Kang Nurul anu kasep,

Buku nu ngahususkeun sajarah Tasik mah
asana memang sakedik. Diantawisna, upami teu lepat, yasana Ibu Nina Lubis. Oge
nu diserat ku hiji sepuh (nu sim kuring nuju lali namina) nu linggih di Ciamis.
(Sanaos  ieu buku langkung museur kana sajarah Ciamis, tapi oge
nyabit-nyabit Tasik kiwari – nu di zaman kapungkur kalebet wewengkon Galuh.
Malih, upami teu lepat, dayeuh Galuh teh nya di Manonjaya, Tasik, kiwari).  Di 
milis urangsunda atanapi kisunda kantos
diposting sawatara "fragmen" tina sajarah Tasik. (Nu sim kuring emut
ngeunaan Dalem Sawidak sareng Sutsen).

Buku nu aya, ditambihan ku informasi
sanesna, kangge sim kuring nu awam (sanes profesional dina widang sajarah/elmu 
sajarah),
asana tos nyekapan kangge ngagambarkeun sajarah Tasik. Hususna sajarah 
pamarentahannana.
Ti ngawitan Galuh, zaman Siksa Kanda Ng Karesian, dugi ka mangsa kiwari, tos
kawadahan ku buku nu aya. 

Iwal ti buku-buku di luhur,  aya sawatara buku, laporan atanapi makalah
nu sipatna ngagambarkeun sajarah atanapi kamerakan dina widang nu langkung
khusus. Perkawis perkembangan sosio-ekonomi, nu sim kuring kantos maos, hiji
laporan riset nu didamel ku PRJ (Pekan Raya Jakarta/Jakarta Fair) taun 80-an.
Persisna ngeunaan pola konsumsi "anak muda" Tasik 1980-1985. Ieu
laporan kaetang munel. Sanes bae leubeut ku angka, tapi oge pinuh ku features
ngeunaan sawatara pausahaan nu aya di Tasik harita oge profil komunitas
pamuda-pamuda Tasik nu janten fokus ieu riset. (Taun 90an, upami teu lepat taun
1999, ieu riset "diperbaharui" ku hiji pausahaan riset marketing.
Kasimpulannana sarimbag sareng hasil riset PRJ: Urang Tasik ngagaduhan selera
sareng daya beli nu langkung luhur manan wewengkon Jawa Barat
sanesna. Meh sami sareng urang Bandung. Malih, urang Tasik tiasa disebat  
branded minded -- resep kana barang-barang merek kawentar).  

Ngeunaan profil sosial-ekonomi/demografik
ieu, oge tiasa dibujeng ka Kompas atanapi Pikiran Rakyat. Ilaharna media ageung
sok ngadaramel riset nu maneuh kangge ngolongan kabutuh/kahoyong pembaca 
atanapi calon
pembacana, oge kangge milari profil pembaca ajengkeuneun ka calon pemasang
iklan. Sok komo, Kompas nu – cenah -- tarung adu hareupan sareng PR di Priangan
Timur.

Sajarah batik tiasa dibujeng ka GKBI, oge
sawatara warta/artikel di koran. Buku Dancing Peacock, nu dimedalkeun ku 
Yayasan Batik Jawa Barat oge asana tiasa janten salah sawios sumber informasi 
-- sanaos langkung museur kana perkawis motif/corak batik). Sajarah pendidikan 
Islam modern (kasus
Pasantren Cipasung) tiasa ditingal dina salah sawios buku hasil riset hiji LSM
(nu sim kuring hilap namina) gawebareng sareng Depag -- upami teu lepat.  
Ngeunaan Cipasung ieu, oge tiasa dikorehan dina warta-warta ngeunaan suargi
almarhum KH Ilyas Ruhiyat -- Pamugi kaheman Allah teu weleh nyarengan anjeunna.
Amin. Sajarah Cipatujah/Pamijahan, sareng sawatara pasantren nu aya pakaitna
sareng ieu tempat, tiasa dipaluruh dina hiji disertasi ngeunaan Martabat Tujuh
-- upami teu lepat disertasi di IAIN Sunan Gunungjati (Cobi dibujeng ka
Desantara, UIN, atanapi pabukon majalah TEMPO). Sajarah Pasantren Suryalaya
(Abah Anom) tiasa diaos dina sawatara makalah/seratan ngeunaan tarekat
Naqsabandiyah (tiasa dicobi ka pabukon Istiqlal atanapi MUI). Perkawis DI/TII
tiasa dipilari di Disjarah TNI-AD, kalebet buku sajarah Kodam Siliwangi (medal
taun 70-an. Kapungkur sim kuring nambut ti Pabukon Jawa Barat, nu ayeuna aya di
By Pass, caket Buahbatu, Bandung. Mugi-mugi masih aya), oge bukuna Adian
Husaini. Sawatara artikel dina Mangle taun 70-an, oge medar sawatara aspek
sajarah Tasik.

Sajarah budidaya/tatanen sareng ingon-ingon
tiasa di paluruh di IPB atanapi Pertanian UNPAD. Di antawisna teknik mijahkeun
(lauk) nu dilakonan ku urang Nyalindung, Singaparna, kantos janten salah sawios
riset mahasiswa IPB. (Upami teu lepat, sentra bibit/paray lauk emas, nu tadina 
di Majalaya sareng Sukabumi, ngised ka Singaparna). 
Sajarah agama Nasrani di Tasik tiasa dipaluruh ka Gereja Kristen Pasundan
atanapi Kauskupan Bandung (?).

Sajarah Galunggung tiasa
ditaroskeun ka Kang Oman (anjeunna janten salah sawios kuncen Kisunda). Kalebet 
situasi sareng dampakna waktos eta gunung ngabeledug taun 80-an. Malih di milis
Tasik, sim kuring kantos "ngareportasekeun" pangalaman urang Tasik (nu
tangtosna janten anggota eta milis, bari kersa medarkeun pangalaman aranjeunna)
waktos Galunggung bitu. 


Sakitu panginten info ti sim kuring.
Pamugi tiasa mantuan naon nu nuju dipilari. Neda dihapunten wirehna sim kuring 
teu tiasa spesifik
nyebatkeun judul buku atanapi makalah dimaksad. Ma’lum mung diwangwang tina 
emutan. Insya Allah, kapayun,
upami dokumen-dokumen eta kapendak, ku sim kuring didugikeun ka salira.

Kalih ti eta, sigana aya ku payus upami
salira museurkeun diri kana salah sawios aspek sajarah kontemporer Tasik. Di
antawisna: Sajarah kamekaran desain craft (karajinan) tina awi sareng harendong 
(sigana di
Senirupa ITB tos aya nu nyabit-nyabit), tumpur/mekarna perkebunan teh rakyat di
Taraju (Warung Peuteuy ka kidulkeun, upami arah ti Tasik/Singaparna) paska
lebetna Bob Hasan (Nusamba), kamekaran komunitas punk atanapi musik indie, oge 
kamekaran
 sastra sareng senirupa di kota
Tasik.  Sanaos teu mangrupi skripsi
atanapi tesis, sigana, riset salira tiasa ditawiskeun ka sawatara lembaga
atanapi (dina wangun artikel populer) media. Lumayan tiasa nambihan bekel malem 
mingguan.
Hehehe... 



 

Baktos,


 

MGT 



 


Maman Gantra

Jalan Salemba Tengah 51,

Jakarta 10440.

0812-940-5441

--- On Sun, 7/18/10, nurul <[email protected]> wrote:

From: nurul <[email protected]>
Subject: Milari Bukti Sejarah Tasikmalaya
To: [email protected]
Date: Sunday, July 18, 2010, 11:46 AM

Hapunten sateuacanna...
Tepangkeun sim abdi Nurul Iman, mahasiswa UI Depok, asli Sunda ti Tasikmalaya.

Akang-akang sareng teteh-teteh nu gabung di Kisunda... Sim abdi teh nuju 
milarian buku2 sinareng bukti sejarah Tasikmalaya sanesnya. Namung kasulitan 
mendakannana. Sim abdi tos nyobi ka Perpustakaan Kabupaten sareng Kota 
Tasikmalaya, namung ngan saalit, ngan aya hiji-dua.  Eta oge ngan sababaraha 
lembar. Kumargi kitu, upami akang atanapi teteh terang judul bukuna, dimana 
tempat aya nu kapendak buku2na wartosan sim abdi nya???
Haturnuhun... Diantos pisan informasina...
wassalamualaikum...

Nurul Iman
Mahasiswa jurusan ILMU SEJARAH FIB UI
No. HP : 085223398509
Email : [email protected]
Alamat : Jalan Leuwidahu no.91 RT.01 RW.04 Kota Tasikmalaya



Kirim email ke