kena ku dihim pinasti
> janten jabang bayi anu sampurna kacaangan ku cahya nurbuat sareng aya
> sasmita ti Gusti nami eta jabang bayi teh Sang Hyang Sita. Mantenna suka
> bungah anu teu aya papadana.
>
> Teu lami aya gara-gara, cupumanik Sang Hyang Adama katiup angin puyuh
> lilimbungan tumiba kana teleng sagara hideung. Cupumanik kacekel ku Danyang
> Azazil, ratu banujan anu ngawasa sagara hideung.
>
> Ahirna Dewi Hawa manut kana aturan jojodoan Sang Hyang Adama. Sadaya
> putra-putrina lobana opat puluh dampit, sareng aya anu dua anu teu dampit
> nyaeta Sang Hyang Sita sareng Dewi Hunun.
>
> Putra-putri Sang Hyang Adama nyaeta
>
> Sang Hyang Kabila, Dewi Alima, Sang Hyang Habila, Dewi Damima, Sang Hyang
> Isrila, Dewi Sarira, Sang Hyang Israwana, Dewi Mona, Sang Hyang
> Basaradiwana, Dewi Dayuna, Sang Hyang Sita, Sang Hyang Yasita, Dewi Awisa,
> Sang Hyang Sesana, Dewi Aisa, Sang Hyang Yasmiyana, Dewi Ramsa, Sang Hyang
> Yanmiyana, Dewi Yarusa, Sang Hyang Suryana, Dewi Siriya, Sang Hyang Amana,
> Dewi Mahasa, Sang Hyang Kayumarata, Dewi Hindunmaras, Sang Hyang Yajuja,
> Dewi Majuja, Sang Hyang Lata, Dewi Uzza, Sang Hyang Harata, Dewi Haruti,
> Sang Hyang Danaba, Dewi Daniba, Sang Hyang Bantasa, Dewi Bintisa, Sang Hyang
> Somala, Dewi Susia, Sang Hyang Jamaruta dampitanna Dewi Malki, Sang Hyang
> Tamakala, Dewi Tamakali, Sang Hyang Adana, Dewi Adini, Sang Hyang Harnala,
> Dewi Harnila, Sang Hyang Samala, Dewi Samila, Sang Hyang Awala, Dewi Awila,
> Sang Hyang Astala, Dewi Astila, Sang Hyang Nurala, Dewi Nureli, Sang Hyang
> Nuhkala, Dewi Nuhkali, Sang Hyang Nuskala, Dewi Arki, Sang Hyang Sarkala,
> Dewi Sarki, Sang Hyang Karala, Dewi Karia, Sang Hyang Dujala, Dewi Dujila,
> Sang Hyang Katala, Dewi Katili, Sang Hyang Arkala, Dewi Arkali, Sang Hyang
> Mrihakala, Dewi Mrihakali, Sang Hyang Ardabala, Dewi Ardiati, Sang Hyang
> Sanala, Dewi Peni, Sang Hyang Pujala, Dewi Puji, Sang Hyang Sasala, Dewi
> Sasi, Sang Hyang Sahnala, Dewi Sani, Dewi Hunun, Sang Hyang Sahalanala,
> sareng Dewi Sahini.
>
> Nanging Sang Hyang Kabila, Dewi Alima, Sang Hyang Basaradiwana, Dewi
> Dayuna, Sang Hyang Lata, Dewi Uzza, teu manut kana aturan jojodoan Sang
> Hyang Adama. Sang Hyang Kabila teu saluyu, sareng hoyong dijodokeun ka jodo
> rayina nyaeta Sang Hyang Habila. Pasulaya rebutan jodo eta dugi ka rebutan
> pati. Sang Hyang Habila dipaehan ku Sang Hyang Kabila. Saparantosna rayina
> maot, Sang Hyang Kabila ngahuleng liyeur mikiran kumaha carana ngubur eta
> layon rayina. Teras aya manuk gaok totoker dina taneuh. Sang Hyang Kabila
> nurutan manuk gaok ngadamel liang lahat.
>
> Sang Hyang Kabila sareng bojona Dewi Alima jeung Dewi Damima ditundung ku
> Sang Hyang Adama, teras ngalalana dugi ka tanah Afrika, disarengan ku rayina
> Sang Hyang Basaradiwana, sareng Dewi Dayuna. Kitu oge Sang Hyang Yajuja
> sareng dampitanna Dewi Majuja nyusul Sang Hyang Kabila ka tanah Afrika.
> Sedengkeun Sang Hyang Lata Sareng Dewi Uzza ngalalana ka tanah Asia.
>
> Saterasna Sang Hyang Adama ngaratuan sato-kewan sareng anak-turunanna.
>
> Lalakon Sang Hyang Sita
>
> Saparantosna dewasa Sang Hyang Sita dipasihan jodo bidadari ku Gusti. Nami
> bojona Dewi Mulat. Rumahtanggana silih asah silih asih silih asuh.
>
> Kocap kacarita, Danyang Azazil ratu banujan di Sagara Hideung hoyong
> ngajodokeun putrina anu namina Dayang Dalajah ka turunan Sang Hyang Adama
> sangkan bisa ngaratuan bangsa manusa. Danyang Azazil ngaboyong putrina ka
> Kusniamalabari. Kusaktina Danyang Azazil, putrina malih rupa janten Dewi
> Mulat. Sedengkeun Dewi Mulat anu asli kasarung leungit tanpa lebih ilang
> tanpa karana disumputkeu ku Danyang Azazil.
>
> Kasurung ku gandrung kasorang ku cinta, Sang Hyang Sita saresmi sareng Dewi
> Mulat mamalihan. Kama manjing ing kenyapuri Dayang Dalajah kena ku dihim
> pinasti, cabar tina mamalihanana lajeng mulang ka Sagara Hideung sareng
> ramana Danyang Azazil. Dewi Mulat anu asli parantos katingali deui, sare
> sareng Sang Hyang Sita.
>
> Dewi Mulat ngandung jabang bayi. Dina wancina ngalahirkeun, wayah janari
> Dewi Mulat babaran kembar, anu kahiji mangrupi bayi lalaki, anu kadua
> mangrupa cahaya. Wanci sarepna dina poe anu sami, Dayang Dalajah oge
> ngalahirkeun wujudna rahsa, lajeng dibawa ka Kusniamalabari Ku Danyang
> Azazil.
>
> Rahsa sareng Cahaya gumulung ngahiji jadi bayi lalaki anu kalimputan ku
> cahaya gilang gumilang teu tiasa digarayang.
>
> Eyangna, Sang Hyang Adama masihan aran ka eta bayi kembar. Anu kahiji
> namina Sang Hyang Nara, anu kadua Sang Hyang Nara, margi kalimputan cahaya
> katelah Sang Hyang Nurcahya.
>
> Saparantosna dewasa, Sang Hyang Nasa suka kana elmu agama anu diwedar ku
> eyangna Sang Hyang Adama. Sedengkeun Sang Hyang Nurcahya suka tatapa di
> leuweung luwang-liwung, di pucuk-pucuk gunung, atawa dina jero-jero guha.
>
> Sang Hyang Nurcahya suka ngalalana ngalanglang buana, teras papendak sareng
> Danyang Azazil anu malih rupa janten maharesi anu sakti mandraguna pasagi ku
> pangarti pinuh ku elmu jembar ku pangabisa. Sang Hyang Nurcahya guguru ka
> Danyang Azazil, diwuruk diwulang olah kanuragan, kasakten, elmu panemu jampe
> pamake, kawedukan, kabedasan. Sang Hyang Nurcahya teu tutung ku api teu
> baseh ku cai teu teurak ku badama, bisa mancala putra mancala putri, bisa
> ngaleungit tanpa lebih ilang tanpa karana, bisa ngagegana mapak mega
> jumantara, bisa ambles bumi neuleuman sagara.
>
> Saparantosna tamat guguruna, Sang Hyang Nurcahya mulang ka Kusniamalabari.
> Sang Hyang Adama kaget ngaweruhan kaayaan incuna. Sang Hyang Nurcahya benten
> pisang sareng kembaranna Sang Hyang Nasa. Nanging Sang Hyang Adama teu
> kasamaran yen eta sadaya lantaran Danyang Azazil.
>
> Sang Hyang Adama ngadawuhan putrana Sang Hyang Sita ngabaran yen Sang Hyang
> Nurcahya isukan bakal mukir tina agama Sang Hyang Adama lantaran nganut
> ajaran Danyang Azazil. Sang Hyang Sita ngahuleung ngaraga meneng, kaduhung
> ku kalakuan Sang Hyang Nurcahya.
>
> Dina umur 990 tahun Sang Hyang Adama tilar dunya. Sadaya elmuna diwariskeun
> ka Sang Hyang Sita; sedengkeun kakawasaanna diwariskenana ka Sang Hyang
> Kayumarata, putrana anu ka tilu belas. Pambagian eta dumasar kana kaunggulan
> putra-putrana. Sang Hyang Sita janten pangawasa babagan rohani; sedengkeun
> Sang Hyang Kayumaratan janten pangawasa babagan jasmani.
>
>
> Lalakon Sang Hyang Nurcahya
>
> Maotna eyang Sang Hyang Adama janten memengen incunna nyaeta Sang Hyang
> Nurcahya. Anjeuna ngaraos kaduhung margi Sang Hyang Adama kena lara pati.
