Hya nu wani, seuweu-siwi Siliwangi
 
Torotot Heong, suling aing tulang maung 
Pambuka kiat pibahu muringkak bulu, murinding
Tata ambeukan, seuseup neupi ka angen…tekeun !
Otot ngawat, balung ngawesi
 
Raga ngawiagra, dampal leungeun-suku ngamaung
Teuteup seukeut kapinding bulu halis carang
Peureup teu meupeul-teu muka…. cangkeurkeun !
Leungeun heras paneunggeul bari ngoet, burahay lir wesi geni 
 
Ngababuk, nangkis, nyeukeul, nyangkrem jiga maung 
Melong mencrong ngameong
Ngambat tanaga ka punduk, ka cakra mahkota…. bukakeun !
Sukma aing cicing, sima maung nganci
 
Pak tepak rampak gerak 
Nepak geurak gancang keuna cunduk
Hut het torompet ngagancangan, gerrrr ….guar gaurkeun !
Teudeung ludeung, wani teu sieun ku pati
Si Aing nu wani seuweu Siliwangi
 
Tagog rengkuh lir wiagra sayaga
Matak serab, gimir netra purusa
Kahibaran wawanen wiagra jaga nagara
Bagea hya, nu mawa budaya bhayangkara Pajajaran ngabwana
Hya nu wani seuweu-siwi Siliwangi
 
Cag
 
Sukmajaya
 
 



________________________________
From: SASTRANEGARA THARYANA <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, January 13, 2009 12:58:59 PM
Subject: Re: [kisunda] Pesawat Israel F15


Kang Kumincir hulu rudal eusi "karbit" , ceuk uing lamun ngajak perang bangsa 
yahudi gampang, manehna kudu talanjang kabeh,  ti urang talanjang 1000 lawan 
sarebu yahudi adu peureup adu tajong gulat jiga benjang penca bandung. Sok saha 
nu wani?
Lokasina erek di padang pasir, di gunung, di leuwi hayu wani jiganamah urang 
sunda.Sakalian maen rudal.




________________________________
 From: Kumincir Wikidisastra <kumin...@urangsunda .or.id>
To: kisu...@yahoogroups .com
Sent: Monday, January 12, 2009 10:24:49 AM
Subject: Re: [kisunda] Pesawat Israel F15


awak kapalna digesek ku muncang masing lesang, jadi teu katangkep ku radar
kapalna dilengkepan ku rudal, rudalna dijieun tina awi
hulu ledakna boled beunang nyeupan

pedo tah...


On Mon, Jan 12, 2009 at 10:13 PM, Roza Rahmadjasa Mintaredja wrote:

mun ceuk babasan kg Yana mah, 
US kudu nyieun F17Z, di kandang wesi, garut
jamin kabeh eleh, heheheeeeee

__._,_..___ 
Messages in this topic  (20)  Reply  (via web post)  | Start a new topic  
Messages | Files | Photos | Links | Database | Members | Calendar 
MARKETPLACE

________________________________
>From kitchen basics to easy recipes - join the Group from Kraft Foods  
 
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) 
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch format to 
Traditional 
Visit Your Group  | Yahoo! Groups Terms of Use  | Unsubscribe  
Recent Activity
        *  5
New Members
        *  22
New PhotosVisit Your Group  
Y! Messenger
Want a quick chat?
Chat over IM with
group members.
Yahoo! Groups
Stay healthy
and discover other
people who can help.
Yahoo! Groups
Going Green Zone
Resources for a greener planet.
Resources for a greener you.
. 
    


      

Kirim email ke