Mangga di jawab ku sim abdi sa bisa2 engke di tambihan ku kg .Oca anjuena oge
jago penca dina igelan "sera", kitu oge lamun tiasa ku baraya nu miara penca
kasundaan nya di dadarkeun wae diburudulkeun elmu falsafah karuhun keur
ngadidik budak ngora ka hareup.
Filisofi penca teu leupas hasil kreasi budaya urang sunda nu aya di tatar sunda
khusuna, ari umuna sa nusantara filosofi aya di adat2 nusantoa /nusantara dina
catatan ikatan penca silat indonesia /IPSI eta falsafah penca jumlahna leuwih
ti dalapan ratus gaya penca. Jadi bangsa nusantara ka abus urang sunda leubeut
pisan tutungkusan filsafat pencana.
Jatina falsafah palsafah penca sunda ieu leupas di budaya sunda nu aya di
taneuh sunda kreasi luluhur / karuhun sunda tos metakeun dina wujudna hiji
conto aya sora sunda, aya hurupna, aya tutulisanna/ batu tulis, aya igelna /
lengkahna jeung aya nu ngigelkeun.
Tah ieu conto falsafah lengkah-lengkah penca aya ti kidulur nu handap asor
falsafahna nyanggakeun
* Tata (aturan léngkah) = tatapakan laku anu kudu napak kana ugeran
aturan talari paranti sangkan teu ngarempak aturan, teu “pamali” (hasil
kalakuan anu sok jadi mamala goréng). Hiji conto lamun , go'ong, tarompet,
kacapi teu alam dina pas waktu aturan talek lengkah teu sakerenteg
tatabeuhanana moal moal endah da
nu nyipta endah pisan. Apan teges pisan pola go'ong , kendang tarompet oge
kacapi
falsafahna "aya tapi teu aya / buled/ bolong/ pas ditabeuh kadenge da nu
ngersakeun
teh aya tapi teu ka ciri, matakna sorana Ahuuuuuung nu ngagauuuuuung maung
lodaya.
* Titi (susunan, undak usuk, tahapan léngkah) = titincakan laku anu
nincak kana paniatan anu surti jeung nastiti. ngalengkah kudu nyiapkeun step by
step, program naon nu rek mawa visi jeung misi ka hareup lengkah urang sunda.
Jadi kudu jelas prak-prakna, dina aturan paguron mah tong luncat kaluhur lamun
di ajar kedah ti handap heula. Jaman kiwari beda hayang di ajar penca jiga film
matrix nu hartina download 20 G asup ka euteuk ngan sa detik langsung bisa
menca. Tah eta filem wadul ceuk kuring mah, dina falsafah hirup kudu daek gawe
/ struggle work so hard to get value. Euweuh penca teu cape, teu ngesangan,
kitu oge euweuh penca diuk cicing ngajentul bari jeung teu ngawangun titi.
* Duduga (sawangan) = rupaning anu rék dilakonan tinangtu kudu disawang
heula saméméh disorang, sangkan hasilna caina hérang laukna beunang, anu karasa
pikeun kasalametan. (Wiwaha Yuda na Raga).Pas erek ngalengkahkeun suku kudu
nyaho dina kerenteg hate naon wae nu rek di prak-prakkeun , tangtuna
ngalengkahkeun panon suku moal bisa titajong keur nyanghareupan lingkungan
musuh nu rek nyerang . Jadi sa acan najong batur kudu nyawang sorangan kumaha
labuh teh ieu aya ilmuna, kumaha lamun tijalikeuh, kumaha sa kabeh raga teu
saimbang jeung raraga. Boro boro bisa nyawang diri sorangan wae can bisa
nyawang ka diri jeung naragana komo deui nu kahareup nyawan jadi nagara.
* Peryoga = ukuran kamampuh pikeun ngajurung laku dina hiji tujuan
(kasanggupan anu diukur ku kamampuh). Jadi dina fisik lengkah kudu nayaho
jarak nu rek diantelkeun, lamun ngasah rasana nu pakuat pakait jeung taneuh
awaking bisa heuteu ka awakan?
Dina falsapah penca nu ka sohor "batur arek urang anggeus' ieu hiji falsafah
penca nu berlaku universal keur urang sunda. Jadi kudu pa gancang2-pa kuat2 pa
anggeus2 pa gesit2 sa atos istilah peryoga ka asah.
Nyanggakeun sugan ka angge ku dulur2
tabe pun
kang yana
________________________________
From: Tajimalela <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, January 21, 2009 7:44:59 PM
Subject: RE: [kisunda] PENCA
Ngiringan…rek naros Kang Oca jeung Kang Yana.
Sok ngaos serat perkawis penca, boh dina milis atanapi dina surat kabar, tapi
mun diperhatikeun ngan saukur ngaguar sajarahna jeung teknik na wungkul, mun
sajarah mah panjang mun teknik na mah seueur, dina sajarah nu panjang jeung
teknik nu seueur tea, pasti aya benang beureumna atanapi mata holangna (ceuk
Mang Oman tea A), nah mun rek meunang benang beureumna kudu nyaho
filosopina,nah filosofi penca teh naon jeung kumaha?
Haturnuhun
TM