bah, ari Bimasena dina versi india gaduh kuku pancanaka teu?

2010/8/18 Abbas Amin <[email protected]>

>
>
> Para Kurawa teh memang ngahaja, rek nganyenyeri Pandawa;
> maranehanana ngahaja curak2 ngaliwat leuweung tempatna
> Pandawa nyarepi; barang ngaliwatan ka rombongan Pandawa
> marehna susurakan mani ayeuh; terus saleuseurian bari nunjuk2
> ka Pandawa.
>
> Sang Gatotkacha amarah sakalangkung; enggal cangcut taliwanda
> bade nanganan eta para Kurawa; tapi diwagel ku Yudhistira; atuh
> Gatotkacha teh calik deui bari mentegeg.
>
> Kurawa saterasna ngadamel kemah nu teu pati tebih ti tempatna
> Pandawa; ti harita unggal wengi mani ngungkung kendang sareng
> goong; tandaning teras2an pesta sareng curak2 nganyenyeri ka
> Pandawa. Waktos harita Kresna, Baladewa, sareng Satyaki tos
> marulih ka nagarina masing2.
>
> Di leuweung nu caket sareng Kurawa pesta saleresna aya bangsa
> Genderewo sareng pasukanana. Atuh genderewo nu dipimpin ku
> Citrasena kacida ambekna; nepi ka dina hiji peuting mah,
> maranehana ngajorag ka kemah kurawa, padahal ka Pandawa mah
> maranehanana teh can sakali oge ganggu.
>
> Atuh ger we tarung ragot; ngan wae Pasukan Kurawa keur ngeunah2
> pesta; teu nyangka bakal diserang; atuh amburadul pasukanana di
> burak barik ku Pasukan Genderuwo; malah Sakuni, Suyudhana,
> sareng Dursasana tos ditalikung. Ngan Karna nu masih keneh soroh
> amuk. Ku sabab pasukan Genderewo loba nu ancur ku Karna;
> Citrasena terus ngancam, yen mun Karna teu nyerah Suyudhana
> harita keneh bakal disiksa. Atuh kapaksa Karna ge serah bongkokan
> daek diborogod ku para genderuwo.
>
> Caturkeun pasukan Kurawa nu katawuran, aya hiji dua ponggawa nu
> kabur ka tempat Pandawa; teras careurik nyuhunkeun ditulungan;
> Yudhistira enggal miwarang Bhima, Arjuna sareng Gatotkacha
> nulungan Kurawa.
>
> "Yooooy, Darmaji kakangku; opo mene kakangku ( make jajawaan);
> bela2 si kurawa sing duratmaka ?"
>
> "Eh Yayi Arya, keun we kabehanana eta teh dulur sagetih keneh;
> urang kudu sabar; di na waktuna pasti aya wawales nu hade keur urang."
>
> "Ah! Kula mah bener2 teu ngarti kana pikiran andika teh kakang !?
> Tapi masing kalah kumaha Kaula memang can pernah nolak kana
> parentah sampeyan."
>
> "Eh Jenet !  Gatot ........... hayu urang mangkat..............."
>
> Enggalna ieu tilu jagoan teh angkat mani jaligrah; kantenan atuh
> Gatotkacha mah mani bingah pisan, lantaran nya ayeuna anjeunna
> bakal nembongkeun bebela na ka sadaya sepuh2na.
>
> Hanca deui wae....................hehehehehe
>
>  
>

Kirim email ke