koreksi lahirna 15 Sya'ban nisfu sya'ban...



________________________________
From: Mohammad zen <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Sun, July 18, 2010 10:30:55 PM
Subject: Re: [kisunda] Imam Mahdi

  
Perkawis Imam MAhdi jeung ratu Adil... dina ieu pembahasan mungkin kiraa urang 
saena ulah nyambungkeun perkara sacara tergesa2... sebab nu hiji lain sebab nu 
sanesna... mungkin oge bisa sebab nu sanesna ngan mungkin kudu dipilarian asal 
muasalna.

kayakinan Imam Mahdi sanes wae kayakinan jalmi tertindes wungkul , artinya 
ekspresi dina ketertindasan anu ngaharapkeun munculna pamimpin adil, tapi 
kayakinan ieu berupa kayakinan rasional aqidah jeung historis. Anu sumberna 
dina 
berbagai kitab samawi. boh eta ti kitab salain Islam atawa kitab suci Islam 
nyaeta Alquran.
Lamun urang Iman ka Alquran disebatkeun yen Allah nganjanjkeun bumi ieu deuk 
diwariskeun ka jalma anu beriman...jeung jalma beriman bakal unggul , meunang 
walaupun orang2 musyrik tidak  menyukaina.

salain tina Alquran , suber hadits boh eta ti suni maupun ti syiah anu 
jumlahnya 
mutawatir hartina nepi ka darajat yakin perkara kepemimpinan akhir jaman anu 
dipimpin ku imam mahdi teh siserat dina kitab2 hadits, bentenna, ari suni mah 
seuseurna nyebatkeun yen Imam MAhdi teh putra Hasan anu bade lahir... ari 
syiahmh tos lahir...

JAdi lamun urang URANG ISLAM ah tos sapantesna hal ieu jadi bagean tina 
kahirupan ajaran Islam... hanya jalma2 anu ngunggulan kapamimpinan Dhalim anu 
maehan ieu ajaran pikeun maehan kayakinan  bakal munculnya pamimpin Sajati., 
anu 
akhirna RIDO ka pamimpin dhalim.

Perihal fenomena ratu Adil anu aya di Indonesia... ceuk urang ieu salah sahiji 
sifat fitrah Insan kana kabutuhan kapamimpinan, boh eta dina khayalanana atawa 
dina gambaranana. .. ku kituna MOAL MUNGKIN FITRAH INSAN IEU TEU AYA ANU 
NGALADENAN, Gusti Allah nu maha Agung tos ngisyaratkeun ku ajaran Nabina Yen 
Imam Mahdi as teh  eta pamimpimnna

perihgal anu ngaku2 ratu adil imam mahdi jeung sajabana eta hiji fenomena 
dimana 
masyarakat kurang ngakaji dina sumber agamana yen SAHA sebenerna Imam Mahdi 
teh, 
ku kituna lamun masyarakat wanoh kana ciri2 jeung sifat jeung silsilah Imam 
Mahdi , maka pasti sacara yakin moal kasesatkeun ku Imam mahdi Palsu nu aya.

beberapa kajian mesianianis , tiasa dirujuk ka Mushadik Marhaban, buku2 na 
Yudas 
pnyelamat atawa pengkhianat, teras buku nu kaduana oge teh hidden prophecies, 
anjeunna alumni al-azhar ahli dina kitab taurat jeung injil, anu nulis buku ieu 
dina buku eta ngabuktikeun yen kayakinan Imam Mahdi jeung 12 Imam tertulis dina 
kitab2 sebelumna
mangga di baca...

Jadi KAyakinan Imam Mahdi sanes kayakinan Khayal tanpa sumber , tapi kayakinan 
anu paten... beda deui ANU TEU NGAYAKINAN KAYAKINAN IMAM MAHDI justru eta 
kayakinan khayal anu teu aya dalil...

Anu disebatkeun ku Bukhari jeung muslim yen Moal kiamat  sabelum ngadegna 12 
khlifah ... tah kayakinan khalifah nu ka dua belas ieu teh nu di sebat imam 
Mahdi as.

Lamun Kayakinan Syiah ngayakinkeun yen Imam Mahdi teh anu tos lahir salah 
sahiji 
Ahlulbaet nabi as anu dijanjikeun dina Quran jeung hadits2na , anjeunna :
Muhammad Al-Qaim AlMuntadzar Al Mahdi as ( lahir Nisfu Sya'an 12 Sya'ban, 255 H 
di Samarra Iraq)
ibn 
Hasan Al-Asykari 
ibn 
Ali Al-Hadi
ibn 
Muhammad Al-Jawad
ibn 
Ali Ar-Ridha
ibn 
Musa Al-Kazim
ibn
Ja'far As-shadiq
ibn 
Muhammad Al-Baqir
ibn 
Ali Zaenal Abidin
ibn 
HUsein Sayyidusyuhada
ibn 
Ali Amirul Mukminin 



lamun kayakinan Suni Imam Mahdi sabagean ngaakinan yen Imam MAhdi teh putra 
Hasan, atawa putra Abdullah, atawa bapakna ti Hasan ibuna ti Husein... anu 
bakal 
lahir di Kahir Zaman.




________________________________
From: Waluya <waluya2...@yahoo. co.id>
To: kisu...@yahoogroups .com
Sent: Sun, July 18, 2010 9:09:07 AM
Subject: Re: [kisunda] Imam Mahdi

  
> From: Maman
> Kantos anu nganalisis perkawis Imam Mahdi, secara sosiologis, anu mana teu 
> tebih sareng konsep Satria Pinilih, atanapi
> konsep Ratu Adil.
> Ieu keur jadi 'hiburan' ka hiji kaum anu ngarasa katindes jeung putus asa, 
> nya jalan kaluarna ngaharep-harep bakal
> datang hiji panguasa anu adil jeung ngabela ka anu ditindes. Sangkan ulah 
> pegas harepan nya 'jalan kaluar'na ngadamel
> dongeng sepertos Ratu Adil.

Faham Imam Mahdi, dina sosiologi sakapeung sok disebut MESIANISME.  Ahli 
Sajarah sosial ti UGM,  jenatna Prof Sartono, sakapeung sok nyebut MAHDIISME 
atawa GERAKAN RATU ADIL. Di unggal etnik / kabudayaan sok aya gerakan ieu, 
malah sakapeung sok jadi "masalah" saperti sering kajadian di Pulo Jawa di 
jaman kolonial.  Thesisna Prof Sartono di Leiden, perkara Geger Cilegon 
Banten di taun 1880 nu para tokohna jadi aran jalan di Bandung: Haji Wasid 
jeung Tubagus Ismail. "Geger Cilegon" lamun ditempo make "kacamata" 
sosiologi mah asal muasalna ti katindesna patani Banten ku "sistem" 
pamarentahan. Dina suasana kitu, sok mucunghul saurang tokoh nu dianggap 
"Ratu Adil" nu rek mawa karaharjaan ka kaum nu katindes. Aya deui bukuna nu 
nyaritakeun sababaraha gerakan Ratu Adil di Jawa nu akhirna dipareuman ku 
Walanda ("Ratu Adil", Penerbit Sinar Harapan, Jakarta, 1984). Contona di 
Priangan Gerakan Nyi Aciah di Garut/ Sumedang.

Aya sababraha kajadian sanggeus Indonesia merdeka (pangpangna di Jaman 
Orba), nu sigana mah rada ngaharib-harib jeung kajadian di jaman kolonial. 
Kuring moal nyebut contona,  rumasa lain ahlina, tapi kira-kira cirina kieu, 
sok aya nu dianggap jeung manehna sorangan ngaku "jalma suci". Nu nganggapna 
jeung jadi baladna ti kalangan nu katindes/ kalangan nu ka marginalisasi. 
"Jalma Suci" ieu biasana boga niat ngaruntagkeun "sistem" atawa pamarentahan 
nu geus aya.

Kanggo jelasna, mangga we taroskeun ka ahlina, kuring mah sakadar ngacapruks 
...hehehe

Baktos,
WALUYA



 


      

Kirim email ke