alhamdulillah nu katalungtik ku abdi dasar filosofi ngadegna hiji nagara nu 
didadasaran ku sifat-sifat fitrah manusia jaman pajajaran anu sakitu luhurna, 
contona sapertos kieu "  



KEMBANG PURWAJAYA
Naratas jalan panjang pikeun maju, maju kana kabagjaan, kabagjaan anu 
diharepkeun ku pangeusi nagara anu pinuh ku wibawa, anu pinuh ku kaseungit, 
muka 
kaadilan keur sarerea pangeusi nagara, adilna ku welas asih, ngadegna ku 
kacinta 
kabangsa jeung kanagara, karaharjaan henteu saukur datang ku kahayang, moal 
kacipta ku saukur harepan, tapi ngajadi ku rahayat sadayana, diaping ku 
pamingpin, dijaga ku sadayana ku lampah anu bener, ku kajujuran, anu dibarengan 
ku karidoan hate jeung kaikhlasan. 

Seungit sajati pajajaran anu kacipta ku rasa, anu ngajadi ku kanyaah, jeung 
ngabukti ku lampah rahayat jeung pamingpin, bumi jeung langit nu jadi saksi 
lalampahan kabeneran anu dibawa ku rahayat jeung pamingpin, ngangkat harkat 
darajat bangsa jeung nagara, mugi-mugi ku kahayang anu bener, ku lampah anu 
bener, ku hate anu bersih, muka pangarti, muka pangabisa anu katutupan ku napsu 
dunya, mugi nunyipta langit, bumi, sawarga ngaridoan pajajaran jadi nagara anu 
pinuh ku wibawa jeung karaharjaan, pinuh ku kaadilan jeung kamulyaan pikeun 
sadaya pangeusi nagara.
PAJAJARAN
Kembang pamuka pikeun pajajaran loba jalan, loba cara pikeun ngudag kajayaan, 
tapi nu marengan manusa saenyana ngan saukur bener jeung salah, naha rek make 
cara anu bener, atawa rek make cara anu salah pikeun ngamimitian ngabuka 
kajayaan, sagalana bisa kabuka, tapi dina ngamimitianana rek make cara anu 
bener 
atawa rek make cara anu salah, sabab lamun arek make cara anu salah pikeun 
ngudag kajayaan, nepi mah nepi kana pamaksudan, tapi moal lila, sabab hukum 
alam 
nangtukeun lamun urang ngarugikeun ka batur hiji mangsa urang pasti bakal 
dirugikeun deui, kitu deui mun ngudag kajayaan ngudagna ku ngahalalkeun sagala 
cara, nyaeta dibarengan ku napsu dunya dina ngudag kajayaan eta moal inget mana 
anu bener jeung mana anu salah, anu penting mah nepi kana kajayaan, tapi lamun 
urang make cara anu bener dina ngudag kajayaan, nuningali oge bakal uninga, 
nyaraho mana anu bener jeung mana anu salah, sabab paningalina nu bener dina 
kahontalna kajayaan, nu neruskeunna oge bakal bener deui, bakal lila eta 
kajayaan teh, bakal salamina, tapi eta oge balik deui kanu make cara kabeneran 
jeung kasalahan eta, anu ngagerakeun kabeneran jeung kasalahan nyaeta anu 
disebut manusa, lamun manusa geus ngarti kanu bener, geus ngajalankeun kanu 
bener dina ngudag naon wae oge, pasti make cara anu bener, jadi anu mimiti 
dibenerkeun teh lain nagara pikeun jaya, tapi ngabebener ahlakna manusa anu 
nyicingan nagara, sabab maranehna anu ngagerakkeun, anu baroga kahayang pikeun 
nyicingan nagara anu pinuh ku kajayaan, ngabuka jalan pikeun mukakeun hate 
manusa dina ngajalankeun jeung ningali kabeneran, ngabuka jalan pikeun manusa 
hirup babarengan dihiji nagara, ngabuka jalan ku gawe rancage pikeun ngudag 
kajayaan bangsa jeung nagara,nyaeta didadasaran ku kabeneran, jadi pajajaran 
teh 
ngandung harti pambuka jalan pikeun manusa dihiji nagara dina ngudag kajayaan, 
kahormatan, kawibawaaan, karaharjaan tapi sagalana balik deui ka manusa anu 
nyicinganana, anu ngajalankeunnana, anu ngagerakeunana, naha rek make cara anu 
salah atawa rek make cara anu bener. 




________________________________
From: Dudi Herlianto <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Thu, July 29, 2010 4:36:57 AM
Subject: Re: [kisunda] Re: Neo Pajajaran

  
jigana pajajaran tos dugi ka tingkat 'kapercayaan', janten cepeng aliran nu 
dipercaya, teu kedah ngageunggeureuhkeun aliran sanes. 

asana mah mun bade muhit aliran nu akademis ge masih seueur nu neuleuman, masih 
rea nu leukeun nyuckcruk sesa-sesa karajaan sunda teh. ku ayana internet, 
sabagean hasil panalungtikan maranehna bisa dibaca ku urang. boh di blog-na, 
facebook-na, atawa di milis-milis kasundaan. jiga ambu richadiana di arkenas, 
kang aditia gunawan di perpusnas (http://naskah- sunda.blogspot. com/), kang 
mumu munawar holil di ui, kang t. bachtiar ti bandung (geologist), kang undang 
a. darsa di unpad, teh nina herlina di unpad, kang hendra m. astari di bogor 
(tukang ngaprak kasajarahan sunda bogor :) ) jeung seueur-seueur deui....


2010/7/28 Purwadin Aris <purwad...@yahoo. com>

  
>ari titinggal pajajaran teh geuning seueur nya ? namung patilasan karaton na 
>dimana ? nu kapendak ku sim kuring mah ngan saukur caritana, bari jeung seueur 
>versina ? hoyong terang nu saleresna mudah - mudahan aya nu terang? dimana 
>ayana 
>sareng kunaon seueur jalmi ngaku - ngaku turunan ti pajajaran tapi nu di agul 
>keun saukur jin jeung jurigna 
>
>
>
>
>
________________________________
 From: Waluya <waluya2...@yahoo. co.id>
>To: kisu...@yahoogroups .com
>Sent: Wed, July 28, 2010 10:28:20 AM
>Subject: Neo Pajajaran Re: [kisunda] sajarah sumedang
>
>  
>> Tirta widjaja <tirt...@...> wrote:
>> Jadi karajaan sumedang larang teh karajaan pajajaran muslim nya. 
>> Aneh tapi nyata kandaga lante diserahkeun ka sumedang larang, sanes 
>> ka Galuh, aya alesanana kitu Kang Dud? Eta pan rek Cirebon, Banten, 
>> Sumedang Larang pan sarua turunan raja pajajaran, muslim. Galuh 
>> harita tos kacekel ku Cirebon???
>
>Ambu geura nu terangeun mah (versi Galuh). Di Musieum Geusan Ulun aya makota 
>Binokasih (mudah2an teu lepat nyeratna). Ieu makota cenah ti Pajajaran. Ceuk 
>versi Sumedang mah diserahkeun ka Sumedang, tapi versi Galuh (Ciamis) benten 
>deui ...heuheuheu. Duka mana leres ....
>
>Baktos,
>WALUYA
>
>
>
>._,___


-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

 


      

Kirim email ke