tah pan leres... uing mah atah keneh, hejo keneh hehehehehe...
keun we kang oche da uing mah siga kieu, teu panuju nya ngomong teu panuju,
panuju nya panuju... tapi ngarana diskusi mah ulah gancang ambek atuh...
ulah ieu status anu itu status anu.. uing nu ukur rahayat biasa
teu meunang itu teu meunang ieu...

Terus ari gaya nu salami ieu dicepeng dina ngawangkong tos leres kitu ?
geuning sunda kieu wae.... 

kitu tah kang agus rochaendi... mangga dilajeng

--- On Thu, 22/1/09, T13 <[email protected]> wrote:

From: T13 <[email protected]>
Subject: [kisunda] Kanggo Halimun (was Re: elmu modern (urut getih))
To: [email protected]
Received: Thursday, 22 January, 2009, 7:53 AM










    
            Ngiringan ngaramekeun.

Nyuhunkeun dihapunten upami aya babasan sim kuring nu nyugak ka baraya 
sadayana. Sugan we tiasa pas kana kalimah "Wattawaa bil haqqi wattawa bissobri".

 

Dina perkawis kayakinan dina diri sewang-sewangan mah, tangtos ku sadaya wargi 
sunda dina ieu rohangan teu patos ngamasalahkeun. Mung upami eta kayakinan anu 
di cepeng teras dipaksakeun kanu sanesna bari teu aya dumasar anu tetela, 
saukur kira2 jeung sigana, eta namina kayakinan anu teu puguh. Akhirna kabawa 
ku sakaba-kaba, pituduhna ngan saukur "sugesti", "kira-kira", katut "sigana". 

 

Husus kanggo Kang Halimun_An, upami leres anjeun ngangken janten urang Sunda, 
mangga atuh geura anggo sareng pintonkeun ciciren urang Sunda anu langkung 
mayunkeun "RASA" tibatan hayang meunang sorangan jeung hayang "nembak" batur. 
Kedah asak jeujeuhan, kedah diemut heula sae awonna nembe dikedalkeun.



Sesepuh2 di ieu rohangan parantos kacida wijaksanana dina mayunan sikep Akang 
anu teu katingali ciciren urang Sunda (padahal Akang ngangken nyalira salaku 
urang Sunda oge). Sok sanajan Akang nganggo bungkus "kedah naros pami teu 
terang", mung dina narosna oge atuh kedah anu merenah supados baraya nu sanesna 
teu kasigeung. Sareng deuih patarosan Akang teh henteu acan "fokus". Waleran 
anu hiji teu acan rengse, Akang tos naros deui perkawis sanes anu patukang 
tonggong jeung patarosan Akang nu ti payun. Teras-terasan muka "front" anyar nu 
antukna baraya2 sanes ku Akang diajak kukurilingan teu puguh dugi ka lieur. 
Seueur "inkonsistensi" antara patarosan2 Akang sareng waleran2 Akang ka baraya 
nu sanes. Janten henteu lepat upami baraya2 sanes ngaraos yen Akang teh seja 
nangtang ngadu elmu pangaweruh bari jeung Akangna oge teu tiasa nanaon.



Dina sababaraha waleran nu tos dikintunkeun ku sesepuh2 Sunda sareng waleran2 
Akang, tetela tur eces pisan yen Akang teh masih keneh "atah/hejo". Kalahka 
seueur geutahna daripada seungitna. (Punten pami karaosna rada heuras, hehehe).



Kuring kacida nganuhunkeun pisan ka baraya2 nu sanes utamina para sesepuh nu 
tos tiasa mintonkeun kasabaran, kaluhungan elmu pangaweruh, oge mintonkeun 
sikep silih ajenan ka sasama sanajan nu diajenanna beda tingkatanana bari 
ngunjukkeun sikep teu ngajenan batur. Eta conto hade sakedahna ditiron oge ku 
nu sanes.



Mangga Akang Halimunan lenyepan wejangan2 para sesepuh sadayana, mugi Akang 
langkung surti pesen2 moral nu aya dina waleran baraya2 sanesna. 



Tabe Pun Paralun

te tilu welas



Mencari semua teman di Yahoo! Messenger? Undang teman dari Hotmail, Gmail ke 
Yahoo! Messenger dengan mudah sekarang! http://id.messenger .yahoo.com/ invite/


      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take 
a look http://au.docs.yahoo.com/mail/smarterinbox

Kirim email ke