Bacaan husus kanggo kaom Muslimin, kanggo ngabuburit dina sasih siam denget ieu
(sonten ieu):
Jalma-jalma nu barodo bakal
naranya: “Naon sababna nu matak maranéhna (umat Islam) melengos ti kiblat
maranéhna
nu enggeus-enggeus?” Béjakeun: “Wétan jeung kulon téh kagungan Allah. Mantenna
maparin pituduh
kana jalan anu lempeng ka sing saha nu dipikersa ku Mantenna.” (QS 2:142)
Kira-kira 16 atawa 17 bulan ti sanggeus Rasulullah saw sumping ka Madinah,
anjeunna sok shalat bari madep ka Baital Maqdis. Aya mufasir nu nyebutkeun yén
ngiblat ka Baital Maqdis téh ku lantaran Masjidil Haram dina waktu harita pinuh
ku arca sesembahan kaom musyrikin jahiliah. Tapi ari manahna mah tetep kangen
ka Ka’bah. Dina Hr. Muslim ti Bara’, ceuk manéhna: ”Kuring shalat jamaah jeung
Rasulullah saw madep ka Baital Maqdis salila 16 atawa 17 bulan, ti dinya
diparéntah
ngiblat ka Ka’bah.
Allah SWT nu Maha Uninga kana bakal ayana réaksi ti kaom munafiqin, urang
Yahudi jeung urang Quraesy musyrikin ngeunaan parobahan kiblat, ngalungsurkeun
ayat 142 ieu sangkan Rasulullah saw waspada, tabah jeung tenang terus ngawaler
maranéhna: ”Wétan jeung kulon téh kagungan Allah. Mantenna maparin pituduh kana
jalan anu lempeng ka sing saha nu dipikersa ku Mantenna.”
Tapi dasar maranéhna téh jalma-jalma nu assufaha-u, dibéjaan kitu téh
arembung ngarti malah ngaliarkeun taleus ateul, pokna téh: ”Umat Islam teu boga
tangtungan.” Tapi nu geus bener-bener buleud imanna mah teu ungut kalinduan teu
gedag kaanginan, maranéhna ta’at ka Allah jeung Rasulna.
Masjid Nabawi di Madinah jeung Masjid Kuba sok disebut Masjid
Zul-Kiblataini, nyaéta masjid nu ngabogaan dua kiblat, mimitina ka Baital
Maqdis terus diganti ka Ka’bah di Masjidil Haram.
Ayat-ayat Suci Lenyepaneun seratan Moh. E. Hasim, Penerbit Pustaka,
Bandung, 1427 H (2006M).