baraya,
sababaraha warta nu jadi bahan obrolan haneut di malaysia:
1- loba jelema nu parecat tina pagawean ku sabab loba pabrik nu
nurunkeun produksi
2- loba urang malaysia nu digawe ti luar nagri baralik deui ka
malaysia kusabab keuna ku PHK
3- bakal loba urang indonesia anu dibaralikeun ka lemah caina ku
sabab keuna ku PHK
4- partai islam malaysia karek meunang pemilu di negara bagian terengganu
5- senam yoga geus resmi diharamkeun di negara bagian malaka
6- nagara malaysia sacara resmi ngadukung perjuangan palestina
7- wakil perdana menteri ngelingan sangkan urang-urang malaysia anu
digawe keur pausahaan amerika supaya kalaluar ngundurkeun diri tina
pagaweanana, sabab amerika ngadukung israel
8- produk-produk amerika diboikot
nu kabayang ku kuring lamun nomer 7 jeung 8 dilaksanakeun
satarabasna, moal lila oge malaysia bakal bangkrut sabab:
- Exxonmobil bakal tutup, penghasil minyak bumi
- produksi minyak bakal eureun, da kabeh peralatan minyak asalna ti amerika
- pangangguran dimana-mana, loba pabrik bakal tarutup
- Microsoft teu meunang dipake deui, komputer moal jalan, moal aya internet jsb
- listrik bakal dipareuman sabab alatna marake General Electric
- papakean merek guess, lea, levis, jsb teu meunang dipake
- kapal induk amerika pasti datang ka selat malaka pikeun ngagempur
kuala lumpur
- condolisa rice bakal ngancam malaysia arek diburak-barik siga irak
- bule amerika anu ngajalankeun pangwangunan di malaysia bakal baralik kampung
- duit dollar teu meunang dipake
- buku-buku sains & teknology nu sumberna ti amerika kudu dibalikeun
atawa diduruk
- teu meunang lalajo deui film2 holywood atawa disneyland
sakuringeun mah seja nganuhunkeun ka amerika teh sabab sacara teu
langsung geus nulungan bangsa urang tina penjajahan jepang, jeung can
kacaritakeun urang amerika ngakala ka urang sunda mah.