- urang sunda (mun lalaki) mah karasep, contona Fachri Albar. Nu teu kasep
mah wayahna tong ngaku2 urang sunda... karunya deh loh...
- urang sunda mah handap asor, tingal we Ki Ayip Rosidi
- urang sunda mah tara linyok bohong, ku kituna pan di Jawa Barat mah angka
korupsina leutik pisan nepi ka bisa dianggap euweuh
- urang sunda mah hade budi basana, beda pisan jeung urang arab nu goreng
genggerong. emh mani kitu2 teuing ka sasama manusa teh... ceuk cenah mah
urang arab teh onjoy tradisi lisanna, sok nyarajak sok nyalastra. tapi najan
kitu, sami bae meureun jeung di urang ari keur di pasar mah sok gogorowokan
da gandeng
- urang sunda mah sok mere maweh, jauh ti watek keked mengkene...
mudah2an...
- urang sunda mah getol beberesih alias berseka, iwal kuring jeung aya
babaturan kuring keur SMA... RaCaM: rada cadu mandi
- urang sunda mah sumembah ka pangeran, tangtos ari nu soleh mah... urang
arab ge nu saroleh mah kitu, da nu nyembah patung mah nu ku jaman kiwari sok
disebat ajaran sesat tea, geus mengpar tina papagon agama. adat kakurung ku
iga, kadung muja2 naon anu dipuja ku kolotna, padahal can tangtu benerna
- urang sunda mah sok diajar ngarasakeun lapar, kalan-kalan katalanjuran
nepi ka bener2 kalaparan... beurit paeh di leuit. bareukah soteh nu beukah,
nu lingsig ge loba keneh. sarua we jeung di urang, nu lintuh nu mereketetet
sarua aya.
- maehan budak awewe teh ceuk cenah lain ku alatan hinana, tapi bakat ku
melang kana kasusah anu bisa tumiba ka eta budak awewe. da mun bener
dianggap hina mah atuh moal aya carita siti hodijah nu diajenan ku
masarakatna.

di karaton cirebon asana aya lukisan nu cenah gambar prabu siliwangi &
maungna. kuring ge hayang pisan ngagambarkeun dedegan prabu siliwangi, ngan
hanjakal can kungsi tepung sareng jinisna, kaleresan potona teu aya deuih.
ongkoh aya kapaur, bisi gambarna cacad atawa salah, pan awon kasebutna.
matak dina ajaran islam mah asana memang sacara umum teu dianjurkeun
ngagambar2 manusa.

On Thu, Jan 22, 2009 at 1:16 PM, ilen kardani wrote:

>    Atawa meureunan Muhammad na pisan urang sunda, matak teu bisaeun maca
> tulisan arab oge. Jeung adat kalawan rupana oge rada beda ti Urang Arab
> umumna, kasep, handap asor, jeung tara linyok bohong. Pan ieu mah kanyataan
> urang sunda sapopoe atuh, sapertos conto-conto sanesna anu jadi kabiasaan di
> Sunda tapi jadi ajaran di ditu:
>
> - Hade budi basa: da urang arab mah aslina goreng genggerong, dangukeun mun
> urang arab keur ngobrol, siga parasea
> - Mere maweh: da puguh paredit pisan urang ditu mah, kaayeunakeun oge loba
> TKW teu di bayar gajihna
> - Getol beberesih (sibeungeut jeung mandi): mandi ge kudu di titah da puguh
> hese cai tea
> - Sumembah ka pangeran : da aslina mah nyarembah patung, dugi ka Kabah ge
> pinuh dijeun tempat nyimpenan patung2
> - Handap asor ka sasama: da si eta mah meni asa pang dipikanyaahna ku
> Pangeran, jadi adigung adiguna
> - Diajar ngarasakeun lapar: da tukang barangdahar wungkul , teu awewe teu
> lalaki awakna bareukah
> - Ngahargaan ka awewe: di ditue mah awewe teh jadi kelas dua, malahan aya
> nu diparaehan ti orokna keneh
>
> Aya nu sarua pamundut Prabu Siliwangi sareng Nabi Muhammad, nyaeta duanana
> teu meunang digambarkeun/dilukis, duka naon kasang tukangna mah.
>

Kirim email ke