widih mantaf kang. santos seueur kecap nu jiga di handap. ayeuna mah sugan
kisunda nyieun perlombaan papanjang-panjang ngadamel palindrom heuheu

2010/7/27 Deni Indra Kelana <[email protected]>

>
>
> Test-test... katilu kalina, manawi tiasa lebet. Meni asa sesah pisan
> lebetna ka kisunda teh:( kunaon nya?
> Sakantenan nambihan deui :D
>
> Kekecapan anu bulak-balik dekok:
> Tumut, turut, tutut, titit, tamat, bab, radar, ee, aa, najan, nahan, nemen,
> nawan, sinis, tenget, aya, ogo, olo, kelek, kirik, ketek, kacak, kerek,
> makam, peureup, meuyeum, nelen, kohok, nenen, kebek, malam, meuleum, heueuh,
> euceu, kotok, karak, lapal, parap, kodok, kuluk, kilik, jrrd.
>
> Kekecapan anu aya hartosna pami dibalikkeun:
> Sada-adas, dudu-udud, teureup-peureut, adi-ida, sirah-haris, amis-sima,
> tapis-sipat, hayu-uyah, raut-tuar, saba-abas, kawal-lawak, kapal-lapak,
> kasur-rusak, kabur-rubak, kojor-rojok, asor-rosa, hilap-palih,
> hareup-peurah, turun-nurut, kusut-tusuk, tuna-anut, rapal-lapar, tamu-umat,
> saur-ruas, tali-ilat, kitab-batik, tengen-nenget, tiwas-sawit, erek-kere,
> narabas-sabaran, taluk-kulat, turub-burut, kasep-pesak, teueul-leueut,
> suda-adus, peureum-meureup, kulub-buluk, lebet-tebel, sikat-takis,
> rames-semar, aral-lara, koran-narok, seueur-reueus, mirah-harim,
> murah-harum, alum-mula, teleb-belet, lisah-hasil, ical-laci, pacek-kecap,
> soang-ngaos, hate-etah, tilep-pelit, laja-ajal, ucul-lucu, melak-kalem,
> lima-amil, kerung-ngurek, hilap-palih, kureb-beruk, agan-naga, ibar-rabi,
> jrrd.
>
> Mangga dilajeng deui...
>
> Deni - sanes sasaha
>
> -original message-
> Subject: Palindrom Re: [kisunda] Sunda?
> From: Dudi Herlianto <[email protected]>
> Date: 27/07/2010 1:59 am
>
> kumaha lamun palindrom teh urang bagi dua. tingkat kecap jeung kalimah. tah
> dua conto ti mang oman mah dina tingkat kecap, conto ti kuring tingkat
> kalimah.
>
> sababna mah mun nu mang oman dibalikeun, hususna nu kadua bakal bareubeu
> beureum haha...
>
> kecap-kecap palindrom sunda:
>
> 1. ala
> 2. asa
> 3. isi
> 4. kaak
> 5. kuuk
> 6. taat
> 7. kunyuk
> 8. nuyun
> 9. (naon deui?)
>
> kecap-kecap nu boga harti lamun dibalikeun
>
> 1. ais
> 2. ngacak
> 3. rusak
> 4. kasur
> 5. haji
> 6. aci
> 7. adi
> 8. (naon deui?)
>
> 2010/7/26 oman abdurahman <[email protected]>
>
> >
> >
> > Tah, mun geus bab palindrom Sunda, kuring kataji yeuh. Conto palindrom
> > sejenna dina basa Sunda:
> > "Ida adi sia ais!",
> > "Haji Ijah ngacak kacang"
> > Naon deui nya? keur budak mah asa loba. Mun harita apal yen eta teh
> > palindrom, meureun dicatet ti keur budak keneh hehehe.
> >
> > manar
> >
> > 2010/7/26 Dudi Herlianto <[email protected]>
> >
> >
> >>
> >> heureuy eta mah kang maman. kuring kungsi manggihan heureuy dina olah
> >> kecap namina palindrom. cenah mun dibaca ti hareup ti tukang bakal sarua
> >> sorana. palindrom sunda nu kakoncara nyaeta, 'kasur haji ijah rusak'.
> tah
> >> kuring nyobaan nyieun palindrom, ngan naha geuning ukur meunang 'kunyuk
> >> nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk'. haha teu aya hartian. komo nepi kana
> >> palasipah mah.
> >>
> >> ngan sok we rajeun ngalamun, ngaasa-asa. kajadian eta teh asa pamohalan
> >> kunyuk daek nuyun kuuk, kitu deui sabalikna. kunyuk gede kamungkinan teu
> >> nyaho ayana kuuk, oge sabalikna. jelas kunyuk teu hir teu walahir jeung
> >> kuuk.
> >>
> >> da puguh nu ngametamorfosa mah ngan ukur serangga, mamalia mah tara.
> dina
> >> tahapan metamorposis,  tahap hileud (asana kuuk salasahijina) dianggap
> tahap
> >> can sampurna. hiji hileud mun hayang ningkat ka tahap saluhurna kudu
> tapa,
> >> nyacaka. sedeng kunyuk ti barang gubrag geus dina bentuk nu sampurna
> (iwal
> >> ukuran meureun).
> >>
> >> asa hade lamun nu (dianggap) teu sampurna wani nuyun mahluk nu sampurna.
> >> kitu deui,  nu (ngarasa) sampurna teu kudu era nuyun mahluk nu
> (dianggap)
> >> teu sampurna. duanana sauyunan. da cenah hiji hal nu pamohalan, lamun
> geus
> >> katuliskeun mah tinangtu bakal kajadian...
> >>
> >> halah, ieu mah ngaya-ngaya we ketang kang manz... haha
> >>
> >> 2010/7/26 Maman <[email protected]>
> >>
> >>>
> >>>
> >>> Supados teu 'oot', Sunda ?
> >>>
> >>> Punten dupi "kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk" naon hartos sareng
> >>> falasifahna ?
> >>>
> >>>  ------------------------------
> >>> *From:* Dudi Herlianto <[email protected]>
> >>> *To:* [email protected]
> >>> *Sent:* Mon, July 26, 2010 8:49:13 PM
> >>> *Subject:* Re: [kisunda] Sunda?
> >>>
> >>>
> >>>
> >>> haha
> >>> ari sami-sami resep mah sae atuh. kuring resep teu nanggeuy gado, bah
> >>> jebe resep jungkirjumpalik.
> >>>
> >>> :p
> >>>
> >>> ___
> >>>
> >>
> >>
> >>
> >> --
> >> d-: dudi herlianto :-q
> >> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
> >>
> >
> >
> >
>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>
>
>  
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke