Meni sarius kitu etah urusan kuuk jeung kunyuk bah Dud Hehe Sent from MobilePhone®
-----Original Message----- From: Dudi Herlianto <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Mon, 26 Jul 2010 21:54:42 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Sunda? heureuy eta mah kang maman. kuring kungsi manggihan heureuy dina olah kecap namina palindrom. cenah mun dibaca ti hareup ti tukang bakal sarua sorana. palindrom sunda nu kakoncara nyaeta, 'kasur haji ijah rusak'. tah kuring nyobaan nyieun palindrom, ngan naha geuning ukur meunang 'kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk'. haha teu aya hartian. komo nepi kana palasipah mah. ngan sok we rajeun ngalamun, ngaasa-asa. kajadian eta teh asa pamohalan kunyuk daek nuyun kuuk, kitu deui sabalikna. kunyuk gede kamungkinan teu nyaho ayana kuuk, oge sabalikna. jelas kunyuk teu hir teu walahir jeung kuuk. da puguh nu ngametamorfosa mah ngan ukur serangga, mamalia mah tara. dina tahapan metamorposis, tahap hileud (asana kuuk salasahijina) dianggap tahap can sampurna. hiji hileud mun hayang ningkat ka tahap saluhurna kudu tapa, nyacaka. sedeng kunyuk ti barang gubrag geus dina bentuk nu sampurna (iwal ukuran meureun). asa hade lamun nu (dianggap) teu sampurna wani nuyun mahluk nu sampurna. kitu deui, nu (ngarasa) sampurna teu kudu era nuyun mahluk nu (dianggap) teu sampurna. duanana sauyunan. da cenah hiji hal nu pamohalan, lamun geus katuliskeun mah tinangtu bakal kajadian... halah, ieu mah ngaya-ngaya we ketang kang manz... haha 2010/7/26 Maman <[email protected]> > > > Supados teu 'oot', Sunda ? > Punten dupi "kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk" naon hartos sareng > falasifahna ? > > ------------------------------ > *From:* Dudi Herlianto <[email protected]> > *To:* [email protected] > *Sent:* Mon, July 26, 2010 8:49:13 PM > *Subject:* Re: [kisunda] Sunda? > > > > haha > ari sami-sami resep mah sae atuh. kuring resep teu nanggeuy gado, bah jebe > resep jungkirjumpalik. > > :p > > ___ > -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
