ah eta mah landihan nu teu resep ka uing we hehehehehe
padahal jelas uing teh pang pinterna, pang kasepna, pang bageurna
ngan teu aya nu daek jujur, kitu tah hhhhhhh 

--- On Thu, 22/1/09, agus <[email protected]> wrote:

From: agus <[email protected]>
Subject: [kisunda] Re: THM?
To: [email protected]
Received: Thursday, 22 January, 2009, 1:39 PM










    
            euleuh euleuh,....



geuning ieu nu nyebabkeun kang imun nyangki abdi teh nyamar ,....



kang ADETEBE alias T13 ,... saha ieu teh??? nembe anggota kisunda

kang?????



pami nembe lebet ieu milis,... atuh simkuring memperkenalkeun diri,

abdi teh ujang agus roche, sok disebat kang oche....

julukan abdi budak baong, tapi ayeuna mah teu berlaku, sabab julukan

eta tos ditimpa ku kang halimun nu leuwih balakantrang, baong pisan,

janten simkuring janten tidak percaya diri menyandang gelar budak

baong,....



abdi linggih di bandung, asli bandung... 

widang garapan abdi bidang desain, jeung nuju hobby ngadamelan iket

sunda, oge nuju ngeureuyeuh tina ngadamelan event kasundaan.



sakitu akang adetebe,... salam kenal. rampes....



=roch= 



--- In kisu...@yahoogroups .com, T13 <adet...@... > wrote:

>

> Ngiringan Hehehe oge sababaraha kali, kuring oge negeskeun yen

kuring teh sanes Kang Oche, kuring mah te tilu welas. Benten jalmina.

Naha ngangge elmu kira2 deui wae dina nyangki yen kuring teh Kang

Oche? Dumasarna nyangki kitu teh naon nya? LOGIKA? LOGIKA NU MANA?

> 

> Saha anu nyebatkeun anjeun teh Ki Nonggerak? Mangga we titenan eusi

pedaran kuring, naha jentre ngeceskeun yen anjeun teh Ki Nong? 

> 

> Dina maos hiji seratan, saena mah diperhatoskeun pisan atuh "gerak

bahasa", maksad, sareng "pokok pikiran" anu dikandung tiap kalimat,

tiap alinea sareng pedaran sadayana. Dititenan teh ulah

sapotong-sapotong. Tingali sagemblengna.

> 

> Urang buktoskeun dumasar kuring nyebatkeun anjeun teh kirang taliti,

mangga titenan alinea nu kahiji, kuring nganggo kecap "Sigana mah". 

> Nya hapunten wae upami anjeun teh teu ngajalanan elmu THM. Ngarana

ge susuganan, kira2, SIGANA. Eta kira2 jeung susuganan teh ditingali

TINA LOGIKA oge. Nyaeta numutkeun yen pamadegan anjeun sami sareng

pamadegan Ki Nong. Ari Ki Nong mindeng pisan medar perkawis kabatinan

nu caket pahamna sareng nu nganut elmu tarekat hakekat marifat (THM

tea). Hiji buktos yen hasil LOGIKA kuring sesah dijantenkeun dasar.

NGANGGO LOGIKA OGE LIN???

> 

> Tingal deui alinea nu kadua, kuring teu nyebat wasta anjeun, tapi

langsung nyebat wastana Nong. Dina alinea saterasna, kuring nyebat

"Dang Imun atanapi Nong", pan jentre aya inkonsistensi nunjuk "Dang

Imun ATANAPI Ki Nong" sareng nunjuk "Ki Nong" nyalira.  

> 

> Kuring ngiring nganggo cara anjeun nu sapertos pokrol bambu, "hantam

sana sini" nganggo bahan waleran anjeun.

> Kumaha anjeun tiasa nangkep waleran baraya nu sanes nu gaduh elmu

pangaweruh langkung dina widangna masing2 upami maos waleran sim

kuring anu bodo ge can tiasa? Upami leres ngaraos "atah keneh", naha

atuh meni reueus ku kaatahanana? Naha teu aya kahoyong ngasakkeun?

Atawa ngan saukur "lip service" yen anjeun geus narima kaatahan diri?

> 

> Perkawis seratan ilmiah sareng henteu, sadaya nu diserat didieu

(CMIIW) teu acan tiasa dilebetkeun kana seratan ilmiah, mung baraya nu

medar gaduh dasar sacara ilmiahna. Sanes saukur LOGIKA, KIRA2 jeung

SUSUGANAN siga kuring (jeung anjeun, hahahaha).

> 

> Rada peureus tapi sanes niat mupuas atanapi ngewa bin geuleuh,

hapunten nu kasuhun bilih janten raheut manah.

> Tabe pun paralun

> 

> Te Tilu Welas (Sanes Kang Oche).

> 

>  

> --- Pada Kam, 22/1/09, Halimun An <halimun_an@ ...> menulis:

> Dari: Halimun An <halimun_an@ ...>

> Topik: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)

> Kepada: kisu...@yahoogroups .com

> Tanggal: Kamis, 22 Januari, 2009, 3:12 PM

> 

> hehehehe kang oche, kieu nya ku uing ditegeskeun :

> Uing lain k nonggerak, teu aya hubungana jeung anjeuna. Mun ternyata

> pandangan soal siliwangi sami jeung k nonggerak nya kabeneran wae,

> sanes hartosna jalmina sami.

> kaduana uing teu ngelmu ma'rifat, THM jsb... uing jalma biasa, normal...

> mikiran nanaon diusahakeun make logika. Jadi salah besar pami nganggap

> uing ngelmu tarekat (ngartos oge henteu uing masalah elmu eta mah).

> 

> terus masalah ilmiah, naha sadaya nu diserat didieu ilmiah?

> henteu apanan ? 

> tah kitu kang oche

> 

> --- On Thu, 22/1/09, T13 <adet...@yahoo. com> wrote:

> 

> From: T13 <adet...@yahoo. com>

> Subject: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)

> To: kisu...@yahoogroups .com

> Received:

>  Thursday, 22 January, 2009, 5:36 AM

> 

> 

> Kanggo Dang Imun atanapi Nong-Gerak,

> 

> Sigana mah Dang Imun atanapi Nong teh nuju nyungsi elmu

tarekat-hakekat- marifat (THM).

> 

> Pedaran2 Nong sateuacanna memang leres upami ditingal tina kacamata

tukang/ahli tarekat-hakekat- marifat. Mung hanjakal tea, Dang Imun

atanapi Nong teh teu acan tiasa nempatkeun diri iraha wancina make

baju THM jeung iraha ngaleupaskeun baju THM. Poko pedaran nu ayeuna

teh nuju medar tina kacamata elmu pangaweruh nu didasarkeun tina

buktos anu kongkrit. Teu tiasa dicampur-adukkeun antara pedaran THM

sareng elmu pangaweruh mah, da benten kacamatana, benten cara ningalna.

> 

> 

> 

> Saleresna sae pisan upami Dang Imun atanapi Nong tos mendakan

Nur/Sunda nu sajati. Kahartos ku sim kuring oge kana naon nu tos

kaalaman ku Dang Imun atanapi Nong. Mung sim kuring mah bade

ngingetkeun deui, yen sagala naon pituduh ku tos katampi, teu peryogi

dibeujeurbeaskeun ka sadayana kumargi eta teh sanes konsumsi publik.

Eta mah mung cekap kanggo pribadina masing2. Upami bade dipedar oge,

kedah dipedar di sasama ahli THM, supados saimbang "lawan main"na.

sami kacamatana, sami "sudut pandang"na.

> 

> 

> 

> Cara/jalan nu nuju disungsi ku Dang Imun atanapi Nong teh benten

pisan sareng jalan nu disungsi ku baraya2 sanesna. Elmu pangaweruh mah

dumasar kana buktos2 nu walatra, ari elmu kabatinan mah sesah

ngabuktoskeunana dina buktos anu kongkrit.

> 

> 

> 

> Kuring bisa ngarti sikep Dang Imun atanapi Nong anu kawas kitu,

sabab lolobana jelema nu nyungsi elmu THM mah mun geus ngarasa meunang

Nur/Sunda tur geus meunang sagala rupa "pituduh", sok nganggap

kayakinan nu sejen teh salah/henteu bener. Padahal, saleresna eta teh

salah sahiji ujian kanggo "naek tingkat". Naha leres tiasa nyepeng

"rahasia langit" atanapi mung ukur dugi ka sakitu-kituna. Kahade oge

bilih eta pituduh teh "aspal" kumargi seueur teuing kapangaruhan ku

sugesti pribadi sareng ku musuh nu seja ngalejokeun jalmi nu nuju

"milari jalan"/salik. Sikep "Asa aing uyah kidul" teh saleresna sikep

nu matak ngotoran panon batin, nu antukna panon batinna katutup deui

jeung kalahka dibere tetempoan nempo nu lain2.

> 

> Mangga atuh geura aos deui (iqro) diri masing2. Man arofa nafsahu

...jste. Mugi2 Dang Imun atanapi Nong tiasa "naek tingkat" sareng

janten langkung "waspada".

> 

> 

> 

> Nyungkeun dihapunten ka sadayana upami wangkongan sim kuring siga

kaluar tina pedaran nu aya.

> 

> 

> 

> Prung deui ahhhh....

> 

> Baktos

> 

> 

> 

> From: Maman <manz2...@yahoo. com>

> 

> To: kisu...@yahoogroups .com

> 

> Sent: Thursday, January 22, 2009 10:57:51 AM

> 

> Subject: Re: [kisunda] Re: elmu modern (urut getih)

> 

> 

> 

> Punten...he. .he..  

> 

>  na pamikiranana siga Ki Nonggerak? 

> 

> 

> 

> From: Halimun An <halimun_an@ yahoo. com>

> 

> Ceuk uing mah, sayakin yakina siliwangi teh berarti islam sajati.

> 

> lamun siliwangi lain islam mah pasti aya peninggalana jiga

borobudur, prambanan jsb.

> 

> kitu juragan.

> 

> 

> 

> Pamer gaya dengan skin baru yang keren. Coba Yahoo! Messenger 9.0

baru sekarang! http://id.messenger .yahoo.com

> 

> 

>       

> 

> 

>        

>       

>       

> 

> 

> 

> 

>       

> Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox.

Take a look.

>       

> 

>     

>     

>       

>        

>       

>       

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

> 

>       

> 

> 

>       

>       

> 

> 

>       Pemanasan global? Apa sih itu? Temukan jawabannya di Yahoo!

Answers! http://id.answers. yahoo.com

>




      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take 
a look http://au.docs.yahoo.com/mail/smarterinbox

Kirim email ke