Upami artikel Kerajaan Sunda keseluruhanana mah hasil kolaborasi ti sababaraha urang (nu disebat user) bah. Para user ieu gotong royong ngaeuyeuban ieu artikel. Saha wae anu ngeuyeubanana tiasa ditoong dina kaca riwayat revisi (versi terdahulu). Artikel (Kerajaan Sunda) ieu dikawitan ku saderek Zaini Suherly sasih Desember 2004. Abdi ngawitan aub dina ieu artikel (Kerajaan Sunda) ping 4 Pebruari 2008 ku cara nambihan artikel saderek Zaini. Saderek Kusyadi, saderek Kandar sareng nu sanesna oge sami-sami ngageulisan ieu artikel. Pon kitu deui artikel Bujangga Manik, sanaos dikawitan ku abdi (id: ciserayu + hadiyana), para user sanesna oge ngiring aub nyampurnakeun ieu artikel.
Upami keresa, abah ge tiasa nambihan informasi (dumasar rujukan) kanggo ngeuyeuban ieu artikel. --- On Mon, 8/30/10, Waluya <[email protected]> wrote: From: Waluya <[email protected]> Subject: Re: Bls: [kisunda] Re: Kisah Imam Ali bin Abi Thalib as dan Raden Kian Santang To: [email protected] Date: Monday, August 30, 2010, 11:29 AM > From: Aschev Schuraschev > Kaleresan abdi anu nyerat dina wikipedia "Menurut sumber sejarah primer > yang berasal dari abad ke-16, kerajaan ini > merupakan suatu kerajaan yang meliputi wilayah yang sekarang menjadi > Provinsi Banten, Jakarta, Provinsi Jawa Barat, > dan bagian barat Provinsi Jawa Tengah." Kutan Kang Asep nu nyusun eta dina Wiki teh ? Nuhun atuh. Naskah Bujangga Manik teh memang luar biasa, da umumna naskah-naskah kuno mah sok pabaliut, tara jentre, pacampur anatara legenda jeung realitas sedengkeun Bujangga Manik nulis siga "pelancong" di jaman ayeuna (DIna hiji artikel dina Koran Kompas kungsi disebutkeun kumaha Bujangga Manik reureuh di Puncak Bogor lir ibarat ayeuna urang nu sok nyawang pamandangan di Puncak). Naskah ieu oge sigana mere indikasi aya kabiasaan tulas-tulis di masyarakat Pajajaran jeung tulas-tulisna ngadeukeutan "realitas". Hanjakal we nu nyesa ngan naskah ieu, kitu oge pedah "kasalametkeun" kabawa ka Inggris ....... Baktos, WALUYA
