Kanggo ngalengkepan, buku "Rintisan Penelusuran Masa Silam Sejarah Jawa Barat" (RPMSSJB) yasana p Saleh Danasasmita alm saparakanca oge sae. Sababaraha bagian kasang tukang anu dipedar dina catetan ngeunaan "hari jadi Tasikmalaya" aya dina eta buku. Anu jelas, sajarah Tasikmalaya pakait raket pisan sareng sajarah Galuh.
Aya catetan saeutik ngeunaan harti "nyusuk". Naha enya hartina teh ukur nyieun parigi keur pertahanan kota? Si kuring asa leuwih cop upama maksud nyusuk teh lain ukur marigi keur pertahanan kota, tapi oge ngandung harti nyieun jalan cai atawa irigasi dina istilah kiwari mah. Boh marigi keur pertahanan kota atawa "marigi" keur ngajamin cai duanana penting keur karaharjaan rahayat. Ku eta dua pagawean urang Sunda ngahargaan raja-rajana (baca keur alam kiwari: pamimpin pamarentahan). Sabalikna, ku eta pagawean keur kamaslahatan sarerea, para raja (baca keur ayeuna: pamimpin pamarentahan) mibanda wibawa jeung dipihormat ku rahayatna. Baheula kituna teh, duka ayeuna mah. manar 2010/7/18 Aschev Schuraschev <[email protected]> > > > Cobi pilarian buku "Sejarah Kota-kota Tua di Jawa Barat" karyana ibu Nina > Herlina Lubis. Dina eta buku aya dicarioskeun sajarah Tasik ngawitan ti > Sukapura. > > > > >> ---------- Forwarded message ---------- >> From: nurul <naufal_aziz89@ yahoo.co. >> id<http://mc/[email protected]> >> > >> Date: 2010/7/17 >> Subject: Milari Bukti Sejarah Tasikmalaya >> To: khs...@gmail. com <http://mc/[email protected]> >> >> >> Hapunten sateuacanna. .. >> Tepangkeun sim abdi Nurul Iman, mahasiswa UI Depok, asli Sunda ti >> Tasikmalaya. >> >> Akang-akang sareng teteh-teteh nu gabung di Kisunda... Sim abdi teh nuju >> milarian buku2 sinareng bukti sejarah Tasikmalaya sanesnya. Namung kasulitan >> mendakannana. Sim abdi tos nyobi ka Perpustakaan Kabupaten sareng Kota >> Tasikmalaya, namung ngan saalit, ngan aya hiji-dua. Eta oge ngan sababaraha >> lembar. Kumargi kitu, upami akang atanapi teteh terang judul bukuna, dimana >> tempat aya nu kapendak buku2na wartosan sim abdi nya??? >> Haturnuhun.. . Diantos pisan informasina. .. >> wassalamualaikum. .. >> >> Nurul Iman >> Mahasiswa jurusan ILMU SEJARAH FIB UI >> No. HP : 085223398509 >> Email : naufal_aziz89@ yahoo.co. >> id<http://mc/[email protected]> >> Alamat : Jalan Leuwidahu no.91 RT.01 RW.04 Kota Tasikmalaya >> >> >> > > >
