Hahahaha, harita mah 3D oge teu acan usum.

--- In [email protected], "Ii Sumirat" <sumi...@...> wrote:
>
> Anu sok absen (beuki bolos sidang) tp beuki nampa gajih aya teu nya harita?
> Hehe 
> 
>  
> 
> Ii Sumirat
> 
>  
> 
> From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
> Abbas Amin
> Sent: Sunday, August 01, 2010 8:30 AM
> To: kisunda; urangsunda
> Cc: [email protected]; grek_2...@...
> Subject: [kisunda] Carios Wyang - Samemeh Bharata Yudha - Ka1
> 
>  
> 
>   
> 
> 
> Kakawen : Swuh Rep datapitana, anenggih nagari pundi ingkang ka eka adi dasa
> Purwa;
> eka = hiji; adi = leuwih/lineuwih; dasa = sapuluh; purwa = ngawitan.
> Ngawitan Bubuka ieu carita ku nyaritakeun hiji Nagara anu leuwih sagalana di
> dunya Hindi, waktu harita.
> Sanajan katah titahing Bhatara, kasongan ing akasa, namung boten kadi Nagari
> Astina;
> ya Astinalaya; Astinapura; Ya Gajahwaya. Teu aya hiji Nagara nu mana wae oge
> nendengan boh legana, boh kakawasaanana, ti batan Nagara Astinalaya.
> Nagara Kerta Raharja, rea ketan, rea keton; sepi paling, towong rampog tos
> lain babasan
> deui; tapi nyata memang Nagari Astina pinunjul.Nagari ageung punjul ti
> batur, pasir wukir
> loh jinawi. Ari anu jeneng Nata, nya eta Prabu Destarata, dibantu ku Dewan
> Pinisepuh
> nu unggal waktos sidang. Saha ari Dewan Pinisepu teh ? Teu aya sanes, nya
> eta :
> Bhisma; Drona; Sakuni, Widura, sareg sababaraha Brahmana nu wijaksana. Ieu
> nu sok
> masihan piwejang ka Sang Raja; ku margi Sang Nata teu tiasa ningali. Upami
> aya hiji
> masalah nu kedah diputuskeun teh penting pisan; nya kedah ku Sidang Pleno.
> 
> Saha ari anggota Sidang Pleno teh ? Nya eta sadaya Dewan Pinisepuh ditambih
> ku 
> rengrengan Para Pangagung Astina ? Di na sidang2 Pinisepuh Bhisma sering
> kenging
> tapi upami di Sidang Pleno, rata2 Bhisma kawon; lantaran naon ? Lantaran teu
> acan
> naon2 Sidang Pleno tos dikengeungkeun ku Pihak Kurawa da Putra2 Destarastra
> nu
> saratus, sadayana jadi anggota. Hal ieu tos diajukeun ku Bhisma, yen sidang
> Pleno
> teu pati adil; adilna hiji Putra Raja ngawakilan pikeun sagemblengna
> kulawarga; ulah
> dipisah pisah; tapi Suyudhana aya alesan nu kuat, nya eta sadaya Putra
> Destarastra
> kagungan HAK nangtosna kawijakan di Astina; piraku cenah eyang Bhisma teu
> percaya ka na kasatiaan Kurawa nu saratus ? Pan tos bukti Astina ayeuna
> sakitu majuna teh
> nya jasa2 maranehna keneh kapan; jadi teu bisa cenah diwakilkeun ku saha
> oge; ma
> ranehna boga hak; hiji jalma hiji soara. Nya Bhisma eleh deet; atuh lamun
> aya sidang
> teh, lolobana mag nu biluk ka Suyudhana, da pasti meunangna.
> 
> Ari Sakuni, ku pinter2na jeung licikna; unggal VOTING, sering pisan abstain;
> nunjukkeun
> yen manehna mah teu BILUK teu sing ka Kurawa teh. Tah ku sabab aya nu
> abstain,
> Drona, Krepa, Aswatama, sok milu abstain. Bri engkena sok disindir sampir ku
> Suyudhana
> pajarkeun milu dahar di Pala Putra Destarastra, tapi karek dititah Voting,
> malah abstain !
> Tapi memang ari kaputusan akhir mah kumaha RAJA, sabab Raja ngabogaan hak
> VETO;
> ngan wae sabage Raja nu Wijaksana, kuduna mah nya mihak sora nu loba; teu
> bisa
> sambarangan VETO; ari lain Raja boga alesan nu kuat mah.
> 
> Tah di na mangsa harita aya hal nu PENTING pisan, nya eta nangtukeun naha
> Nagara
> Astina nu sabeulah deui, nya eta Indraprasta bakal dibikeun deui ka Pandawa
> atawa moal?
> Sabab harita tos aya UTUSAN ti Pandawa, nagih jangji mulangkeun deui Nagari.
> 
> Raja Destarastra nyungkeun saran2 ti Dewan Pinisepuh, kumaha nya
> pisaeeunanana?
> Bhisma ngawaler, yen nu penting mah ulah nepi ka kajadian riributan antara
> DULUR,
> di Astina, jadi maning oge pulangkeun wae, da memang eta mah ti kapungkur
> oge, hakna
> Pandawa. Cariosan Bhisma didukung ku Para Brahmana; tapi saur Sakuni, ke
> heula
> anan, urang memang geus ngalakukeun hal nu adil ka Pihak Pandawa; tapi
> kumaha
> Putra2 Kurawa ? Lamun ayeuna urang nangtukeun sapihak, pasti maranehna
> protes,
> lantaran teu diajak badami sama sakali. Rada gur ger antara pihak nu satuju
> ka Bhisma,
> sareng nu satuju ka na cariosan Sakuni. Memang di Dewan Pinisepuh keukeuh
> soara
> Bhisma nu kenging; tapi enggalna Destarastra ngandika :"Ah bener Sakuni;
> lamun
> urang mikeun kitu wae bari teu saluyu jeung pamadegan para Putra Kaula;
> pinasti aya
> kaributan; lantaran maranehanana teu diajak badami; tah ayeuna Kaula
> mutuskeun yen
> sidang Pleno kudu dibuka."
> 
> Hanca
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke