Bah Abbas, kumaha tah, aya nu salah tarima. He..he..he...

Kang Dade, deudeuh teuing...
kuring lain ahli agama, lain oge ahli budaya.
tapi ceuk kuring, agama jeung budaya ada kamarna masing masing.
lamun urang hayang ngamajukeun budaya, can tangtu hayang mareuman agama.
pon kitu deui, lamun hayang ngamajukeun agama, can tangtu kudu mareuman budaya.

para ulama di tanah jawa baheula, kapanan ngagunakeun budaya pikeun nepikeun agama. pon kitu deui, agama jadi salah sahiji papaes anu ngajadikeun budaya di urang endah.

Tah kusabab kitu, ieuh kang Dade,
kahade omat kahade,
ulah gurung gusuh,
ceuk kolot oge kudu nete taraje nincak hambalan
di beuweung diutahkeun.




--
R. Irpan Rispadi Raksagalaksibimasakti Nupalingningrat, teureuh Planet Krypton



On 08/09/2010 08:42 AM, Abbas wrote:

Haaaar, US mah sanes mumusuhanana atuh nu kedah digaris handap
teh; ulah ah, mumusuhan mah..... hehehehe.
Maning ge dame atuh.

--- In [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com>, Dade Rahmat <dade.rah...@...> wrote:
>
> Sampurasun, sim kuring mairan gunemcatur nu narotog kang Abbas Amin. sapamendak sim kuring, naon anu didugikeun ku kang Abbas Amin teh saleresna mah teu aya bedana sareng sumanget kasundaan kiwari.
>
> Tegesna, hakekat sumanget kasundaan teh jiga nu "anti-Arab jeung Islam" da cenah hayang ngalulugukeun warisan buhun, nya kitu oge hakekat sumanget Syiah Persia, nyaeta jiga nu "anti-Arab jeung Islam"
>
> Alhasil, kedahna mah gerakan Syiah Internasional teh sapuk sareng gerakan Kasundaan, da geuning nyanghareupan "mumusuhan" nu sami, the same common enemy. Pan aya basa "musuhna musuh teh sami sareng balad" ...???
>
> Hampura nu diteda......
>



Kirim email ke