Samping poleng Bang bintulu aji.

--- In [email protected], engkus ruswana <engkusrusw...@...> wrote:
>
> Bawirasa simkuring, karakter Bima sanes kasar jeung gede ambek, tapi tegas 
> teu pandang bulu, geuning sok aya omongan " Ora sanak...ora kadang..nek salah 
> tak pateni.." Tegas jeung teu pandang bulu, sabab Bima ngalambangkeun Elmu 
> dina perelmuan mah teu aya KKN, nu bener kudu dibenerkeun nu salah kudu 
> disalahkeun. Matak digambarkeun dedegan Bima teh Jujul ka langit, Amblas ka 
> bumi (elmu kanyaho ti langit nepi ka jero bumi). Pusakana Kuku Pancanaka 
> (leungeun pikeun migawe, gunung ge bisa ditugar), jeung Gada si Rujak Polo 
> (Otak nu dirujak/diaduk jadi pamikiran/kapinteran).
> 
> Hasil olah Otak jeung Leungeun ngahasilkeun anak (buah karya) mangrupa (1) 
> Antareja nu bisa nembus Bumi (alat2pangeboran),  (2) Jayakatwang nu bisa 
> napak hancang (parahu/kapal laut) jeung nyelem di samudra (kapal selam); (3) 
> Gatotkaca nu bisa ngapung (pesawat terbang, pesawat ulang-alik), anu fungsina 
> bisa ngajaga kadaulatan nagara. 
> 
> Bima boga kalung oray nu hartina "kapujanggaan" atawa kalinuhungan, Bima make 
> anting-anting buah manggu (luarna pait jerona amis), jadi dina ngudak elmu 
> ulah pantang atawa anti kana kritik, sok sanajan matak pai kana ceuli jerona 
> mah amis. Bima make samping kotak-kotak beureum-koneng-bodas-hideung nu 
> dingaranan "bangbitu aji (?)",  nu maksudna eta kanyaho teh ngancik dina 
> wujud/raga nu asal tina acining seune-angin-cai-bumi. Leungeuna maka kilat 
> bahu "candrakirana"  jsb........
> 
> Tah matak sawangan luluhur urang sabenerna geus linuhung, yen urang hirup di 
> dunya teh kudu boga elmu (Bima), jeung eta emu bisa nembus ka jero bumi, ka 
> jero laut jeung ka langit, ku lantaran can bisa ngagambarkjkeun bentukna, nya 
> digambarkeun ku Atareja-Jayakatwang jeung Gatotkaca....... Nyatana eta 
> sawangan teh bisa diwujudkeun ku urang Barat, nu ngawujudkeun dedegan bima 
> (prak ngagunakeun Kuku Pancanaka jeung Gada si Rujakpolo meres otak).
> 
> Naha cukup ku boga elmu wungkul....?
> Henteu.... sabab kudu jadi Samiaji-Arjuna-Nakula-Sadewa......, kalayan boga 
> panakawan/nu ngaping ti Karang Tumaritis, hususna Semar alias Sanghyang 
> Ismaya (Is=jero/eusi; maya=cahaya) nu hartina "rasajati" atawa "hati nurani".
> 
> Hapunten nun.
> 
> Cag.
> Engkus   
> 
> --- Pada Sen, 16/8/10, Abbas <abas_ami...@...> menulis:
> 
> Dari: Abbas <abas_ami...@...>
> Judul: [kisunda] Re: Gatotkacha-2
> Kepada: [email protected]
> Tanggal: Senin, 16 Agustus, 2010, 4:08 PM
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>  
> 
> 
> 
>   
> 
> 
>     
>       
>       
>       Hahahahaa, eta panginten ambek Jawaeun tea!
> 
> jadi nu kasar nu gede ambek aiibaratkeun ka UJ ! Hahahaaha
> 
> 
> 
> --- In [email protected], "Ii Sumirat" <sumirat@> wrote:
> 
> >
> 
> > Salian di bahasana kasar bima teh bahasana sok jawa wae lamun digambarkeun
> 
> > ku wayang golek oge 
> 
> > 
> 
> > Naha kunaon nya bah AA
> 
> > 
> 
> >  
> 
> > 
> 
> > From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
> 
> > Abbas Amin
> 
> > Sent: Friday, August 13, 2010 7:48 PM
> 
> > To: kisunda; urangsunda
> 
> > Cc: [email protected]; grek_2002@ cak.semprul
> 
> > Subject: [kisunda] Gatotkacha-2
> 
> > 
> 
> >  
> 
> > 
> 
> >   
> 
> > 
> 
> > 
> 
> > "Nun Kanjeng Rama Arya Bhimasena, sesembaheun Putra, mugia Rama
> 
> > enggal nyandak Putra ngadep ka Wa Yudhistira, sareng Paman Arjuna, Nakula
> 
> > Sadewa. Putra hoyong enggal nyungkeun diajar mentang jamparing. Rama."
> 
> > 
> 
> > "Hahahaha, alus.........  alus................. Tapi na waktu ieu Ki Arjuna
> 
> > keur tatapa
> 
> > di Leuweung Himalaya nu sanget pisan; teu nyaho dimana lebah2na; tak Kaula
> 
> > ayeuna keur neangan Paman Sampeyan, Arjuna. Ua maneh Yudhistira pindah2
> 
> > tempat matuhna di leuweung Kamiaka teh, jadi maning ge maneh mah latihan
> 
> > we terus; lantaran aya kamungkinan Pandawa bakal Perang ngalawab Kurawa."
