Hampura, uing teu sadia ngobrol ajaran islam sanes sareng nu agama islam.
uing oge moal nanaroskeun kayakinan salira da urang benten kayakinan.
ngan nu jelas teges mah uing teu ngamusuhan sasaha, asal teu noel kayakinan 
uing.

janten salira lepat nanaroskeun kacangcayaan salira kana ajaran islam...
komo ieu forum terbuka, teu sadaya umat islam tiasa nampi patarosan salira.

pami salira teu yakin kana kayakinan uing, cepeng ku nyalira.
pami uing teu yakin ku kayakinan salira, sami dicepeng ku uing.
urang ngajaga teu nyebrang kana kayakinan urang masing2.

pami salira hayoh wae nanaroskeun kacangcayaan salira kana dalil2 dina
qur'an nu jelas dianggap 100% benerna ku umat islam sa dunya, bisi aya
akibatna..

uing oge moal nanaroskeun kacangcayaan uing kana ajaran salira nu pasti 
dianggap 
100% benerna ku salira. 

kitu tah juragan, urang ngawangkong nu sanes we nu lian tina ngawangkongkeun
kayakinan uing masing2 nu jelas2 benten tebih.
pami dipaksakeun oge teu aya mangpaatna, kalah ka haben silih salahkeun.
agama salira cepeng ku salira, agama uing dicepeng ku uing.
eta nu jadi patokan uing. wios salira kantos ngobrol sareng anu sareng anu.....

sunda teh teu ukur islam, sunda wiwitan..... aya kristen, buda, hindu jsb....
urang silih hargaan we ku cara teu nanaroskeun lintas agama...
cepeng eta, dijamin moal aya papaseaan nu teu puguh alam ujurna...

anggur urang mikiran kunaon bet urang sunda nepi ka ayeuna paburencay,
sewang2an, ka kotak2, nu ieu ngarasa pang sundana, nu itu ngarasa pang 
sundana...
carita, dongeng2 pabaliut, utamana di masyarakat....
tos ratusan taun urang sunda jiga kieu.... rek nepi ka iraha mun teu diduruk 
heula mah.
kanyataana cara2 klasik nu salami ieu dilakonan ku sarerea geuning teu hasil.
uing aya ka hayang ka sunda, make cara uing.... keun we kuma uing...

hampura sakali deui, uing moal ngajawab patarosan2 salira perkawis agama uing.
kusabab urang beda agama.

Wassalam

NB: kang kuncen ulah disensor, pami disensor hartosna salira ngabela sunda 
wiwitan.
Nuhun.

--- On Wed, 21/1/09, engkus ruswana <[email protected]> wrote:

From: engkus ruswana <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Khinzir-->Re: Getih
To: [email protected]
Received: Wednesday, 21 January, 2009, 2:54 AM










    
            Sampurasun kang Imun nu ku kami dipihormat. 
Pawitan kami menta dihampura ka kang Imun, rehna kami mah teu bisa unggal poe 
mukaan surelek teh, ku lantaran dina raraga ngalaksanakeun tugas ngawulaan diri 
teh sering apruk-aprukan (tapi teu ari bari ngacapruk mah) ka sababaraha 
wewengkon nusantara nu teu di unggal tempat bisa mukaan surelek kisunda. Barang 
breh muka surelek ambuing-ambuing aya leuwih 2000 paguneman nu can kabuka, nya 
atuh kapaksa miceunan heula nu teu diperlukeun, tapi hususon tulisan ki Imun 
mah teu dihapusan memeh dibaca. Tah kukituna hampura kakara  bisa mairan 
totolna lisan (tulisan) ki Imun di Kisunda nu aya kaitanna jeung katugenahan 
kisanak ka kami, supaya ulah salah harti tina tulisan kami.
Paguneman ngeunaan topik ieu, geuning mani harengheng, hususna kaambek salira 
ka kami.beu...beu. ..beu...barang dibaca kalayan dilenyepan ku kami, timbulna 
teh hayang seuri (...ke rek seuri heula...he.. he...he.. .70x heu..heu) 
dibarung ku rasa sedih jeung prihatin (...hk....hik. .hik...7x hik....hiek. 
..), nyaeta ku teu nyangka eta pamikiran kisanak nepi ka dinya dina sakitu 
kaayaan geus cukup heubeul ngumbara di dunya alias legok tapak genteng kadek 
teh, bet teu katingali kajembaranana (duka mun dihalimunan keneh mah), da 
geuning :

