Babaturan uing keur sakola SMA ayeuna linggihna di Auckland, sanajan terah
jawa, tapi lami linggih di Bandung, ngirim email ka pribados, kieu
dongengna.
Ketimbang buang duit malam tahun baru, mendingan ikut melestarikan budaya
bangsa. Bahan dari Detik Forum, karya Herdianz:
------------ --------- --------- --------- ------
Buruan Cium Gw
Lantaran panasaran ka pilem Buruan Cium Gue anu keur heboh lantaran
adeganana matak ajol ajolan jajantung, si aki jeung si nini malem
minggu kamari indit ka bioskop twentiwan nek lalajo. Dijero bioskop si
aki teu ngiceup ngiceup ningali adegan anu keur silih lamot biwir, ari
si nini mah jongjong we ngabeuweung borondong garing anu ditempat eta
katelahna pop corn tea.
Balik lalajo si aki alewoh nyaritakeun deui adegan anu kungsi ditingali dina
pilem eta.
"Nini asa kaingetan euy, pan salila urang bobogohan tug nepikeun
kasakieu kolotna asana can ngasaan nu ngarana silih lamot biwir teh !"
ceuk si aki mimiti kapangaruhan ku adegan pilem.
"Enya
euy aki...kumaha mun urang nyalingker heula kanu poek !" tembal si nini
satengah ngajalanan. Atuh teu diengkekeun deui dua duana terus
nyalingker kanu poek. Dinu poek nu kadenge teh ngan ukur sora si nini
semu ngaharoshos.
"Buruan cium dewek !"
Tilu jam tilu puluh menit tilu puluh detik, si aki jeung si nini kakara ting
kulunu tinu poek, pok si aki nanya ka si nini.
"Nini....kumaha rasana euy ?"
"Ueudaannnn meennnn !" tembal si nini nurutan iklan energy drink.
"Niniii...ke. .ke....rarasaan teh aya nu melag dina tikoro ?" ceuk si aki semu
reuwas bari ngarancetan tikorona.
"Puguh nini ge keur reuwas ieu teh... huntu palsu nini luncat kamana nya?"
============ ========= ========= ========= ========= =
Karya Cantel:
Salah Ngajalankeun Tugas.
Juragan Oded direktur PT. CILEUPEUNG balik tikantor ngajenghok lantaran
ningali juragan istri nu katelah gan Onah keur ceurik ngabangingik bari
terus ngadu ka salakina.
Juragan Istri :"Pih.. tadi si emang tukang kebon cunihin ka abdi, tapi saurna
dipiwarang ku papih !".
Juragan Oded : "Naha kunaon kitu?" ( ngajawab nyalse terus muka dasi lorengna
nu gagebay)
Juragan istri : "Ah pokona cunihin tur campelak ka dunungan, naha leres eta teh
dipiwarang ku papih ?"
Juragan Oded : "Naha da papih mah teu rumasa tutah titah nanaon ka
simamang teh, ngan tadi rumasa ngomong kieu dina telepon teh : 'Mang
lamun hujan, omat pangangkatkeun erok juragan istri, jeung asupkeun
manukna… sakitu !'
============================= Ngeureuyeuh nikreuh, neangan nu euweuh. Euweuh
dunu ayana aya dinu euweuhna