Leres kang Waluya. Panginten kulantaran saluyu wae sareng realitas kahirupan jelema, carita wayang (mahabarata jeung Ramayana) sok dijadikeun oge cekelan hirup.. meureun.
Inget waktu keur nga draf skripsi, dosen sikuring UJ (dosen istri), waktu ngedraft ka bumina di Bogor sikuring malah dipelak lila kurang leuwing 2 jam an mah aya meureun teu pati diwaro diuk ngajentul dinu bangbarung nungguan. sanggeus kitu nyampeurkeun oge akhirna, sikuring geus sumanget langsung muka tulisan naon wae anu kudu dibenerkeun teh.. eh malahan teu ngawaro hal eta, tapi malahan ngabahas wayang panjang lebar dikait kaitkeun jeung palsapah kahirupan, harita loba tokoh2 wayang anu dipedar, ngaran2 wayangna ku jawa rada beda saeutik. (palebah dieu sok lieur da geuning tokoh wayang hiji ngabogaan rea ngaran). Tah karesepna dosen sikuring teh Bima..pedaran kumaha karakter bima teu jauh beda nu kungsi dipedar di ieu milist.. tuntungna nu tadina rek ngabahas tulisan teh jadina hal wayang sapopoe.. Ku pangalaman ieu sikuring jadi kapikiran da ceuk dosen kieu. "urang kudu apal palsapah palsapah wayang, urang arek jadi wayang naon sangkan bisa merankeun kahirupan" kurang leuwih kitu nu katangkep. Janten bah AA diantos pedaran salajeungna di ieu milist sangkan seueur oge anu mairan.. versi asli atawa wayang jawana oge saena duanana dipedar/dibandingkeun oge. Punten nu kasuhun. Ii Sumirat From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Waluya Sent: Friday, August 27, 2010 8:09 AM To: [email protected] Subject: [kisunda] Re: Kanggo Kang II , Kang Aldo; Kang Gunawan yusuf ssdyn Sok dilajeng Bah AA, kuring oge tara kalangkung macaan posting carita wayang Bah AA teh, resep lah. Duka kunaon carita Mahabararata teh teu matak bosen, meureun kulantaran dongengna sabenerna henteu "hideung-bodas", tapi aya abu-abuna, saluyu jeung realitas kahirupan jelema .... Baktos, WALUYA > --- In [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> , mh <khs...@...> wrote: > > bah aa tong pundungan ah, apan watak pandawa sakitu tiginna. > mangga lajengkeun euyeuban milis sing mayeng. > tong pedah arang nu mairan, mani luluasan. > uing ge "menikmati" bah aa. > hehehe. >
<<image001.jpg>>
<<image002.jpg>>