> Upami anjeunna masih netepan elmuna Sang Hyang Adama, pinasti anjeunna bakal
> kena ku lara pati. Teras Sang Hyang Nurcahya nilar Kusniamalabari bade
> milari elmu anu hanteu kena ku lara pati sangkan hirupna mulus rahayu
> lestari abadi.
>
> Sang Hyang Nurcahya ngalalana dugi ka luar batas nagari Kusniamalabari. Di
> tepis miring anu tumuju ka leuweung liwang-liwung, Sang Hyang Nurcahya
> papendak sareng Danyang Azazil. Anjeunna dibantun ka talatah Awinda nyaeta
> wewengkonna para siluman, anu kacida wingitna, poek-mongkleng, sareng
> tiis-tingtrim, ayanna di puser bumi belah kaler, anu teu kaambah ku cahaya
> panon poe. Di dinya ayana Tirtamarta Kamandalu, nyaeta cai kahuripan anu
> kaluar tina mustika mega.
>
> Sang Hyang Nurcahya sareng Danyang Azazil muja ka Gusti sangkan dipasihan
> Tirtamarta Kamandalu. Lajeng aya mega lalambakan mocoran cai kahuripan tina
> Sagara Rahmat. Sang Hyang Nurcahya disuruh mandi sareng nginum Tirtamarta
> Kamandalu. Sang Hyang Nurcahya hoyong ngawadahan eta cai kahuripan nanging
> teu mawa wadah. Danyang Azazil masihan wadah namina Cupumanik Astagina anu
> saleresna kagungan Sang Hyang Adama waktu katiup angin puyuh liliwungan
> lagrag dina teleng Sagara Hideung wewengkonna Danyang Azazil. Cupumanik
> Astagina gaduh kasaktian sadaya anu diwadahan ku eta cupu moal bakal seep.
>
> Lajeng Sang Hyang Nurcahya kaluar ti talatah Awinda, sareng Danyang Azazil
> leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Sang Hyang Nurcahya neraskeun
> lalampahanna sorangan. Di hiji talatah anjeunna mendak hiji tatangkalan anu
> akarna tiasa ngalantaran hurip kajati mulang ka asal kebo mulih makandangan,
> sumber kahirupanna alam dunya, anu katelah Lata Maosadi.
>
> Wancina Sang Hyang Nurcahya bade mulang ka Kusniamalabari bingung kasarung
> teu emut kamana jalanna. Anjeunna kalunta-lunta ngalalana ngambah jurang
> jungkrang, gunung nangtung, leuleuweungan.
>
> Dina hiji poe anjeunna anjog ka sisi sagara, sareng ningali aya dua mahluk
> nangtung di luhur sagara. Sang Hyang Nurcahya nampak sancang leumpang di
> luhur cai nyaketan eta mahluk. Anu kahiji namina Danyang Haruta, anu kadua
> Danyang Maruta. Baheulana mah eta mahluk teh namina Sang Hyang Isyana sareng
> Sang Hyang Isaya anu meunang bebendu ti Gusti katulah janten banujan nyaeta
> bangsa jin.
>
> Danyang Haruta sareng Danyang Maruta ngawuruk kaweruh Sang Hyang Nurcahya
> babagan lumakuna bumi, panon poe, bulan, bentang, anu katelah elmu palakiah,
> sareng elmu hikmah.
>
> Sang Hyang Nurcahya nyarita yen anjena hoyong terang sorga. Danyang Haruta
> sareng Danyang Maruta ngadongeng yen soga eta ayana dina hulu walungan anu
> pang ageungna di talatah Afrika. Sang Hyang Nurcahya percanten ka eta
> dongeng lajeng ngalalana milarian sorga nutuykeun eta walungan.
>
> Sang Hyang Nurcahya papendak sareng paman jeung bibina, nyaeta putra-putri
> Sang Hyang Adama anu ka lima belas namina Sang Hyang Lata sareng Dewi Uzza
> nuju tatapa di sisi eta walungan. Sang Hyang Nurcahya nyarita yen anjeunna
> putrana Sang Hyang Sita. Sang Hyang Lata sareng Dewi Uzza nampi kadatangan
> Sang Hyang Nurcahya, lajeng diwuruk elmu kaweruh sadurung winarah sadaya
> lalakon anu parantos atawa bakal kasorang.
>
> Lajeng Sang Hyang Nurcahya neraskeun milarian sorga dugi ka talaga
> Jambirilahiri di hulu walungan anu ayana di pucuk Gunung Kaspia. Sang Hyang
> Nurcahya ngahuleng ngaraga mineng kaduhung ku bingung margina teu mendakan
> ayana sorga.
>
> Aya sora tina jero kawah Gunung Kaspia anu api sareng latuna pating
> kolenyay murub-mubyar, ngaku-aku yen mantena eta Gusti Amurba Bumi anu
> kagungan sora sareng naraka. Eta sora teh dadamelan Danyang Azazil anu malih
> warna. Sang Hyang Nurcahya mesat ka jumantara ngadep Gusti Amurba Bumi
> nyuhun diweruhan ayana sorga. Sang Hyang Nurcahya lebet kana sosoca anu
> katelah Ratnadumilah, ningali kaendahan sadaya eusi sogra.
>
> Saparantosna kaluar tina jero sosoca, Danyang Azazil anu malih warni jadi
> Gusti Amurba Bumi masihkeun Ratnadumilah ka Sang Hyang Nurcahya. Kasaktian
> eta sosoca teh sadaya anu dipikacipta aya, anu dipikahayang datang, teu
> keuna ku tunduh, teu keuna ku laralapa. Lajeng Sang Hyang Nurcahya diwuruk
> elmu pangiwa panitisan, manjing suruping pati, lampahna cakramanggilingan.
>
> Sang Hyang Nurcahya teu hayang mulang ka Kusniamalabari. Danyang Azazil
> nuduhan hiji talatah anu tiasa didunungan ku Sang Hyang Nurcahya anu katelah
> Lokadewa. Lajeng Sang Hyang Nurcahya angkat ka eta tempat.
>
> Di Lokadewa, Sang Hyang Nurcahya neraskeun tapana di pucuk gunung nutuykeun
> lampahna panon poe. Wayah janari nyanghareup ka wetan, tengah poe
> nyanghareup ka luhur, wayah sareupna nyanghareup ka kulon. Lamina eta tatapa
> tujuh taun, dugi anjeuna ngaraga sukma lebet kana alam Sunyaruri
> awang-uwung, nyaeta alam Banujan. Sang Hyang Nurcahya dumunung di eta alam
> lamina sarebu taun.
>
> Kocap kacarita aya hiji ratu banujan anu ngadanyangan Lokadewa namina
> Danyang Maladewa, putrana Danyang Harataketu. Anjeuna nuju ngider bumi
> ningali aya cahaya murub-mubyar sanes surya gilang gumilang sanes bentang
> kadia sosoca sanes candra, nanging cahaya sukma trahna Sang Hyang Adama.
>
> Danyang Maladewa bade nyepeng eta cahaya nanging teu tiasa. Lajeng janten
> bandayuda ogol begalan pati sareng eta cahaya sukma anu ngaku-aku
> Amurbamisesa Alam. Danyang Maladewa kalah taluk ka Sang Hyang Nurcahya, anu
> saterasna ngadeg ratu di Lokadewa sareng migarwa putrina Danyang Maladewa
> anu katelah Dewi Mahamuni. Sadaya kulawarga sareng wadiabala Danyang
> Maladewa sami ngadep taluk hamarikelu ka Sang Hyang Nurcahya anu kasebat
> Dewata nyaeta guru linuhung Lokadewa. Eta wiwitanna para dewa disebat Sang
> Hyang magi julukan anu diagem ku Sang Hyang Nurcahya.
>
> Kocap kacarita Sang Hyang Nurcahya julukanana Sang Hyang Dewata, Sang Hyang
> Dewapamungkas, Sang Hyang Atmadewa, Sang Hyang Sukmakawekas, Sang Hyang
> Amurbengrat, Sang Hyang Manon, Sang Hyang Permana, Sang Hyang Permata, Sang
> Hyang Mahawidi, Sang Hyang Mahasidi, Sang Hyang Mahamulia, Sang Hyang
> Kahanantunggal, Sang Hyang Jagatmurtitaya, eta putrana Sang Hyang Sita,
> incuna Sang Hyang Adama.
>
> Sang Hyang Nurcahya gaduh putra tunggal ti garwana Dewi Mahamuni, anu
> namina Sang Hyang Nurasa margi kacipta tina aworna cahaya sareng rahsa anu
> disiram Tirtamarta Kamandalu.
>
> Lalakon Sang Hyang Nurasa
>
> Saparatosna Sang Hyang Nurasa dewasa, lajeng Sang Hyang Nurcahya
> ngawariskeun karaton ka putrana sareng masihan Cupumanik Astagina, Lata
> Maosadi, sareng Ratnadumilah. Sang Hyang Nurcahya lajeng nyipta Pustaka
> Darya, nyaeta seratan dina emutan, mantra tanpa sora, sora tanpa sastra, anu
> nyaritakeun lalampahan anjeunna. Pustaka Darya oge dipasihkeun ka Sang Hyang
> Nurasa.
>  
>

Kirim email ke