Punten ari ngobrolna mah ieu teh make basa sunda tapi ari nu jadi cepengan teh teh nu mana Arab atawa Sunda? Mun rek ngangkat darajat Arab tong dipake atuh basa sunda teh ngomongna make basa arab geura pan Sunda mah mitos cenah.
________________________________ From: Halimun An <[email protected]> To: [email protected] Sent: Tuesday, January 20, 2009 20:56:04 Subject: Re: [kisunda] Khinzir-->Re: Getih seratan Kang Ruswana hehehhehehehehehehe ku keukeuh nya..... --- On Wed, 21/1/09, Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com> wrote: From: Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com> Subject: Re: [kisunda] Khinzir-->Re: Getih seratan Kang Ruswana To: "kisunda" <kisu...@yahoogroups .com> Received: Wednesday, 21 January, 2009, 4:50 AM Kang Rus, sim kuring kacida katajina ka na seratan Kang Rus nu ditujukeun ka Kang Halimun, sesah pisan eta patarosan teh diwaleranana. Lantaran naon ? Lantaran sigana eta patarosan2 teh nya sami oge jeung patarosan umumna Muslim sareng Muslimat katut Ulama2na, ngan jigana mun urang Islam naroskeun nu kieu, bakal dipolototan ku para Ulama senior, pajar keun eh eta mah kudu ku kayakinan teu meunang sagawayah ditanyakeun ! Bisi doraka. Jadi Urang sarera , nu ngagem Agama Islam kudu tawadhu, yen loba keneh hal2 di na agama Islam nu can bisa ditarima ku logoka urang, di na hal ieu urang kudu mumuntang ka Gusti Nu Maha Suci, yen Elmu urang masih deet keneh, can nepi , jadi Logika urang can narima lain salah AYATna tapi urangna masih bodo. Naon maksadna Gusti Nu Maha Suci make Sumpah demi Bintang jsjbna? ku pikiran salwat mah naha Gusti leuwih handap ti batan Nu Diciptakeunana ???? Tapi ieu PASTI Mustahil. Jadi naon atuh maksudna ? Eta teh kieu kang Ruswana anu tangtos langkung Pinter ti batan kuring, Gusti Ngajar ka Muhammad supaya ngomong kitu; da meureun mun ngomong demi Rabb sayah mah, langsung didebat AING teu percaya ka Rabb maneh ! Nu matak di dinya demi Bintang jsjbna. Lantaran ieu keur debat jeung nu kafir tea. Kapan ari Wahyu Tuhan teh ahyu ucapan Tuhan nu Ngajar ka Muhammad Saw. Tah meureun ieu teh PAIZIN Gusti ka Rasul nyebut demi Bintang, lain Syirk. Punten kang Rus, da masing kang Rus seratna ditujukeun ka Kang Halimun, tapi eta teh oge sam kanggo sadaya Muslimin. Nya atuh kuring teh milu ilubiung, lantaran patarosan eta sanes wungkul kanggo kang Halimun. Nuhun pisan upami kang Rus teu ngaraos kaganggu ku sim kuring, lantaran kapan kang Rus mah LEVELNA tos Nurcholis Majid kapan. Ari sim kuring mah, ngan ukur Abbas Amin, si utu si eta , nu teu boga merk atanapi can aya merk kasohor. Tah atuh kuring teh ngan ukur bisa mairan sakitu heula wae, bilih pabjang teuing, ngantosan waleran saterasna ti Kang Ruswana. Soal kubur jsbn mah mangga engke panginten nyusul, upami kang Rus kersa ngawaleran. Abbas Amin ________________________________ Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take a look. Get your preferred Email name! Now you can @ymail.com and @rocketmail.com. http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/