Masih keneh ngagugulung kaambek, sedengkeun akang sorangan nyebutkeun yen jalma 
nu osok napsu ka batur mah deet elmuna, buktina ku basa nu saderhana bae geus 
salah ngahartikeun majar kami geus ngejejeleh Qur’an, sok geura lenyepan deui 
ku akang sing tarapti kalayan jembar, conto tah kang Waluya. Padahal akang 
ngaku pangbageurna, pangkasepna jeung pangpinterna sanajan kadieunakeun ngaku 
pengbeletna. Kade kang ah..... ulah sok umaku leuwih punjul ti batur eta lain 
adat Sunda (ceuk Ambu), pon kitu deui ulah nyumpahan diri sorangan nyebut 
pangbeletna (pamali bisi katuliskeun jurig...inget jurig ayeuna mah palinter 
kang seueur nu pendidikan S-3), eta sarua jeung teu ngahargaan ka diri akang 
sorangan, padahal eta diri teh lain boga akang da saukur nginjeum pakeun
 ngumbara di dunya, engke dina mangsana kudu mulangkeun kalayan bisa jeung 
bener mulangkeunana. Matak ari kolot mah nu wijak sok nyebutna teh “teu 
bodo-bodo acan”.
Pinter kodek ceuk basa Panjalu mah, da geuning ari ngeleketek jeung ngarorojok 
batur suka-senang, na ari dieleketek jeung dirojok batur bet ambek-ambekan. 
Nyata geuning ari ningali kasalahan batur mah gampang jeung genah, tapi 
ngeunteungan diri sorangan mah susah nya kang, matak luluhur Sunda mah geus 
surti, di unggal kabuyutan teh sok aya batu pangeunteungan sangkan ulah sasar 
nya lampah. 
Akang nyebutkeun obrolan teh ditujukeun keur kang Waluya nu cena sarua Islamna, 
jadi jiga nu teu panuju dipairan ku kami. Haaaaar.... ari akang, naha teu apal 
kitu samangsa-mangsa dialungkeun kana kisunda grup eta hartina keur balarea, 
jeung teu aya larangan nu sejen mairan. Lamun embung dipairan ku nu sejen, nya 
wayahna kudu ngaliwatan japri atuh kang.
Hampura kang, dina perkara padungdengan Islam jeung agama Sunda/Kapercayaan, 
kuring mah kungsi padungdengan jeung Sahid Agil Siradj (ahli fiqih NU), jeung 
Nurcholis Madjid (cak Nur almarhum) jeung Gus Dur. Eeh...aranjeunna mah jembar 
geuning kang teu model akang, mani nepi ka ambek.
Kaprihatinan kami, beu rek iraha majuna sunda lamun urangna teu jembar (oven 
minded -- ceuk kang Waluya mah), kaabus magunemkeun naon nu jadi ageman urang, 
supaya kauji benerna kayakinan nu dicepeng jeung kaasah naon nu geus jadi 
kanyaho pribadi oge bisa ngadorong sumanget pikeun neuleuman leuwih jero. Kami 
teu ngewa ka dulur nu ngagem Islam oge kana buku/kitab sucina, pan kami ge 
pernah nyebutkeun dulur kuring loba nu geus jadi haji, malah adi kuring 
sorangan jadi pangurus mesjid di lingkunganna, tapi nya dina hirup kumbuh mah 
tetep bae silih hargaan, pan beda teh kersaning ti Nu Maha Kawasa tapi tetep 
aya dina karukunan jeung persatuan, matak ceuk luluhur urang “Bhinneka Tunggal 
Ika – Tan Hana Dharma Mangrwa”. 
Ceuk akang hayang Sunda teh maju, sarua kang kami ge kitu Urang Sunda maju teh 
jadi cita-cita, ku kituna naon bae agama nu diagem ku urang sunda mangga da 
moal nganaha-naha, ngan kahayang mah ulah ngan ukur ngagugulung cangkangna, 
ulah ngan sakadar bisa macana atawa sakadar pangakuan, tapi pek teuleuman nepi 
ka kapanggih jeung karasa mustikaning elmuna, kaaji kalinuhunganana mun geus 
kaaji tangtu bisa kaaos pangaosna, geuning dina maca Kitabullah teh di Sunda 
mah sok disebut Pangajian atawa Pangaosan, sabab ari sakadar ngaku jeung diajar 
maca mah budak nu can baleg oge pasti bisaeun, tapi lamun ngaji jeung ngaosna 
can tangtu kolot ge bisa.
Nu jadi kahariwangan kami kang, mun dulur-dulur :
Ngelmu beo kang, ngan sakadar bisa nyarita/nyebut tapi teu nyaho hartina, 
tuturut munding (sok sanajan awak gede tanaga gede eee.... nurut jeung patuh 
bae sok sanajan ditungtun ku budak nu can baleg ge), atawa ngelmu monyet 
ngagugulung kalapa tea, nyaeta nyaho eta barang teh alus, berharga jeung 
ngeunah, tapi teu bisa mukana tungtungna ngan ukur disusuhun dipupusti bari teu 
tepi ka harti, nu antukna gampang kasigeung batur, bisa-bisa kajadian upamana 
aya jalma nu mungkus tarasi ku koran Arab (nu make basa jeung tulisan Arab) 
dianggap ngahina Qur’an terus bae diharurup/disiksa, ieu lain dongeng 
kang...sabab kiwari loba nu ahirna migusti kana agama atawa migusti kana 
kitabna. Kami teu rido mun urang Sunda barodo, kami teu panuju mun urang sunda 
jiga Imam Samudra nu ngahalalkeun “pembunuhan masal” sabab ngarasa pangbenerna, 
atawa jiga Syech ....
 (poho deui ngaran lengkepna nu urang Semarang tea), nu niat ngawin budak awewe 
umur 11 taun, umur 9 taun jeung nu umur 7 taun, alesanana cenah nurutan Kanjeng 
Nabi...beu.. ...nu kieu tah nu bodo teh (ceuk kuring), padahal luluhur Sunda 
mah geus mere papagon dina perkara kieu, teu meunang ngawinkeun budak jeung 
nyandung, geura baca dina Sanghiyang Siksa Kanda Ng Karesian aya papagon : “ 
Ini pakeun urang ngajadikeun budak. Ulah hawara dipitotohkeun nu ma mo bener 
bitan urang. Kareyaan urang, lamun lengkeng bapa turun ka anak lalaki, mun 
lengkeng indung turun ka anak wadon. Lamun pahi ma ti panca ti bumi ngarana 
buta sumurup ing kali, hanteu yogya mijodokeun bocah, bisi kabawa salah, bisi 
kaparisedek nu ngajadikeun” . Jeung dina Amanat Galunggung aya papagon : “beuki 
awor-awur tanpa wastu ikang bwana, carek Rakeyan Darmasiksa, surung reya geusan 
mangkuk heuweung keneh mo reya ewe,......”.
Kang Imun, sakanyaho kami mah dina ajaran agama naon bae sok pinuh ku siloka 
(guareun jeung ajieun keneh), sabab nu ngaranna wahyu, wangsit, pituduh, 
papatah luluhur (luluhur bangsa naon bae) biasana teu satarabasna tapi pinuh ku 
sanepo, pon kitu deui pastina ge dina Qur’an, da geuning buktina aya sababaraha 
tafsirna, jeung teu unggal ahli tafsir boga hartina nu sarua.
Soal tulisan kami lain teu ngahargaan atawa teu ngajenan kana Qur’an, tapi 
sapuk jeung Ambu yen lain ngan ukur Qur’an hiji-hijina sumber nu bener, nu 
hartina aya sumber bener lianna, da geuning cenah K.N. Muhammad kuanjeun 
nyebutkeun “carilah elmu bahkan sampai ke negeri Cina”, jeung deui eusina Al 
Quran sapanjang nu ku kami dibaca, aya nu mangrupakeun ayat-ayat Makkiyyah nu 
eusina ngandung perkara nu aya hubunganna jeung kaimanan, ajaran budi pangarti, 
ancaman jeung pahala oge carita-carita umat baheula saacan Nabi Muhammad, jeung 
aya ayat-ayat Madaniyyah nu eusina ngandung perkara hukum-hukum adat-budaya, 
kamasarakatan, katatanagaraan, perang jeung sajabana (ieu bukti yen agama teu 
bisa dipisahkeun jeung budaya bangsa dimana eta agama dilahirkeun) . Tah nu 
pasti dina ayat-ayat Madaniyyah ieu can tangtu cocog keur bangsa lian ti Arab, 
sabab adat
 jeung budaya unggal bangsa teu sarua gumantung kana kaayaan alam jeung 
lingkunganna, adat jeung budaya hiji bangsa diwangun ku alam lingkunganna. 
Contona bae kang, cenah dina terjemahan  Surat (5) An Nissa ayat 25 disebutkeun 
: “...dan barang siapa diantarana kamu yang tidak cukup pembelanjaannya untuk 
mengawini wanita merdeka lagi beriman, ia boleh mengawini wanita beriman dari 
budak-budak yang kamu miliki, sebagian kamu adalah dari sebagian yang lain, 
karena itu kawinilah mereka dengan seijin tuan mereka, kebolehan mengawini 
budak-budak itu adalah bagi orang-orang yang takut kepada kesulitan menjaga 
diri dari perbuatan zina diantaramu”, 
oge dina terjemahan Surat An Nuur ayat 33 disebutkeun : ....dan budak-budak 
yang kamu miliki yang menginginkan perjanjian (minta dimerdekakan dengan 
membayar sejumlah uang yang ditentukan). .”
tah dina dua surat ieu, jelas memang cocog jeung kondisi adat-budaya Arab waktu 
harita (jigana ayeuna ge masih) nu memang nganut sistim perbudakan, teu cocog 
tah jeung jaman luluhur urang Sunda nu teu pernah nganut sistim perbudakan.
Lamun ieu ayat bener terjemahananan (lain tafsiranna), kami teu percaya mun 
Gusti Allah ngabeda-bedakeun harkat jeung darajat awewe, nu miheulakeun atawa 
leuwih ngajenan awewe merdeka tibatan awewe nu teu merdeka (budak),  pangkat 
awewe teh jiga ngan saukur jadi tempat ngalampiaskeun libido lalaki nu sieun 
zinah (teu aya tah ayat nu ngatur lamun ninggang di awewe nu boga hasrat, kudu 
kumaha tah), jeung piraku Gusti Allah nyatujuan ayana perbudakan, pan cenah 
Gusti mah tara ngabeda-bedakeun, sabab harkat manusa mah gumantung kana 
kaimanannana nu diwujudkeun dina laku-lampahna. ....., tah lamun ieu terjemahan 
nu resmi kaluaran Depag teh salah atawa pamahaman kami teu bener....sok atuh ku 
akang bejer-beaskeun kumaha nu benerna?.
Dina surat An Najm pon kitu deui, asa piraku ari Gusti Allah bersumpah “demi 
bintang ketika terbenam, kawanmu (Muhammad) tidak sesat dan tidak keliru.
Contona deui kang yen ajaran agama teh pinuh ku siloka atawa ajieun, geuning 
disebutkeun cenah yen engke dimana jalma maot, dijero kubur bakal dihudangkeun 
deui terus ditakonan ku malaikat, mun teu salah (pangmenerkeun kang mun salah) 
diantarana : saha pangeran anjeun?, saha Rasul anjeun? Naon Kitab anjeun? 
kamana nya Kibat anjeun? jeung sajabana. Tah cenah dina alam eta mah biwir 
ngonci teu bisa nyarita, nu ngajawab teh ukur anggota badan (lian ti biwir).
Tah dina perkara ieu, kami ngalenyepen sakuringeun sorangan (ulah ambek nya 
kang da ieu mah pamikiran kami keur sakuringeun) ....asa piraku bet ditanyana 
engke mun geus dikubur, jeung naha make ditanya-tanya deui apan cenah malaikat 
geus nyatetkeun sagala ucap-tekad jeung lampah jalma teu aya nu kaliwat saeutik 
ge, jeung deui apan Gusti Allah mah Maha Uninga, naha make kudu nanya 
deui......., moal kitu ieu panakonan teh sabenerna nya panakonan kiwari dina 
mangsa hirup di dunya, sabab Gusti mah cenah moal rek ngaganjar jeung nyiksa, 
ganjaran jeung siksaan mah hasil tina lalampahan sorangan. Dina babasan sunda 
mah apan dikenal istilah jisim kang lantip jirim kang halus, jirim pangancikan 
jisim, yen jisim (hirup) teh aya dina kuburan (wujud/waruga) nu halus. Asa 
kaharti mun eta pananyaan teh datang ti roh suci nu aya dina wujud unggal manusa
 sakuringna-sakuring na sorangeun sorangan, tah panakonan teh teu mungkin 
dijawab ku biwir, maenya rek ngomong sorangan jiga nu owah mah, tapi ku prak 
migawekeun, meureun mun mangeran ka Gusti Allah Nu Maha Suci ku prak boga tekad 
suci, ngucap suci jeung migawe kasucian.... , mun mirasul ka KN Muhammad utusan 
Gusti atuh geura prak manut kana rasa nu sajati, mun ngiblat kana adegan Allah 
(Baetullah) atuh geura prak puseurkeun ka jalan Allah, jsbna....., lamun ceuk 
akang teh salah, lain kitu cenah.....sok atuh kumaha nu benerna da kami ge 
hayang nyaho jeung ngarti kana elmu nu bener mah.
Conto lianna kang guareun jeung ajieun teh, geuning cenah dina mangsa KN 
Muhammad ngajalankeun Isro-Miraj teh kungsi adu tawar jeung Gusti dina perkara 
kawajiban sholat, nu ahirna aya kasapukan antara KN jeung Gusti dina sapoe 
sapeuting teh ngajalankeun kawajiban shalat cukup ngan 5 waktu nu jumlahna 
total 19 rakaat. Tah naha nya kang apan Gusti Allah teh Maha Uninga nu tangtu 
uningaeun kasanggupan manusa jeung kasanggupan KN, naha bet kudu nguji heula, 
pon kitu deui waktu nguji kasatiaan KN Ibrahim? 
Kami sering ngareungeukeun dina televisi mun sanggeus dilantunkeun azan magrib, 
sok terus disambung ku terjemahan nu kurang leuwih kieu: “......ya Tuhan 
berikanlah rahmatMu dan tempatkanlah Nabi Muhammad  pada tempat yang mulia, 
sebagaimana yang engkau janjikan..” . Kami ngahuleng... ...haarr. .... naha 
ongkoh percaya, tapi jiga nu cangcaya make ditagih-tagih. Kami percaya pasti 
lain kitu maksudna. 
Naon atuh harti/eusi nu sabenerna, cobi kang tangtu akang terang pan akang 
sakitu reueusna kana Qur’an teh. Tahhh.....nu dimaksud kami ulah jiga monyet 
ngagugulung kalapa teh kitu kang....der ah geura ngajomantara. ... nuhun kang 
sateuacanna, apan elmu teh kudu diamalkeun jeung aya guna keur balarea, lain ge 
elmu mun teu aya guna keur balarea.   
Dina basa Sunda aya oge kang istilah atawa babasan yen “wujud asal ti indung, 
adat asal ti bapa”, :indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat”, tahhh model 
kieu ge bisa aya pananya naha geuning si eta mah dedegan jeung beungeut budak 
na teh siga bapana, adatna persis jiga indungna?... ahh teu bener eta babasan 
teh......, tah bukti yen dina papagon Sunda ge butuh guareun jeung ajieun, teu 
asal blem dihuapkeun da lain budak nu can baleg.
Conto lianna, cenah “sawarga teh aya di handapeun dampal suku indung”, tah 
lamun diaji mah aya sababaraha harti, diantarana yen handapeun dampal indung 
teh tangtu lemah-cai, nu hartina sumber kamakmuran jeung kasenangan hirup teh 
nyaeta ibu pertiwi tea, atuh mun kitu kumaha sakuduna urang mulang tarima jeung 
ngokolakeun ibu pertiwi teh, harti lianna ieu ngandung papatah yen lamun hayang 
hirup salamet, jeung senang di ahirat kudu tuhu jeung manut ka nu jadi 
indung...... ...tapi nu jelas mah kang...he..he. .he... ari sorga mah ayana 
lain dihandapeun dampal suku indung,  tapi diantara suku indung (keur bapa) 
atawa diantara suku bapa (keur indung) he...he...mungkas ku heureuy kang 
ah...., supaya akang teu ngambek bae ka kami.
Cag kang sakitu heula, sakali deui....deeeer. ..ah kang geura ngamalkeun elmu 
ku cara nulung ka nu butuh - nalang ka nu susah - nganteur ka nu keueung - 
nyaangan ka nu poekun...brayyy. ..bray... bray...
Pun tabe pun  
Engkus tea nun.

--- Pada Kam, 15/1/09, Halimun An <halimun...@yahoo. com> menulis:

Dari: Halimun An <halimun...@yahoo. com>
Topik: Re: [kisunda] Khinzir-->Re: Getih
Kepada: kisu...@yahoogroups .com
Tanggal: Kamis, 15 Januari, 2009, 6:17 PM








hehehehe uing mah da teu emosi ambu... ngan ambek wungkul ka jalmi eta... 
hahahaha

--- On Thu, 15/1/09, richadiana kartakusuma <richadianakartakusu m...@yahoo. 
com> wrote:


From: richadiana kartakusuma <richadianakartakusu m...@yahoo. com>
Subject: Re: [kisunda] Khinzir-->Re: Getih
To: kisu...@yahoogroups .com
Received: Thursday, 15 January, 2009, 3:27 AM






tuh dang KIMUN....dangukeun

urang teh majeng ka sepuh, nyulungsup ka sumur umur
sanes ka sumur emosi atuh...... prihatin be abdi mah 
bet teu euih2......

urang hirup teh apan diajar...... diajar...... diajar
dugi ka tutup umur



From: waluya2006 <waluya2...@yahoo. co.id>
To: kisu...@yahoogroups .com
Sent: Thursday, January 15, 2009 10:23:22 AM
Subject: [kisunda] Khinzir-->Re: Getih



> richadiana kartakusuma <richadianakartakus u...@...> wrote:
> tah teu kenging kitu.... sanes mangmeunangkeun Kang Engkus
> tapi kdah ditingali heula atuh..... naon margina kang Engkus kitu
> ulah teras reaksi wae.....

Sareng deui, saatosna dibulak-balik dibaca, seratan/ posting Kang 
Engkus rarasaan kuring mah teu nyigeung, ah biasa wae. Eta cenah 
pedah kang Engkus nyebatkeun inovasi teh datangna meunang urang 
Eropa jeung Yahudi. Ah da memang saleres kitu, na make kudu ngambek 
sagala ....

Ceuk Kang Engkus, siga "monyet ngagugulung kalapa", malah nguatkeun 
tulisan kang Halimun nyalira nu sababaraha kali nulis yen Al Qur'an 
teh pinuh ku elmu tapi acan kaguar kunu ngagemna kulantaran ngedul. 
Malah ceuk kuring mah kang Engkus ngahargaan pisan kana Al Qur'an, 
buktina anjeunna nganalogikeun kana "kalapa" nu acan dipesek. 
Hartina sacara teu langsung Kang Engkus oge ngangken AQ teh
 pinuh 
ku "eusi".

Janten naon masalahna Kang Imun? Pedah Kang Engkus pangagem Sunda 
Wiwitan, teu meunang saeutik-eutik acan abral-obrol Al Qur'an?

Keur kuring ieu hiji bukti deui, yen urang sunda teh aya keneh nu 
acan "open mind" masih kabelenggu ku iketan-iketan, teu bisa bebas 
mikir, emosional ditambahan gampang curiga jeung sok nyieun pager 
wates (sekat-sekat) .....

Baktos,
WALUYA





Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take a look.


        Terhubung langsung dengan banyak teman di blog dan situs pribadi Anda? 
 Buat Pingbox terbaru Anda sekarang!
      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take 
a look http://au.docs.yahoo.com/mail/smarterinbox

Kirim email ke