Kang Asep, sae pisan. Nuhun kanu kitunannana.
Sakedik mairan,  naon anu kasaksi dinu eta gambar,.. saenyana info ieu, info 
purba, jaman baheula, lain dina wanda ayeuna, atanapi dinu mangsa anu sami.  
Naha bet kitu? Margi ieu info merlukeun waktu, rebuan taun pikeun nyampe ke 
bumi, terus katingal ku panon buncelik. Janten kumaha kaayaan ayeuna kondisina 
dinu mangsa nu sami (bareng, serentak) teu acan katohyan, kumargi infona teu 
acan nyampai.   

Kajadian supernova ieu masih  mangrupakan padungdengan teoritis, mung nurutkeun 
itung-itungan mah, akibat kajadian Liang-hideung anu geus seubeuh  "ngadaharan" 
naon wae ku kakuatan gaya sedot gravitasi anu kuat pisan.
Kulantaran geus seubeuh-bureuteu, ngabeledug we he..he..he..

Baktos
mz

--- On Tue, 12/23/08, Aschev Schuraschev <[email protected]> wrote:

> From: Aschev Schuraschev <[email protected]>

> (http://su.wikipedia.org/wiki/Supernova)
> 
>  
> Gambar Supernova 1987A anu lumangsung dina Awan Magellan
> Badag. Tanda panah di bagian katuhu némbongkeun béntang
> saméméh bitu
>  
> Supernova nyaéta bituna hiji béntang di galaksi anu
> mancarkeun énergi anu kacida gedéna. Kajadian supernova
> ieu nandakeun lekasanana riwayat hiji béntang. Béntang anu
> ngalaman supernova baris katémbong pohara caangna malah mah
> caangna bisa ngahontal ratusan juta kali cahaya béntang
> kasebut dina waktu saacanna.
> Énergi anu dipancarkeun ku supernova kacida rosana. Malah
> pancaran énergi anu dipancarkeun waktu supernova lumangsung
> dina sawatara detik waé bisa nyaruaan pancaran énergi hiji
> béntang dina waktu jutaan nepi ka miliaran taun. Pancaran
> énergi supernova bisa diitung dumasar kana sipat-sipat
> pancaran radiasina.
> Supernova ilahar lumangsung dilantarankeun ku béakna umur
> hiji béntang. Waktu bahan-bahan nuklir dina inti béntang
> geus béak, mangka moal bisa lumangsung réaksi fusi nuklir
> anu mangrupa pangrojong hirupna hiji béntang. Sarta lamun
> béntang geus henteu bisa ngalakonan fusi nuklir ieu, mangka
> béntang baris paéh sarta ngalakonan supernova.
>   
> Wanda-wanda Supernova
>  
> Gambar supernova Keplers
>  
> Dumasar kana garis spéktrum dina supernova, mangka
> supernova bisa digolongkeun kana sababaraha wanda:
>       * Supernova Wanda Ia 
> Dina supernova ieu, waktu diimeutan, henteu kapanggih ayana
> garis spéktrum Hidrogen. 
>       * Supernova Wanda Ib/c 
> Dina supernova ieu, dina waktu diimeutan, henteu kapanggih
> ayana garis spéktrum Hidrogen atawa Helium. 
>       * Supernova Wanda II 
> Dina supernova ieu, kapanggih ayana garis spéktrum
> Hidrogen waktu pangimeutan. 
>       * Hipernova 
> Supernova wanda ieu ngaleupaskeun énergi anu pohara badag
> waktu bitu. Énergi ieu jauh leuwih badag dibandingkeun
> jeung énergi waktu supernova wanda anu séjén lumangsung. 
> Dumasar kana sumberna énergi supernova, mangka dihasilkeun
> papasingan supernova kawas kieu:
>       * Supernova Térmonuklir (Thermonuclear Supernovae) 
>       * Asalna tina béntang anu ngabogaan massa leutik 
>       * Asalna tina béntang anu geus ngalaman évolusi
> saterusna 
>       * Béntang anu bitu mangrupakeun anggota tina sistem
> béntang ganda. 
>       * Bituna ngancurkeun béntang tanpa sésa 
>       * Énergi bituna asalna tina pangbeuleuman Karbon (C)
> jeung Oksigen (O) 
>       * Supernova Runtuh-inti (Core-collapse Supernovae) 
>       * Asalna tina béntang anu ngabogaan massa nu gedé 
>       * Asalna tina béntang anu ngabogaan solobong béntang anu
> badag sarta masih ngaduruk Hidrogen di jerona. 
