Haying ngabagi kenang kenangan dongeng dongeng ti Kang Ibing anu nempel,
nyanggakeun.

 

Kareta api jeung caretet beureum

 

Kacaritakeun di sisi rel kareta api jurusan Bandung Cibatu, disalah sahiji
lembur anu masih keneh asri.

Tukang batagor reureuh sisieun rel kareta api rada anggang bari ngumbah
piring urut nu jarajan. 

Beres dikumbah terus piring dielapan kucaretet, kabeneran warna na beureum.


Bari sakali kali carecet dipeureut terus dikebutkebutkeun sangkan teu baseuh
teuing.

Kabeneran waktu harita kareta api ka Cibatukeun jol, masinis nu dijero
karena rada reuwas 

sabab katingali aya jelema tikaangangan ngelebet ngelebetkeun carecet warna
beureum, tanda bahaya biasana.

Atuh nya rikat eta masinis ngerem kareta api, palebah tukang batagor nu keur
ngebutngebutkeun carecet 

pas pisan kareta bisa ereun dierem. Masinis terus nanya bari serius.

Masinis : "aya naon mang ?"

Tukang batagor nembalan : " teu aya nanaon pa, kantun bumbuna wungkul,
bede?"..

 

Ii Sumirat

 

Kirim email ke