Jenengan Suyudhana teh lengkepna Jakapitana, Duryodhana, Kurupati, Kurunata.
--- In [email protected], "Ii Sumirat" <sumi...@...> wrote: > > Palebah dieu kumaha pinter na Sakuni nga lobi, padahal sidang nuju diskors > hehe > > Jakapitana = suyudhana = duryodhana , eta teh sami sami keneh ? > > > > From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of > Abbas Amin > Sent: Monday, August 02, 2010 9:51 AM > To: kisunda; urangsunda > Cc: [email protected]; grek_2...@... > Subject: [kisunda] Samemeh Bharata Yudha ka-4 > > > > > > > > Barang Drestarastra nuju guntreng kitu, Sakuni lebet bari mamandapa, cong > Nyembah, > enggalna matur:"Duh Gusti Prabu, Kakang Drestarastra, sesembahan abdi Gusti, > neda sih haksama, sim abdi ayeuna ngadep, ku margi ieu penting pisan, Kakang > Prabu." > > Drestarata ngandika:"Eu, aya naon Sakuni ? Kapan Kaula teh kakara reureuh, > ayeuna sampeyan datang deui, naha teu cukup tadi ?" > > Sakuni :"Mugia Kaka Prabu wening galih, kersa nampi ka abdi, nu bade usul, > kanggo > kasaean sadaya, mugia Kakang Prabu kersa nampi." > > Drestarastra:"Ari enya mah penting pisan, pok omongkeun, > naon................" > > Sakuni:"Dawuh Gusti.........., bawiraos rai Gusti mah nu laip, memang > Pandawa > teh boga hak ka na nyepeng Indraprasta ( satengah Astina ) ." > > Drestarastra :"Kumaha ? Sampeyan mah teu puguh Rayo Sakuni............. > tadi waktu sidang nyalahkeun Pandawa, ayeuna rek usul naon? cik > sugan bisa mereskeun sakabeh pasualan." > > Sakuni:" Pandawa teh, kapan Putra Kakang Prabu oge sanes ?" > > "Enya, bener kitu pisan. Kaula nyaahna ka Putra2 Rayi Pandu, sarua > jeung nyaahna Kaula ka Suyudhana, jadi Kaula embung aya salah sahiji > pihak oge anu dirugikeun. Cik kumaha saran andika? Pok gancang, > Kaula teu sbar hayang ngadenge."Kitu timbalan Sang Prabu Drestarastra. > > "Pandawa teh urang ulem we, sina kadieu, tah upami Duryodhana > ngamuk, nya kapaksa urang korbankeun." Kitu saur Sakuni. > > Kaget mirenga ngadangu, sang Drestarastra, katon. > "Eeh, enya ari adil na mah adil, tapi kumaha eta si Duryodhana ? > Kaula mah nyaah sanget ka manehna teh. Kaula mah hayang caina > herang , laukna beunang." > > Sabot nuju imbal wacana kitu, lumebet Sang Jakapitana ya Suyudhana; > enggal nyembah sungkem ka ingkang Rama, sareng Ingkag Ibu; > saparantos ditampi enggal Jakapitana matur :"Duh Rama Prabu, sesembaheun > sadaya, ieu abdi Suyudhana, Putra sampeyan nu sok > wangkelang, nyanggakeun badan sakujur ka Rama; mangga Rama Prabu > abdi telasan, ayeuna keneh; abdi ihlas, moal bade panasaran." > > "Ke ke ke, Duryodhana, aya naon ieu teh ? Teu gugur teu angin, ujug2 > menta ditelasan; naha hidep cangcaya ka na kanyaah ama? Yeuh kajeun > ditukeur nyawa ama keur nebus sampeyan, ti batan sampeyan cilaka. > Tong cangcaya, tinangtu Ama moal wani mergasa sampeyan." > > Dewi Gandari ngiring nyarios:"Kunaon hidep teh atuh, Duryodhana ? > Teu puguh2 menta ditelasan? Aya naon? Cing pek nyarita bruk brak, > kapan unggal2 menta naon oge tara teu ditedunan, sok nyarita." > > "Duh Kangjeng Rama, Duh kangjeng Ibu, Putra teh asa teu betah > hirup di dunya teh, lantaran loba dosa; utamana ka Pandawa; hayang > Putra menta dihampura, ti na rumasa geus nganyenyeri." > > Bingah amarwata suta, bingahna kagiri giri. Prabu Drestarastra sareng Dewi > Gandari kalintang bingahna, barang mireng eta catiosan Sang > Putra pangbarep. Emh bagja temenan mun anak Kaula bisa sadar? > > "Oh, anaking anak ama, Duryodhana, jadi kumaha kahayang sampeyan > ayeuna ?" > > "Teu aya deui iwal ti hoyong nyembah menta dihampura ka Pandawa, utamana ka > Yudhistira." > > "Emh alus tah patekadan hidep teh, Jakapitana? Terus kumaha ?" > > "Ulem Pandawa sina kadieu, teras pasihkeun Indraprasta ka Yudhistira, > Rama kedah ngaihlaskeun Kaula rek leuleuweungan, mayar hutang." > > "Ke ke ke, palebah dieu mah, ama teu satuju. Keun we da Pandawa oge moal > hayangeun males Pati. Sok we pasrahkeun Indraprasta , da kapan Astina skieu > legana? Moal moal kudu sampeyan leuleuweungan." > > Segruk we Duryodhana nangis, atuh enggal diusapan ku Prabu Dreastarastra > sareng Gandari. Tos tos kulup Duryodhana, tos. > > "Emh ama, Kaula teh nyata jelema durjana loba pisan nyilakakeun ka > Pandawa." > > "Keun we nu penting mah, ayeuna hidep geus sadar." > > "salian ti eta, Rama Prabu, mugia janteng uninga; kapan kapungkur > mah Indraprasta teh Nagari leutik; tah salami 13 taun teh Putra sadaya > naluk2keun nagara disalurilingna keur nguatan Indraprasta. Utamana > Raja Angga Karna. Da tara eleh Raja Angga mah jeung sasaha oge. > Tah jadi Indraprasta nu mana nu kudu dibikeun teh atuh ?" > > "NYa atuh sagemblengna we, da meureun milikna eta teh."saur Dresta > rastra. > > "Upami kitu mah atuh Rama Prabu teu Adil ngahukuman ? Kapan Sabda Pandita > Ratu, Raja teh kudu ngalakukeun Kaadilan.Engke adi2 nu sanes panginten > baruntak ? ari Kaula sorangan ihlas masrahkeun ?" > > "Kumaha atuh, nurutkeun pikiran hidep, Duryodhana ?" > > "Cek Putra mah, hiji2na jalan nya eta ama nelasan Putra." > > "Ah! Kadinya deui kadinya deui. Ulah, ulah kitu, Duryodhana." > > "Pikiran Putra kieu, lamun urang masihkeun Indraprasta ka Pandawa, > leres adil kanggo Pandawa; tapi aya nu rada sesah, nya eta: kahiji > bagean mana Indraprsta nu hak Pandawa teh? Da tos robah jadi lega > pisan ayeuna teh. Meureun moal daekeun Pandawa dibere nagari anu > dilingkung ku nagri nu taluk ka Astina ? Mun kabeh dibikeun kapan eta > teh sami wae sareng teu ngahargaan para Pahlawan? Utamana Karna. > Pasti maranehna nyarerieun hatena, meunang hese cape, ayeuna > dirampas ku Pandawa. Pasti ieu bakal jadi biit pacengkadan nu moal > aya tungtungna.Memang dihiji hal urang adil ka Pandawa; tapi disisi lain, > jadina teu adil ka Para Putra Kurawa. Kumaha tah ama ?" > > Leng leng ramyaning kang sasangka................ > > Drestarastra nyaur salebeting penggalih:"Eeh, ari di na biwir, anak Kula > teh rek mikeun ka Pandawa; tapi saenyana mah moal dibikeun. Tapi ana > dipikir, memang logis oge eta omonganana teh?Kumaha nya sikep Kula? > Da Kaula mah kahayang teh, anak aing maju, anak Pandu oge mulya. Tapi sigana > hese." > > Saparantos lami mindel enggalna Drestarastra sasauran:"Anaking, anak > ama, Duryodhana. Saenyana mah salian ti mikirkeun kaadilan, ama teh > hawatir pisan, lamun teu dibikeun tea mah, tangtu Pandawa bakal ngamuk. > Bakal ngamusuh ka urang. Pan hidep nyaho sorangan kumaha saktina Arjuna? > Kumaha Gagahna Bhima? Jeung kumaha pinterna maen pedang > Nakula Sadewa? Tah ama mah sok inggis anak2 ama engke cilaka. > Jadi ku pikiran ama mah, maning ge Indraprasta teh dibalikeun deui ka > Pandawa." > > "leres pangandika Rama Prabu. Tapi keukeuh moal adil ka nu sanesna deui. > sarengna deui abdi sadaya teu sieun mayunan Pandawa. Malahan mah, Pandawa nu > gimir ku urang. Rama Prabu. Tah di na masalah ieu, Paman Sakuni langkung > apal." > > "Kumaha Sakuni?" Drestarastra naros ka Sakuni. > > "Oooo kieu eta teh, Ka Prabu. Ari Pandawa teh terus terang we, ngan ukur > ngandelkeun Arjuna hiji. Da ari Bhima mah ngan ukur GEDE tambuh. Teu > aya kapinteranana, ngan pedah kuat wungkul; kuat dipanah , kuat digada. > Tapi sanes teu teurak senjata. Jadi gampil lah, ngalawan Bhima mah. > Atuh kentenan Nakula Sadewa mah, cek paribasa tong diitung itung acan. > Yudhistira, atuh ngan ukur utuh etah, perangna mah can kaciri bisana. > Jadi nya andelanana teh ukur Arjuna hiji. > Kumaha ari Kurawa? Kapan aya Karna. Hiji Karna ge leuwih ti cukup > keur nyanghareupan Arjuna. Komo deui atuh di Astina kapan aya Paman > Bhisma, nu tara eleh perang? Ahlina perang sareng panah tos kasohor, > disakuliah Hindustan. Teras deui Guruna Arjuna pisan, kapan Resi Drona. > Arjuna tara mundur ku sasaha oge, tapi ari ka Resi Drona mah, eleh > Arjuna teh. Sieuneun, moal wani2 acan perang !? Tambah deui ku Guru > Para Senapati Astina, nya eta Krepa ! Tuh kapan 4 Arjuna lawan hiji > Arjuna, tangtuna ge can perang tos ngeper tah, Pandawa teh. Teu acan > pahlawan sejenna, model Aswatama." > > Hanca > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