> 
> > 
> 
> > "Wah...........Putra pasti bakal RESEP ngiring perang Rama; ulah dugi ka teu
> 
> > ngajakan Putra, Rama. Putra bingah pisan bisa perang sasarengan sareng
> 
> > sadaya sepuh2. Rama kedah yakin; salami masih aya Gatot kacha; salami
> 
> > Gatot Kacha masih hirup, kumelendang di alam dunya ieu; moal aya sing saha
> 
> > wae nu bisa nyodeka ka Para Pandawa, sepuh2 Kaula. Maning AJUR diri PUTRA
> 
> > ti batan ningali Rama sareng Paman2 pada cilaka. Ayeuna ge Rama; upami Rama
> 
> > Bhima ngidinan, bakal dibasmi eta Para Kurawa teh ku Putra !"
> 
> > 
> 
> > "Yoooooy , Gatoooot................   Kaula percaya ! Jeung memang maneh teh
> 
> > bener2 Anak Kaula ! Hahahahaha Kaula bungah kacida ! Boga anak sperti maneh
> 
> > Gatot kacha ! Tapi Kaula teu satuju. Jeung tong pipilueun perang ngalawan
> 
> > Kurawa;
> 
> > sesakeun ! Eta kabeh geus dijangjikeun bakal binasa ku Kaula ! Hahahahaha."
> 
> > 
> 
> > "Duuuh Rama, sembaheun Putra. Putra kalintang bingahna; yen ama tos nampi
> 
> > Putra; moal aya hiji kabungaheun nu ngelehkeun ieu ayeuna. Ku margi kitu,
> 
> > ama.
> 
> > Upami Rama butuh NYAWA Gatotkacha................   ayeuna keneh bakal
> 
> > dipasrahkeun ka Kanjeng RAMA ! Estu kula ihlas balilahan....................
> 
> > moal
> 
> > rek mungpang kapalay sampeyan, Rama Sena."
> 
> > 
> 
> > "Yooooy................Gatot.............tong ngomong nu euweuh
> 
> > gunana...........; maning
> 
> > ge siapkeun diri maneh keur engke nyanghareupan Perang Bharata Yudha.
> 
> > Eh..................   mun memang geus teu katahan hayang tepung jeung Uwa
> 
> > Yudhistira;
> 
> > jung.................tah ieu bawa Susumping Kaula. Moal teu ditarima; da
> 
> > saha jalmana
> 
> > nu bisa mamawa SUSUMPING Kaula; ari lain anak KAULA mah."
> 
> > 
> 
> > Kalintang bingahna Sang Gatot Kacha nguping kasauran Ramana nu kakuping 
> 
> > sakitu ngahargaan pisan ka anjeunna; mani nepi ka masihkeun susumpingna.
> 
> > Anjeunna oge yakin yen susumping Bhima moal aya nu wanieun ngarebut;
> 
> > ari lain hayang pondok umur mah. Da memang Ramana Bhima teh kacida gagahna.
> 
> > Kapan anjeunna oge dua kali dibantingkeun! Padahal pan pangawak Butha !
> 
> > Enyaan Rama Bhima gagah ! Aing reueus pisan boga bapa saperti Rama Sena.
> 
> > 
> 
> > Enggalna bae teu lami Bhima sosonoanana; Arya Djodipati saparantos pamit ka
> 
> > Hidimbi teras ngaleos mani ngan sakilat  tos teu katingal deui. Disebat
> 
> > pamit teh,
> 
> > nya eta nyarios:"Hidimbi ! Aing indit !" cenah ngan sakitu. Tapi katampina
> 
> > ku Hidimbi
> 
> > mah mani asa dielus elus nu kacida ROMANTISNA; ku ngan sakecap Bhima teh.
> 
> > 
> 
> > Gatotkacha rada heran oge ku kalakuan Ramana kitu; enggal wae tumaros ka
> 
> > Kanjeng
> 
> > Ibu Hidimbi:"Duuuh Ibu, Dewi Hidimbi sesembaheun Putra, Putra parantos
> 
> > diajar ku
> 
> > Jeng Ibu, adat etika sopan santun; tapi naha geuning sigana Rama Bratasena
> 
> > mah,
> 
> > asa kirang dianggo eta tata titi teh ?"
> 
> > 
> 
> > Hidimbi gumujeng, kapiasem ku patarosan Putrana Gatotkacha, enggal bae
> 
> > ngalahir:"
> 
> > Duuuh..............., Gatot kacha Putra Ibu, deudeuh teuing
> 
> > sampeyan..............; tah
> 
> > paman2 sampeyan teh kacida sopan santunna; Ibu oge bisa kieu teh dipasihan
> 
> > palajaran Ku Ibu Dewi Kunthi Nalibrata, nalika anjeunna leuleuweungan
> 
> > kapungkur
> 
> > tea. Tah eta tata titi adab teh dianggo ku sadayana, matak era urang mah nya
> 
> > kasar,
> 
> > nya manyang munyung, urang kampung bau lisung. Tah ari Rama hidep mah, nya
> 
> > eta Arya SENA..............duuuuh saperti Bangsa urang
> 
> > weeeee..............kalasar!"
> 
> > Waktos nyebat Arya Sena, Hidimbi teh rada imut, sareng pameunteuna rada
> 
> > beureum,
> 
> > lantaran memang ieu Hidimbi teh muja pisan ka BHima teh. Cek paribasana teu
> 
> > mikir deui masalah lain, nu aya di na manah Hidimbi mah salian ti BHIMA.
> 
> > Tapi ayeuna mah RINDU DENDAM teh rada kaubaran; saparantos lahirna ingkang
> 
> > Putra Gatot Kacha.
> 
> > 
> 
> > 
> 
> > HANCA   
> 
> > NB. : parunten upami salah ngetik; teu dipariksa2 acan da.
> 
> > Biasana ge ngedul; komo keur puasa mah atuh. Hehehehehe
> 
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke