hus ah.. tapi enya ketang... kadangkala urang poho elmu pangaweruh teu cara
agama nu stagnan. kitu-kitu wae. dina elmu pangaweruh, contona ngeunaan
teori evolusi tiap waktu sok aya wae perubahan. dibebener. teori evolusi
darwin cek cenah geus loba ngalaman perkembangan. contona ayana teori
evolusi biologi nu oge kawentar ku sebutan new-darwinian. aya oge modern
sintesis... jadi teu nutup kamungkinan, atawa ketang lamun make basa agama
mah: PASTI! dina tungtung umur, teori evolusi darwin oge bakal anjog kana
kacindekan yen 'teori penciptaan' nu bener. ngan sigana bukti-bukti empiris
nu bisa nyindekeun kitu can katimu ku para elmuwan evolusian (haha ieu mah
basa kuring we, hampura mun salah).

ah sakitu we, hanjakal teu bisa neruskeun, da enya ukur cek cenah tea :(..
eh enya aya tambahan saeutik, rada bingkeung si. cenah nu cara darwin, nu
ngalakukeun paniten ka tempat-tempat 'eksotis' keur neuleuman hiji teori
elmu pangaweruh teh nyaeta, alfred russel wallacea. lamun darwin di
galapagos, wallacea mah di kapulauan nusantara, nu ayeuna mah jadi
indonesia. malah cek national geographic mah ieu dua mangkeluk teh
sosobatan. sanajan ukur dina surat. hasil paniten duanana oge cenah mah
silih punggu (basa sundana dukung asana mah).

duq
nb:anjir aing katingali jago teu? make istilah istilah di luhur. padahal
haha... ukur salintempel ti panimu mang gugel haha.... memang mang gugel
nyieun sakabeh jalma jiga nu pinter :))))

nb2 (husus keur kang kumi): dina postingan kang emun, asa asa aya pentingna
euy... nambahan v dina aksara sunda. eta tah palebah palid haha... ngan pan
kecap teu nutup kamungkinan ngabogaan loba harti oge nya? heuheu mimiti
goyah yeuh :))

On Wed, Dec 24, 2008 at 12:02 PM, Halimun An <[email protected]> wrote:

>   tah eta pan... urang islam mah boga teori sorangan,
> ulah pedah darwin ti barat der we sagala diteleg da asa modern..
> islam teu modern kitu ? beu beu beu....
> bener gan agus... urang ge boga sumber elmu nu bener2 valid,
> nyaeta QUR'AN... ngarujuk kadinya we... ulah sieun disebut teu modern
> atawa tinggaleun jaman atama tradisional atawa ortodok...
>
> Uing islam, gan agus islam... uing duaan palinter hehehehehehehe
>
> --- On Tue, 23/12/08, Agus Pakusarakan wrote:
>
> Hiji nu kaliwat ngarana ilmu pangetahuan komo teori evolusi darwin jeung
> islam
> sakuduna ilmuwan islam ulah pamo nurut kana terori2na evolusi darwin pan
> geus puguh aya cekelan anu pasti bener..
> sapertos nu dihandap iyeu
>  
> ._,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~

Kirim email ke