Palih manaeun sukaakur tateh Kang?
-original message-
Subject: [kisunda] Re: Wisata - Caringin Tilu Bandung?
From: "Waluya" <[email protected]>
Date: 03/08/2010 4:32 pm
> mh <khs...@...> wrote:
> Senin, 23/02/2009 08:59 WIB
> Caringin Tilu, Tempat Eksotis di Bandung Timur
> *Rivki* - detikBandung
Eta mah atuh tonggoheun lembur kuring atuh. Baheula mah kuring sering leumpang
ka Caringin Tilu ari poe minggu. Harita mah tempatna sepi keneh, teu aya nu
dagang. Inuman oge kudu mawa ti imah. Nu paling sering mah basa kuring keur
nyieun tugas akhir ( taun 1979), lamun pikiran geus buntu mikiran tugas akhir,
kuring biasana ti imah pun Ua di Padasuka sok ngagiridig leumpang ka tonggoh ka
Caringin tilu. Ngabangbrangkeun nempo pamandangan kota bandung nu dilingkung ku
gunung. Mun geus kitu, otak teh sok asa seger deui.
Pangakhirna kuring kadinya genep taun katukang, biasa lempang jeung pamajikan.
Keur urang Padasuka jeung sabudureunana mah teu lucu ka Caringin Tilu kudu make
kendaraan (mobil atawa motor) sanajan jalanna nanjak jeung mani netek pisan.
Lumayan mani ngos-ngosan. Geus kitu mah kuring tara kadinya deui, sanajan ari
leuleumpangan ka Cimenyan, kampung samemeh Caringin Tilu, sering tepi ka ayeuna
oge. Cenah ayeuna mah Caringin Tilu teh rame pisan kunu ulin jeung dagang.
Jelema kadinya oge loba nu teu leumpang deui, tapi make motor jeung mobil.
Keur nu hayang ka Caringin Tilu jeung acan terang jalanna, tuju we jalan
Padasuka tempat Saung Angklung Mang Ujo. Terus we kakaler, engke manggihan
lembur Cimanyan, naek deui kaluhur bras weh ka Caringin Tilu. Lamun hayang
neruskeun deui, jalan ieu bakal nembus ka Maribaya Lembang. Make kendaraan oge
bisa, ngan hadena mah leumpang ...hehehe, bari ngawawaas baheula kumaha tukang
peuyeum ti Cimenyan nanggung peuyeum jualeun di Kota Bandung atawa engkena
dijieun COLENAK BANDUNG (COLENAK MURDI DI CIDURIAN) nu kasohor tea ....
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/