http://www.facebook.com/photo.php?pid=5070584&fbid=442816857375&id=649487375#!/photo.php?pid=5070618&fbid=442820197375&id=649487375

<http://www.facebook.com/photo.php?pid=5070584&fbid=442816857375&id=649487375#!/photo.php?pid=5070618&fbid=442820197375&id=649487375>[image:
63070_442820197375_649487375_5070618_8285755_n.jpg]

sangu beunyeur

beunyeur téh béas bubuk. di jaman baheula nu ngaranna beunyeur réa
dihasilkeun sabab ngarobah paré jadi béas masih maké prosés ditutu. ku
ditutu, tarik beubeut halu kana lisung teu bisa angger. pedah tanaga manual
téa, tanaga manusa mah pan teu bisa dikira-kira. kalan halon teuing tapi
leuwih remen deui bedas teuing. nu tungtungna paré nu sakudu ngabéas
ngalaleunjeur bubuk jadi beunyeur.

sedeng di jaman kiwari, ku ayana mesin giling modern--héleran cek urang
lembu kuring mah, nu jigana mah hasil salah déngé tina kecap basa
asing--ngabeunyeurna béas bisa leuwih dikurangan.

tah balik deui kana sangu beunyeur. najan sarua tina béas, sangu tina
beunyeur téksturna béda dibanding sangu tina béas biasa. rasa ngagerenyil
sangu beunyeur bakal leuwih rosa. séjénna deui, kuring can kungsi ngasaan
sangu beunyeur nu diolah sarua jeung sangu biasa. biasana mah sok bari
dibungbuan jeung direueuy ku kacang suuk dibalur ku parud kalapa ngora.
tangtu ku cara kitu sangu beunyeur leuwih karasa gurih tinimbang sangu béas
biasa.

-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke