Assalaamualaikum wr.wb.
insyaallah minggu ping 5 sept 2010, yayasan nu dikelola ku abdi (yayasan 
Kalifatul Muiz, lokasi di Desa Wanasari, Kec. Wanayasa, Kab. Purwakarta) bade 
ngayakeun pembagian sembako sapertos taun2 kamari. mustahik-na mah para jompo 
ditambih anak yatim ti keluarga nu kirang mampu. eusi paketna mah sapertos: 
beas, mie, gula, sirop, minyak goreng, susu jrrd (sesuai sareng dana nu 
kakempel). ari dina data taun kamari mah, mustahik total 130 urang, eta ge 
kenging nyortir deui nu ti level paling handap. mamanawian baraya aya nu bade 
ngersakeun ngiringan, mangga dijapri wae kanggo detilna mah
salian ti eta, bilih oge aya nu bade mayeng unggal sasih, dina danget ieu 
yayasan oge ngelola SLB gratis kanggo keluarga nu kirang mampu, manawi bade 
nyokong kanggo operasionalna, mangga ulah asa2 langsung wae ngajapri kanggo 
detilna.
hapunten sateuacana, sim kuring sakadar nyambungkeun silaturahmi ti baraya 
sadaya. mugia amal ibadah urang sarerea tiasa dilipatgandakeun ku Allah swt.
hapunten oge ka baraya sanesna bilih kirang panuju sareng surelek ieu. 
hatur nuhun

wassalam.
Dikdik


      

Kirim email ke