naha tina yahoo? apan jelas asalna ti kompas: http://nasional.kompas.com/read/2010/09/08/07461835/Terima.Kasih.Islam
2010/9/8 oman abdurahman <[email protected]> > > > Para wargi, > > Hiji tulisan dina yahoo tembong jujur ngahargaan, tumarima, jeung ngaku > kana fungsi agama, khususna Islam. Eta warta oge atra - lamun arek > dihubung-hubungkeun - ngarupakeun pangaku kana thesisna kang Prof Ahmad > Mansur Suryanagara dina bukuna, "Api Sajarah", anu nyodorkeun peran penting > umat Islam dina ngawangun NKRI ieu. Eta warta / seratan tiasa ditoong di > dieu: > http://id.news.yahoo.com/kmps/20100908/tpl-terima-kasih-islam-81d2141.html > > Wilujeng (mapag) boboran shiam 1 Syawal 1431 H, tina fitrah, balik deui > kana fitrah, hapunten samudaya kalepatan, mugia urang kenging barokah, > rahmah sareng magfirah dina sasih Ramadhan anu sakeudeung deui baris > ninggalkeun urang sadaya. Mugia ku kasilihna sasih shiam ku sasih sawal > jeung saterusna urang nyangking tujuan utama ngalakukeun shaum, nyaeta: > pikeun syukuran jeung ngagungkeun (ngageungkeun) ukur Alloh swt. Teu aya anu > ageung atawa teu aya anu leuwih penting iwal ti Alloh. > > Syukur hartina ngamanfaatkeun sakabeh nikmat ti Gusti pikeun ibadah ka > anjeun-Na. Buahna ibadah - ceuk hiji katerangan - nyoko kana tilu hal: 1) > Nyibukkeun diri ku aib atawa kakurangan sorangan tinimbang nyibukkeun diri > ku nguruskeun kakurangan atawa aeb anu lian. Kukituna, dirina jadi sibuk ku > memener pagawean sorangananna jeung nambahan pangabdiana ka Pangeranna. 2) > henteu ngarasa mibanda atawa ngabogaan da sadayana oge hakekatna mah > kagungan Alloh, sakitu rupa nepi ka enteng dina ngalakukeun zakat, infak, > jeung amal jariyah atawa mere maweh atawa tutulung ka nu lian; 3) henteu > milu ngatur kana urusan Gusti Alloh sakitu rupa nepi ka dirina tawekal dina > nandangan cocoba, musibah atawa kailangan sarta toleran alias bisa > ngahargaan ka anu lian. > > Ngagungkeun Pangeran, hartina: yen mumusuhan eta leutik, yen teu boga > pakaya eta leutik jadi henteu kudu korupsi, jeung sajabana pangabutuh anu > nepi ka ngorbankeun atawa nganggap teu aya panitenan ti Gusti eta sakabehna > satemenna leutik dibanding kaagungan Pangeran anu sakuduna dipikasieun. > Lamun sababaraha persen wae korupsi di Indonesia turun ti simet ayeuna ka > hareup, eta hartina puasa sacara sagemblengna masyarakat Indonesia geus > ngabuahkeun hasil. > > manar > > > >