>       * Béntang anu bitu mangrupakeun béntang tunggal (kawas
> Supernova Wanda II), sarta béntang ganda (kawas supernova
> Wanda Ib/c) 
>       * Bituna béntang ngahasilkeun objék padet nu mangrupa
> béntang neutron atawa liang hideung (black hole). 
>       * Énergi bituna asalna tina tekenan 
> Tahapan lumangsungna Supernova
> Hiji béntang anu geus béak waktu hirupna, biasana baris
> ngalakonan supernova. Urutan tahapan lumangsungna supernova
> nyaéta kieu:
>       * Ngabareuhan 
> Béntang ngabareuhan alatan ngirimkeun inti Helium ti
> jerona ka pabeungeutan (permukaan) béntang. Ku kituna
> béntang baris jadi hiji béntang raksasa anu kacida badag,
> sarta boga warna beureum. Di bagian jerona, inti béntang
> baris beuki ngariyut. Dilantarankeun ku ngariyutna ieu,
> mangka béntang beuki panas sarta padet. 
>       * Inti Beusi 
> Waktu kabéh bagian inti béntang geus leungit, sarta anu
> tinggaleun di jerona ngan saukur unsur beusi, mangka kurang
> ti sadetik satuluyna hiji béntang asup kana tahap pamungkas
> kahirupanana. Ieu dilantarankeun struktur nuklir beusi
> henteu ngamungkinkeun atom-atom dina béntang pikeun
> ngalakonan réaksi fusi pikeun jadi unsur anu leuwih beurat.
> 
>       * Bitu 
> Dina tahap ieu, suhu dina inti béntang beuki nambahan nepi
> ka ngahontal 100 milyar darajat celcius. Satuluyna énergi
> ti inti ieu dipindahkeun nyimbutan béntang anu satuluyna
> bitu sarta nyebarkeun gelombang kejot. Waktu gelombang ieu
> tumiba kana material dina lapisan luar béntang, mangka
> material kasebut jadi panas. Dina suhu nu tangtu, material
> ieu boga guna pikeun fusi sarta jadi unsur-unsur anyar jeung
> isotop-isotop radioaktif. 
>       * Ngutahkeun material béntang 
> Gelombang kejot baris ngutahkeun material-material béntang
> ka rohang angkasa. 
> Akibat tina Supernova
> Supernova ngabalukarkeun akibat kana kahirupan di luar
> béntang kasebut, di antarana:
>       * Ngahasilkeun Logam 
> Dina inti béntang, lumangsung réaksi fusi nuklir. Dina
> réaksi ieu dilahirkan unsur-unsur anu leuwih beurat batan
> Hidrogen jeung Helium. Waktu supernova lumangsung,
> unsur-unsur ieu diutahkeun ka luar béntang sarta
> ngabeungharkeun awan antar béntang di sakurilingna ku
> unsur-unsur beurat. 
>       * Nyiptakeun Kahirupan di Alam Raya 
> Supernova ngutahkeun unsur-unsur nu tangtu ka rohang
> angkasa. Unsur-unsur ieu saterusna pindah ka bagian-bagian
> séjén anu jauh tina béntang anu bitu kasebut. Dipercaya
> yén unsur atawa materi kasebut saterusna ngagabung nyieun
> hiji béntang anyar atawa malah mah planét di alam raya. 
> Kajadian Supernova anu katiténan
>  
> Gambar supernova 1994D
>  
> Aya hiji béntang anu ngalakonan supernova di rohang
> jomantara unggal hiji detik kahirupan di bumi. Ngan waé,
> pikeun manggihan béntang anu baris ngalakonan supernova
> kasebut kacida hésé. Réa faktor anu mangaruhan dina
> pangimeutan supernova. Sanajan kitu, aya sawatara kajadian
> supernova anu geus katiténan ku manusa, ti antarana:
>       * Supernova 1994D 
> Baheula, hiji béntang ngajelegur di tempat anu kacida jauh
> ti bumi. Bituan éta béntang katempo kawas hiji titik nu
> caang. Ieu lumangsung di bagian luar tina galaksi NGC 4526,
> sarta dingaranan Supernova 1994D. Sinar anu dipancarkeunana
> salila sawatara minggu sanggeus bitu kasebut némbongkeun
> yén supernova kasebut mangrupakeun Supernova Tipe Ia.


      

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[email protected] 
    mailto:[email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke