"Hideung cakeutreuk" biasana dilarapkeun kana kadaharan, upamana : angeun:
"Angeun teh mani hideung cakeutreuk". Ari hideung pisan mah istilahna
meureun leuwih deukeut kana kecap "hideung meles".

Lamun kana poek, poek pisan, biasana sok make kecap "poek mongkleng".
Biasana mah sik ditambahan "buta rajin" : '"poek nongkleng, buta rajin",
ceuk babasan. Teuing timana asal-usulna eta babasan teh. Anu jelas, ngan
dina basa Sunda aya sifat alus (rajin) anu dilarapkeun ka "buta". Naha ari
kecap "buta" di dieu hartina sarua jeung "lolong" alias tuna netra? Atawa
kecap "buta" dina eta babasan hartina sarua jeung sarupa raksasa atawa
genderewo atawa "hulk" tea? Kunaon jadi "rajin" boh anu lolong atawa para
buta dina kaayaan eta? bakat ku poek? Wah, nyaan jadi loba tanyakeuneun.

Ka anu nuju milarian unak-anik kecap pikeun warna dina basa Sunda, mangga
pilarian wae dina arsip file ieu milist. Ti heula geus sababaraha postingan
anu ngaguar hal eta.

manar







2010/8/8 Abbas <[email protected]>

>
>
> tapi tiasa oge penerangan nu comprehensif, hehehehe
>
>
> --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, mh <khs...@...>
> wrote:
> >
> > hehehe, bah aa nu "beuneur" mah pare nu siap dipanen.
> >
> > 2010/8/8 Abbas <abas_ami...@...>
>
> >
> > >
> > >
> > > Sigana mah di na bab "Bawang beureum" ieu mh nu "bener"
> > > tapi teu pati "Beuneur" hahahaha
> > >
> > > --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com> <kisunda%
> 40yahoogroups.com>, mh <khs579@>
>
> > > wrote:
> > > >
> > > > 2010/8/7 Abbas <abas_amin08@>
> > >
> > > >
> > > > > Warna di na Basa Sunda araneh oge. Model coklat kadang kala
> > > > > disebut KOPI. arang mah jelas oranye na.
> > > > > nila = biru - bulao
> > > > > biru muda = telos asin
> > > > > pink = kayas
> > > > > maroon = beureum euceuy
> > > > > abu2 - abu2 oge kadangkala kulawu
> > > > > belang = belang/ boreleng bonteng
> > > > > kasumba ? meureun semu kayas
> > > > > putih nya bodas
> > > > > hitam = hideung
> > > > > hitam legam = cakeutreuk hideung
> > > > > hideung kawas areng, cenah.
> > > > > sawo matang = semu hideung
> > > > > hitam manis = hideung santen
> > > > > kulit wanita nu sampurna = hejo carulang
> > > > > warna beungeut nu amarah = manehna ngulit bawang ( maksudna bawang
> > > merah ).
> > > > >
> > > >
> > > > sainget mah nu disebut ngulit bawang teu pakait jeung urusan kelir.
> > > > ngulit bawang maksudna gampang ngambek, teu kaopoan kasinggung.
> > > > lebah dieu kecap "gampang", "babarian" dikiaskeun kana bawang, pedah
> > > bawang
> > > > beureum kulitna "ipis" gampang atawa babari dicoplokeun.
> > > >
> > >
> > >
> > >
> >
>
>  
>

Kirim email ke