nuhun kang zia, kang oman infona. edun tah dalil "kul kal-kawung, wala takun kal-maung" teh. ieu conto kumaha hebatna kamotekaran ustad sunda, bisa ngadumaniskeun nilai-nilai global jeung lokal.
noongan make google manggih buku nu judulna "Islam Rahmat Bagi Alam Semesta" karangan Tim Penceramah JIC, nu oge nyutat dalil di luhur. 2010/8/12 oman abdurahman <[email protected]> > > > Waduh, nyaan pogot ieu obrolan. Ti mimiti munggah, tajil nepi ka "kul kal > kawung, wa la takun kal Maung". Nuhun kang, abdi oge nembe nguping yeuh. > Ngan sigana wae, kalimah anu kahiji teh kuduna : "Kun kal kawung" anu > maksudna dina basa bebas: "Pek anjeun hirup lir ibarat tangkal kawung". > Parobahan eta oge meh luyu jeung kalimah kaduana: "wala takun kal maung" anu > maksudna kira-kira:"Jeung ulah hirup anjeun lir ibarat maung". > > Meureun dumeh tangkal kawung teh meh sakabeh bagean anggotana manfaat keur > manusa. Ti mimiti legenna (BInd: nira) pigulaeun, tangkalna pidoraneun jeung > papan anu kacida kuatna, heta tangkalna keur aci, injuk keur jok mobil, jst. > > Ari maung? sabenerna, lamun disawang tina ekosistem mah maung oge penting, > salaku predator. Tapi, dina babasan diluhur anu dicokotna teh tangtu anu > matak ngarugikeunana (keur nu sejen). > > Manawi kitu oge, mangga pedaran nu sanesna diantos. > > manar > > > > > > > 2010/8/12 Muhammad Ziaulhaq <[email protected]> > > >> >> Kang MH, >> >> Aya nu kalangkung.... Da di urang ge aya usum puasa usum cangkaleng >> (kolangkaling) tina caruluk ... buah tangkal Kawung (Nira). Tangkal kawung >> ceuk basa urang Kabuyutan Dukuh mah : Toko Swalayan. sagala bisa di >> manfaatkeun keur manusa. Malah keur sabagian urang Pakidulan mah hirup >> huripna tina tangkal eta. >> Malah aya paribahasa atawa "fatwa" nu saurna sok diamanatkeun ku Kyai ka >> santrina : >> >> *Kul kal Kawung* >> * Wa laa takun Kal Maung...* >> >> Cik ah, ka abah-abah Ki Sunda... mugia aya nu tiasa nafsirkeunna. >> >> Baktos, >> Zya >> >> --- On *Wed, 8/11/10, mh <[email protected]>* wrote: >> >> jigana geus identik, usum puasa usum korma, usum lebaran cina usum jeruk >> mandarin. >> sabaraha loba nya eta impor korma ti nagara arab, nu unggal taun >> didatangkeun ka lembur urang, >> kitu deui impor jeruk mandarin unggal usum lebaran cina. barisaan batur >> mah nyiptakeun lahan >> bisnis teh. ngan iraha ari urang rek milu ngamajukeun industri tatanen >> lokal nya. misalna kaci >> teu mun ngamasyarakatkeun buka puasa teh ku cau raja cere, ngarah patani >> aya lahan >> marelak cau? atawa perlu aya fatwa, buka puasa dianjurkeun mengkonsumsi >> cau raja cere. >> >> >> >>
